Ménak Anyar (Hanca Ka-Lima Welas)

“ Teu ngeunah déwék disebut ménak palsu ku Si Papat!” Gerentes Radén Kanta. Paduduan ngebul teu puguh, teu mirasa, haseup diseuseup tuluy diburakeun deui, katebak ku angin. Diuk ngabaheuhay, nyirikeun lamun manéhna bener-bener saurang ménak, bapa-aki-uyut nepi ka karuhunna kabéh ogé turunan ménak. “ Gélo, nyebut ménak palsu ka déwék di hareupeun balaréa deui!”

Jung nangtung.

“ Ema, abah arék ka sawah heula!” Ngagorowok ka pamajikan. Anu jadi pamajikan anteng di dapur keur cuh cih usukan-asakan. Keur nganteuran panyawah anu keur ngabaladah sawah.

Wewengkon Cibodas kasohor mangrupa ‘lumbung paré’. Pasawahan masih upluk-aplak, sabébécék aya anu legana nepi ka puluhan jeung ratusan méter pasagi. Lain kusabab lega wungkul, pasawahan di éta wewengkon can kungi ngalaman garing kusabab euweuh cai. Geus puguh susukan ogé masih cur-cor ku cai anu ngagenyas. Para panyawah jeung patani biasa marandi di susukan nalika wanci geus nuduhkeun pecat sawed, méméh barakécrakan dahar di saung tengah pasawahan.

Ceuk obrolan ti sawaréh urang lembur, kabeungharan jeung kasugih Radén Kanta lain kusabab kakeyeng jeung tarékah dirinya, tapi éstuning warisan ti anu jadi kolotna pituin. Kari diuk dina korsi hipu baé manéhna mah. Nalika maot, anu jadi kolot geus nyiapkeun sagala rupana ti mimiti imah panggung anu tohaga nepi ka sawah anu lega. Ieu ogé ceuk béja kénéh, kabeungharan jinat kolotna kusabab dina mangsa gurka kungsi nyorobot taneuh batur, taneuh rahayat anu ninggalkeun éta lembur kusabab meunang pangancam ti Jepang. Jinat kolot Radén Kanta deukeut jeung Jepang. Nya ari kana carita anu sabenerna mah ngan Gusti Alloh anu uninga..

Radén Kanta kudu meuntas wahangan gedé. Urang lembur Cibodas kalolobaanna can boga jamban di jero imah, nyeseuh jeung gégéroh biasa dilakonan di sisi wahangan. Taun kamari mah, sisi wahangan ngahaja ditémbok ku pihak désa, sangkan masarakat bisa laluasa dina nyeuseuh jeung gégéroh. Wahangan jeung pilemburan kasapih ku kebon anu dipinuhan ku tangkal jarangkung.

Néng Papat katénjo ngarénjag nalika léngkahna dipegat ku hiji ucapan anu nyebut dirina.

“ Pejuh culangung sia mah Papat!” Radén Kanta jebi. “ Kunaon sia kamari kumawani sababaraha kali nyebut ménak palsu ka déwék. Aing ogé apal sia téh pura-pura kasurupan!”

Néng Papat ngadon cicing. Tungkul, apal kana tabéat Radén Kanta, jalma adigung ku kaménakan dirina. Suntuk-sentak jeung sungar sengor mah lain hal anéh, da biasa dilakukeun ka sasaha ogé.

“ Sanés abdi, da anu nyebat kitu.”

“ Tong sok ngabohong!” Pokna bari mencrong kana bitis Néng Papat anu kokolébatan bodas semu konéng. Radén Kanta ngusap gado sabari unggut-unggutan. “ Manéh kudu mayar kawirang déwék!”

Plakk!!! Pipi Néng Papat ditampiling, teu disangka tianggalna. Manéhna ngambeukan panjang.

“ Kunaon ari manéh, Kanta?!” Pok Néng Papat ngajérété.

“ Gandéng sia, awéwé nurustunjung anu teu laku ka lalaki!” Pok Radén Kanta sabari nyekel pageuh pigeulang leungeun Néng Papat, digusur asup ka kebon anu pinuh ku tangkal jeung rungkun.

