HIRUP ANU AKUR

Ku élmu astronomi, géologi, jeung sababaraha pangaweruh hasil panalungtikan ngébréhkeun lamun umur alam dunya ieu: karék nepi ka (7) tujuh milyar tahun. Di sagigireun éta aya sababaraha kamandang anu mertélakeun umur alam dunya bisa jadi leuwih ti tujuh milyar taun, aya anu nyebut 180 milyar taun ka tukang, Alloh geus nyiptakeun ieu alam. Can aya anu pasti  ogé bisa mastikeun sabaraha umur alam dunya anu sabenerna.

Sababaraha saintis jeung cendikiawan anu soson-soson ngayakeun panalungtikan ti mimiti zaman Anaximenes nepi ka jaman Hawking méré béja kalawan data-data hasil panalungtikan, sok sanajan umur alam dunya can pasti sabaraha taunna ngan kabéh ogé aya mimitina. Garis badagna, ayana alam dunya ieu teu bisa leupas tina aya anu nyiptakeunna.  Disebutna "Causa Prima" ku Plato mah, anu jadi sabab utama. Ka dieunakeun ku kaum évolusionis, Causa Prima ieu disamarkeun jadi hal anu sifatna profane lain transcendent. Kaum évolusionis mertélakeun "Causa Prima" nu dimaksud ku Plato téh nyaeta, hiji hal (jasadiah) anu jadi cukang lantaran ayana alam dunya.

Ideologi kaum évolusionis ieu ngan saukur nepi kana wawacan jeung panalungtikan-panalungtikan anu can ajeg tur sampurna. Maranéhna ngan bisa nepi kana nalungtik naon hal anu katénjo ku panon lahir. Éta ogé ngan karék nepi kana hal-hal anu euweuh bandingna lamun rék dibandingkeun jeung legana alam dunya. Sabab, keur nangtukeun asal kahirupan kacida basajanna lamun saukur diukur ku hasil panalungtikan fosil atawa hal-hal anu karék nepi kana sangkaan jeung dugaan, contona ngeunaan évolusi –robahna bentuk manusa – tinahomo erectus jadihomo sapiens. Antukna, téori-téori évolusi ieu teu béda jauh jeung pamikiran anu diserang ku maranéhna sorangan, ideologi-Téologi.

Élmu sajarah ogé moal bisa nalungtik kalawan sampurna sakumaha jeung iraha mimiti alam dunya ieu aya. Sajarah saukur mangrupa "origami" anu dijieun ku jalma, ngaliwatan sababaraha prosés panalungtikan jeung pamikiran anu sifatna teu jauh jeung kertas, gampang katiup angin tapi gampang ogé dibentuk jadi naon baé saperti dina seni origami.

Aya duka kutub anu katingalina ngamandangkeun hiji hal anu patukang-tonggong. Anu kahiji, méré wawacan kukayakinan jeung idéologi anu saolah teu bisa diganggu, ditafsirkeun ku akal anu kudu saluyu jeung naon anu dipercaya, ngawangun jadi hiji institusi dogma, lamun dirempak ku jalma, éta jalma geus digejebur kana hal anu disebut bid'ah. Méméh aya sababaraha conquista (néangan kamulyaan hirup ka tempat-tempat séjén), téori Ptemoleous jadi panglima kahirupan. Puseur "tata surya" malah ku kalangan Garéja mah ditambahan, puseur alam dunya téh nyaéta bumi. Euweuh hiji téori ogé anu wani nyawad kana téori Géoséntris anu dikamandangkeun Ptelomeous.

Bralna ieu téori teu bisa leupas tina skétsa kahirupan anu dipindahkeun kana bentuk origami basajan. Bumi jadi puseur kahirupan sabab kahirupan anu sabenerna mémang ayana di bumi. Mitologi-mitologi kuno anu nyebutkeun lamun kahirupan téh dimimitian ku turunna dewa-dewi ti kahyangan dijejeléh bébéakan ku para saintis kuno. Kahirupan di mimitian di ieu bumi. Pakakas-pakakas anu ngadukung kana panalungtikan saperti téléskop can aya, jalma nénjo lamun hal-hal anu aya di langit ngan saukur lebu laleutik anu euweuh bandinganna jeung naon anu aya di bumi. Planet jeung bintang anu dijadikeun sesembahan ku masarakat pagan kuno, teu bisa ditolak ku sasaha ogé, muter ngurilingan bumi. Institusi garéja teu boga dalil dina Kitab suci lamun kamandang ieu salah, antukna téori Géoséntris jadi panglima kahirupan.

Akibat langsung tina téori géoséntris ieu, institusi agama dijadikeun institusi anu jadi wawakil Alloh di bumi, teu boga cela, hiji institusi Maha Sampurna anu aya di bumi keur jadiwashilah/cukang lantaran nganteurkeun pamaksudan jalma ka Alloh. Saha baé ogé teu boga hak langsung ngaaksés ka zat anu Maha Suci lamun henteu ngaliwatan heula institusi agama. Panggung sajarah manusa antukna teu bisa leupas tina; patung, jubah, jeung upacara – ritual kaagamaan anu dijieun-jieun.

