Sakola, Yu..


Dua minggu ka tukang, salah saurang tatangga rawah-riwih sedih sabari sasadu. Haté mah geus teg baé, geus pasti budakna teu katarima asup sakola. Lain dukun anu bisa ngimpleng kuring téh, duméh wé éta tatangga mawa sacewir kertas. Katénjo ku salérét ogé, éta téh bukti pendaftaran PPDB.

Teu kudu dititah, tatangga surti, derektek nyaritakeun masalahna. Bener baé, budakna teu asup seleksi PPDB Jalur Zonasi. Kaharti ogé ku kuring, anu jadi kolot teu bisa nahan kasedih, da nyaah kanu jadi budak. Budakna ogé ceunah mah ceurik jeung ngahuleng baé sabari kokojotan keukeuh hayang nuluykeun diajar ka sakola pilihanna.

Geus henteu kudu dicaturkeun, jalma-jalma anu aya di laluhur mah moal nyaho jeung apal, sok komo jajauhaneun kudu mikiran jeung ngupahan barudak anu imahna jauh ka sakola negeri bari teu katarima mah, cacakan ngaluarkeun regulasi PPDB ogé sok nyésakeun baé pasualan unggal taun.

Kuring ngan saukur bisa ngahelas, sok sanajan teu dikedalkeun, ngagerentes dina hate: Bener, barudak lulusan SMP jeung MTs anu domisilina di Cikundul jeung lembur-lembur sabudeureunna, nepi ka “cacing buluan” ogé geus pasti moal bisa katarima sakola ku ngagunakeun Jalur Zonasi. Han ieu dumasar kana sababaraha alesan:

Kahiji, aturan jalur Zonasi geus pasti moal bisa ngaakomodir kahayang sakabéh pamilon atikan nuluykeun sakola ka sakola pilihanna. Hartina, jalma mémang loba anu can ngarti yén henteu sakabéh kahayang bisa jeung kudu kacumponan baé. Kari-kari diwatesan ku aturan PPDB anu nguntungkeun pamilon atikan nu imahna dareukeut ka sakola tujuan. Sebut baé nasib ngaranna ogé, bisa alus bisa goréng.

Ngan teu cukup ku alesan nasib wungkul. Asup sakola mangrupa hal ilmiah jeung saintifik, bisa kaukur ku angka. Hartina, saméméh régulasi PPDB dikaluarkeun geus sakuduna ngaliwatan heula panalungtikan ilmiah, anu kaukur, jeung bisa dipertanggungjawabkeun kalawan logis. Hal-hal anu sifatna ilmiah teu cukup dipipidingan ku rasa, nyaah, pilih kasih, alus nasib, goréng milik, jjrd.

Da buktina, pihak sakola moal bisa ngajawab kalawan ilmiah pananya samodél kieu: Budak tatangga anu dumuk di Cikundul miboga jarak 4 kilometer heunteu bisa katarima di sakola tujuan, sedengkeun di sagigireun éta, aya pamilon atikan di lembur séjén, jarak ka sakola 7 kilometer, lulusan SMP anu sarua, daftar ogé sarua jeung budak Cikundul ku jalur Zonasi, tapi bisa katarima di sakola anu dipikahayang? Jigana, nepi ka akhir jaman ogé, professor ahli matematika jeung statistik moal bisa ngajawab ieu pasualan kalawan ilmiah. Moal aya caritana angka 7 leuwih leutik ti angka 4.