****

Jang Iman ngahaja nyusul Néng Papat ka wahangan. Ku Ambu Uju dititah néang anakna.

“Kunaon, Néng?” Tanya Jang Iman hariweusweus, bungah campur éra nalika papanggih jeung Néng Papat di jalan. “ Éta mapah mani gura-giru kitu.”

Néng Papat teu ngarérét-rérét acan komo ngajawab pananya ti Jang Iman. Hal ieu jadi lantaran Jang Iman kerung. Tuluy gagancangan ngudag Néng Papat.

“ Jelema sasar jeung geus lain antepkeuneun!” Gerendeng Ambu Uju, nalika anu jadi anak nyaritakeun naon anu dilakukeun ku Radén Kanta ka budakna. “ Caricing didieu, rék disusul ku kuring Si Kanta téh!” Ambu Uju ngalieuk deui nalika geus aya dina lawang panto. “ Untung manéh bisa tatajong, Papat!”

Dina pipi Néng Papat kaciri kénéh ngageleng beureum tapak panampiling ti Radén Kanta. Jang Iman teu bisa kukumaha, sanajan haté mah hayang ngusapan pipi Néng Papat, teu wani sieun disebut jalma culudur.

***

“ Ari gableg budak warah sing enya!” Radén Kanta ngomong kasar sabari tutunjuk ka Ambu Uju.

“ Kalakuan manéh geus leuwih ti sato. Kumawani nampiling malah rék ngagadabah anak aing. Ieu kajadian lain aib keur diri kuring jeung Si Papat, tapi nandakeun lamun manéh mangrupa mangkeluk satengah buta satengahna deui jurig!”

“ Terus manéh arék kumaha, Uju?” Pamadegan Radén Kanta angger teu gedag kaanginan, ludeung campur angkuh.

“ Ku kuring rék dibéjakeun ka pamajikan sia jeung ka Mualim Oleh!”

“ Jug sia. Henteu sieun jeung moal éra déwék mah.”

Ambu Uju ngojéngkang, leumpang gagancangan ninggalkeun Radén Kanta anu ngajega dina galengan bari melak cangkéng. Dina sungut kaluar haseup padudan teu eureun-eureun.

***

Anu keur meujeuhna ramé dicaturkeun ku urang lembur nyaéta goréng-patutna kalakuan Radén Kanta. Jalma anu ngaku dirina turunan ménak tapi teu miboga sikep rengkuh. Anu aya kalah némbongkeun kaangkuhan diri. Masarakat lain mikaceuceub ka dirina tapi kana kalakuanna anu geus ngarempak tetekon anu sakuduna. Komo nalika Ambu Uju geus ngomongkeun ka masarakat naon anu kaalaman ku anakna kusabab ditampiling jeung arék digadabah ku Radén Kanta.

Isuk kénéh, panon poé ogé karék meleték, Pamajikan Radén Kanta kaluar ti imah. Dina leungeun mawa jingjingan.

“ Jig, geura balik ka kolot manéh!” Sora ti jero imah.

Pamajikan teu nolih deui. Langsung ngingkig. Sapeupeuting ceurik ngadéngé kalakukan anu jadi salaki. Sok sanajan dina dirina nerap atikan awéwé ngan saukur dulang tinandé, tapi manéhna bisa ngarasakeun kumaha raheut haté awéwé nalika ngalaman hiji hal anu teu pantes dilakukeun ka diri awéwé ti anu jadi lalaki.

Masarakat beuki ramé. Anu éra ku ayana ieu kajadian lain sasaha, tapi anak pituin Radén Kanta sorangan, Néng Sekar. Sekar, éra ku Jang Aim, anu salila ieu disebut budak anu ngan saukur bisa ngaku-ngaku turunan ménak. Sekar rumasa, aya tabéat anu jauh antara bapa pituin jeung bapa Jang Aim, Kang Acip.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ménak Anyar (Hanca Ka-Lima Welas)"