ULIN KA CIKUNDUL

Gambar: Kaayaan di Cikundul Pasosoré.

Sajeroning ngajar ka barudak, kuring sok ngaguar hiji luang jeung pangalaman. Nalika keur leutik, kuring mindeng ulin ka Cikundul. Ah henteu mindeng teuing kawas ayeuna jigana, ulin téh lamun keur hayang wé.

Jeung barudak kitu ogé. Da ari ulin sorangan keur leutik mah baroraah wani. Ngulampreng sorangan ka lembur Pangkalan anu pernahna kiduleun lembur asa sarieun, jalan can diaspal, katambah henteu ku kolot henteu ku anu jadi aki jeung nini sok dicaram jeung disingsieunan: kadé aya culik, cenah.

Ulin ka Cikundul geus pasti poé Minggu, bubuhan sakola keur peré. Indit isuk-isuk, ngaliwat ka Pangkalan, Dulang Nangkub, Pasir Pogor, jeung Cicadas. Lalempang, da jalan ogé harita masih dibalay ku batu, can diaspal siga ayeuna. " Henteu karasa capéna sabab aya nu disorang." Kitu ceuk lagu mah. Barudak ayeuna mah jigana engké heula anan kudu daék leumpang ti Balandongan ka Cikundul. Sanajan aya anu disorang ogé, heueuh mawar bodas. Keur barudak jaman kiwari mah bener moal karasa capéna sabab maranéhna tumpak motor.

Anu disorang ku kuring jeung barudak lain nanaon, tapi pamandian cipanas. Sisi pisan Cimandiri. Baheula mah, méméh dikokolakeun ku Dinas Budaya jeung Pariwisata, cipanas téh teu dikarcis kajaba lamun mandina di tempat anu dikamaran. Kamarna ogé masih kénéh ku bilik harita mah.

Ari keur barudak mah, baroraah kudu mayar karcis keur mandi cipanas di kamar khusus, duit keur jajan ogé samahi-mahina, nya leuwih hadé milih mandi di sisi Cimandiri da rembes ku cipanas beulah dinya gé.
Ngaranna gé budak, umur genep taun, mandi sitaranjang ogé henteu éra. Barudak aya anu naragog jeung diuk di luhureun batu. Aya ogé anu carindekem dina cipanas ngadon ngeueumkeun awak bari sing carengir nahan panas.

Tara wani meuntas ka tengah Cimandiri, sok sanajan loba batu keur tincakeun ogé. Inget kana omongan kolot: kadé lamun mandi di Cimandiri bisi aya caah déngdéng atawa bisi nincak jurig lulung samak. Tegesna mah kolot mapatahan, kadé tong mincrak atawa jalingkak teuing bisi cilaka ku polah sorangan.
Henteu kabéh budak sok ngawaro kanu jadi kolot. Aya éta ogé sababaraha budak anu rada wanian - teuing hayang kaaksi ku batur - wani meuntasan Cimandiri. Ajleng-ajlengan tina hiji batu kana batu anu séjén. Lamun geus di tengah wahangan sok ngadon ngagaya hela, méré pesen ti dituna mah : hayo tuturkeun déwék!. Palias teuing kudu meuntas wahangan, nyiar picilakaeun.

Ayeuna, Pamandian Cipanas geus dikokolakeun ku pamaréntah. Dibebenah, gawir dipager da bisi aya budak anu labuh. Dipapantes, dijieun ogé Kolam Renang, pamandian diklasifikasikeun aya anu keur umum ditempatkeunna dina kulah anu rada gedé. Aya ogé pamandian khusus, di kamar-kamarkeun. Geus pasti, aya harga anu kudu dikaluarkeun keur mandi di Cipanas ayeuna mah. Henteu kolot atawa budak, henteu urang Cikundul pituin atawa urang jauh kudu meuli hela karcis lamun arék guyang téh. Teu bisa deui guyang di Cimandiri kawas baheula.

Unggal poé Minggu mah ramé ku anu ngadon mandi jeung pelesiran ka éta tempat. Tukang dagang maruka kios. Raména lain beurang wungkul, bisa nepi ka peuting. [ ]

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Posting Komentar untuk "ULIN KA CIKUNDUL"