Kajadian ieu lumangsung lain nalika Abad Kegelapan (Dark Ages) wungkul, jauh saméméhna kahirupan jalma pernah ngalaman. Nalika institusi agama ngamandangkeun hiji hal; jalma teu bisa ngaaksés langsung ka Alloh, jalma anu boga pamaksudan politis ngajadikeun kaayaan samodél kitu jadi cara. Sanggeus jaman Abraham (Ibrahim), bijil hiji kajadieun gedé, jalma-jalma loba anu ngaku jaradi Nabi, meunang Nubuwwat jeung tanda-tanda kanabian. Di Israél, dina hiji wewengkon atawa hiji séké sélér bisa nepi kana 250 urang anu ngaku jaradi nabi. Paramétér kanabian harita kacida basajanna: "Jalma anu hirupna ripuh, dibaju kucel jeung dekil," bisa langsung disebut Nabi ogé rosul.

Tug nepi ka akal jalma manggih pamikiran séjén, hiji pamikiran anu patukang-tonggong jeung téori Géoséntris. Copernicus ngamandangkeun, puseur   "tata surya" lain bumi, tapi panon poé. Dogma géoséntris teu narima, nalika aya pamikiran anu dianggapna bakal jadi saingan geus pasti bakal nimbulkeun konflik, papaséaan. Sabab ceuk téori konflik: ayana hiji hal anu saimbang geus moal jauh bakal nimbulkeun hiji konflik. Keur niiskeunna lain ku cai anu tiis, institusi agama maténi jeung ngahukuman sing saha baé anu boga pamikiran patojainyah jeung institusi agama. Téwak, cerek, beuleum.

Galileo jeung Bruno dibeuleum dianggap ngaracunan jalma-jalma ku ajaran ti sétan. Padahal lamun ditalungtik, idéologi-téologi puritan ngébréhkeun pamujaan ka panon poé anu diwariskeun ti jaman digjayana mitologi-mitologi kuno. Jubah-jubah anu dipaké ku kaum agamawan mangrupa proyéksi jubah Siwa, Amun Ra, atawa Sanghyang Manon. Poé sacral ogé mangrupa proyéksi dibralkeunna déwa Panon poé, nepi ka poé anu dianggap suci ku institusi agama lolobana mangrupa proyéksi pamujaan ka déwa panon poé. Tapi naha, nalika aya kamandang Hélioséntris dicerek nepi ka akarna? Ieu teu leupas tina pamaksudan politis.

Sanggeus réngsé abad pertengahan minangka jaman poékna pangaweruh, aufklarung bral ka alam dunya. Akal dijadikeun pangéran anyar. Institusi kahirupan kabagi kana dua, dogma jeung pangaweruh. Ngandung unsur politis tangtungna, sabab éta dua lembaga teu jauh béda jeung partéy politik anu ngungudag jumlah pamilon. Anu antukna, tug nepi ka danget ieu, dua institusi siga rapih padahal masih nyésakeun perang idéologi anu can réngsé.

Ziauddin Sardar, salah saurang saintis ngamandangkeun hiji hal; antara ajaran jeung pangaweruh teu bisa disapih atawa dipisahkeun. Ieu mangrupa kamandang konvérgénsi keur ngajak sangkan hirup dipinuhan ku sikep akur. Élmu teu bisa ajeg kitu baé, tapi kudu ngahasilkeun jalma anu alus jeung bener, boga émosi anu hade. Agama ogé teu bisa ditampa kitu baé, tapi kudu bener-bener ditalungtik kalawan ngagunakeun multi disiplin élmu. Ajaran jeung Pangaweruh kudu pararél, silih sampurnakeun.

Ku cara kitu, panalungtikan-panalungtikan ngeunaan éksisténsi alam teu bisa dilakonan ku kamandang anu beurat sabeulah. Ilmuwan teu bisa nuduh kitu baé lamun kaum agamawan dina ngaguar ayana alam dunya ngan saukur nénjo jeung maca kana naon anu aya dina kitab suci. Agamawan ogé teu disahkeun nyela kana hasil panalungtikan ilmuwan. Anu kudu dipiceun dina diri urang ngan dua hal; sikep puritan jeung sékuler anu salila ieu jadi cukang lantaran paraséana jalma-jalma anu aya di dua kutub. Maténi jalma anu teu sapamadegan jeung kayakinan geus tangtu teu dibenerkeun ku Alloh, komo maténi jalma ku pangaweruh samodél dipuragkeunna bom atom di Nagasaki jeung Hirosima dina taun 1945. [ ]

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA
Dikirim Melalui Blackberry

Posting Komentar untuk "HIRUP ANU AKUR"