Saméméh Puasa: Munggahan jeung Ékonomi Masyarakat




Salah sahiji tradisi saméméh puasa anu geus sumebar di Tatar Sunda nyaéta munggahan. Biasana lumangsung sababaraha poé méméh asup bulan puasa. Tara hésé dina nangtukeun waktu, antukna ku masyarakat di urang ditetepkeun waé, prakna munggahan téh tilu poé tungtung bulan Rewah.

Munggah diserep tina kecap unggah, hartina naék posisi ka tempat anu leuwih luhur. Matak sok aya babasaan keur nyebutkeun rukun Islam anu kalima ku istilah “munggah haji lamun kawasa di jalanna”, naék haji lamun geus mampuh boh waragadna atawa méntal spiritual-na. Kadieunakeunna mah, di jaman internét, kecap unggah digunakeun keur méré harti kana kecap upload.

Kalawan kontékstual, tradisi munggahan bisa dihartikeun kabiasaan masyarakat Islam di Tatar Sunda nu boga patékadan, tatahar diri sabab arék nyanghareupan bulan puasa. Tangtu baé, salaku masyarakat Islam, urang diperedih kudu bisa ngaronjatkeun atawa ningkatkeun sagala perkara nalika nedunan ibadah dina bulan puasa.

Rupaning hal dilakonan salila munggahan, silih hampura jeung papada, jarah ka makam, kuramas, jeung naon baé anu dianggap bisa meresihan diri saméméh puasa. Ceuk ajengan di lembur ogé, “méméh puasa, lamun manéh masih kénéh boga pangbeubeurat ka sasama, wayahna kudu dilubarkeun heula.” Nya éta mah bisa ditafsirkeun rupa-rupa, pangbeubeurat lahir jeung batin ogé bisa.

Diténjo ku kacamata ékonomi, tradisi munggahan ogé bisa ngaronjatkeun “perékonomian masyarakat”. Warung-warung di lembur sok ngadadak dipinuhan ku anu baralanja. Di sisi jalan mahabu ku anu daragang ti mimiti dagang hayam nepi ka anu ngahaja dagang daging sapi.

Malah pamaréntah mah sok ngahaja nyalagarakeun bazar sembako murah. Iwal ti éta, warung-warung anyar diadegkeun ku masyarakat, sok komo nalika geus bener-bener asup kana bulan puasa, rupaning kadaharan keur ngabatalan dijual ngajajar sisi jalan.

Ku nénjo kitu mah, tradisi munggahan kacida loyog jeung cita-cita sarta tarékah pamaréntah dina ngaronjatkeun ékonomi umat. Sok inget kana kekecapan ti Pa Wakil Wali Kota Sukabumi, H. Andri Setiawan Hamami, nalika ékonomi masyarakat maju, bakal nyangreud jeung ngarojong pangawangunan séjénna. Sebut baé, ékonomi mangrupa soko guru atawa tatapakan ngadegna hiji masyarakat, kadituna mah hiji bangsa.

Dina widang sosial séjénna, tradisi munggahan dijadikeun waktu keur ngabersihan diri jeung naon hal anu aya di sabudeureun masyarakat. Kulah masigit dibedahkeun, buruan imah anu barala dibersihkeun tina kokotor, disampurnakeun ku dibersihkeunna awak tina rupaning kokotor diri kucara kuramas. Anu jadi aki jeung nini mah sok ngingetan incu-incuna: “Kuramas heula méméh puasa téh, kudu bersih heula diri maranéh!”

Anu jelas, salila tilu poé méméh puasa masyarakat lembur pating garebrus kuramas di jamban jeung MCK umum. Barudak badeur mah sok ngahaja garupak heula dina leutak, awak dibalur ku leutak sawah anu ledok, sitaranjang sabari babarakatan heureuy jeung batur-baturna, tuluy pating garebrus mandi di susukan. Tara dicarékan ku indung bapana, da alesanna puguh, kuramas méméh puasa.

Tradisi munggahan mangrupa wujud ékpresi kabungah masyarakat dina nyanghareupan bulan puasa. Ku pikiran jeung prakték kahirupan anu basajan ogé masyarakat di urang geus bisa nafsirkeun naon anu dipimaksud ku salah sahiji hadits nabi: “Sing saha baé anu gumbira, béar marahmay, jeung némbongkeun rasa bungah nalika asup bulan Romadon, jasadna moal antel jeung seuneu naraka.”

Akulturasi antara ajaran Islam jeung tradisi lokal ieu geus ngawujud jadi hiji wangunan anu panceg jeung tuluy dilakonan ku masyarakat ti generasi ka generasi.

Kira-kira dina wanci tunggang gunung, sapoé méméh puasa, kaayaan lembur geus sareungit ku rupaning asakan; ti mimiti gulé, opor hayam, nepi ka semur daging sapi keur dahareun dina waktu sahur. Barudak geus nyaretil, maraké baju anu mantes, didadamping, dikopéah, dina saku metet ku pepetasan, tatahar diri seja nedunan solat tarawéh kahiji di awal bulan puasa.

Ti kajauhan – hawar-hawar- kadéngé modin keur nembangkeun pupujian di masigit, silih témbalan jeung pating jelegurna sora pepetasan, mapaésan alam anu dipinuhan ku kabungah. Ngan keukeuh baé, dina diri pagalo rasa, antara kabungah jeung kasedih. Teu karasa, cipanon nyakclakan, inget kana kotorna diri anu arék nyanghareupan bulan suci.

Posting Komentar untuk "Saméméh Puasa: Munggahan jeung Ékonomi Masyarakat"