Kadua, dumasar kana data jumlah sakola SMP jeung MTs di Kota Sukabumi dina taun 2022 ngaluluskeun kana sakurang-kurangna 5.500 pamilon atikan, ku jumlah lulusan anu pohara ieu, urang kudu sadar pamohalan sakabéh pamilon atikan bisa katarima ku SMA jeung SMK negeri anu nyadiakeun kuota –dumasar kana situs web PPDB Jawa Barat:

SMAN 1: 360 kuota, SMAN 2: 384 kuota, SMAN 3: 360 kuota, SMAN 4: 256 kuota, SMAN 5: 340 kuota, SMKN 1: 669 kuota, SMKN 2: 390 kuota, SMKN 3: 384 kuota, SMKN 4: 354 kuota. Jadi, jumlah kuota anu disayagikeun ku SMA jeung SMK negeri nyaéta: 3497 . Lamun ditambah ku MAN 1 jeung 2, umpamana nangtukeun kuota 360 sa-sakola, jumlah sakabéh sakola bisa narima 4217 siswa. Ku itungan kasar aya kana sakurang-kurangna 1.283 pamilon atikan anu teu katarima di sakola negeri.

Data hasil seleksi PPDB taun 2022 jalur zonasi jeung prestasi rapor ngébréhkeun jumlah pamilon atikan anu daftar ka SMA negeri aya kana 1.385 urang, anu daftar ka SMK negeri aya kana 1.175 urang, jadi jumlah pamilon anu milu ngadaftarkeun diri dina tahap kadua aya kana 2560 urang.

Hasil seleksi PPDB nuduhkeun jumlah pamilon atikan anu katarima dina tahap kadua aya kana 1.398 urang. Jadi henteu jauh jeung éstimasi itungan awal, aya kana 1.162 urang anu teu katarima ku sakola negeri, itungan ieu sarua jeung 32 kelas-eun. Hartina, ku ayana PPDB geus tangtu sakola-sakola swasta ngan narima pamilon atikan anu jumlahna kawilang leutik. Teu anéh salila 5 nepi ka 10 taun ieu, jumlah pamilon atikan di sakola-sakola swasta beuki ngurangan.

Katilu, pasualan psikologis pamilon atikan milénial ngébréhkeun sikep keukeuh kudu asup ka sakola anu geus dipilihna. Ku kituna, geus jadi rusiah umum, sakola biasana muka lawang atawa slot anyar keur ngokojokeun kahayang pamilon atikan ku cara: nambah kelas atawa kuota.

Ku itungan kasar ogé geus kailo saupama sababaraha sakola negeri nambah kelas bakal nambah deui jumlah pamilon atikan anu kudu katarima di sakola negeri kana 648 pamilon atikan. Antukna sakola-sakola swasta anu aya di Kota Sukabumi ngan narima 514 urang. Mémang henteu sagemblengna kitu, sakola-sakola swasta tangtu baé narima siswa anu teu ilubiung ngadaftarkeun diri kana sistem PPDB. Ngan tangtu baé jumlahna kawilang leutik.

Data-data di luhur ngébréhkeun tilu hal: kahiji, sakola-sakola negeri dina PPDB tahap kahiji geus narima sakurang-kurangna 1.500 pamilon atikan anu pinunjul dina widang akademik (prestasi rapor), prestasi umum (widang seni, olahraga, tahfidz, jrrd). Dina PPDB tahap ka dua, sakola-sakola negeri geus narima sakurang-kurangna 1.300 pamilon atikan anu miboga aksés paling deukeut ka sakola jeung aksés kana sumber daya manusa.

Kadua, sakola-sakola swasta miboga pancén beurat dina ngokolakeun pamilon atikan anu kurang miboga aksés kana sumber daya manusa, préstasi rapor kasebut kurang, ditambah ku kakurangan pamilon atikan anu pinunjul dina préstasi umum.

Katilu, ku ayana kurikulum merdéka, geus cunduk waktuna sakola-sakola negeri anu dipinuhan ku tenaga pendidik jeung pamilon atikan ngawangun komunikasi jeung sakola-sakola swasta, utamana ngarojong widang-widang penting anu can kahontal ku sakola-sakola swasta, umpamana: manajemén sakola, silaturahmi antara sakola negeri jeung swasta.

Mémang bener, sakola mah di mana baé ogé sarua, salila dimimitian ku niat anu hadé jeung sistem anu ngébréhkeun asas adil, professional, jeung transparan.

Cag..

Posting Komentar untuk "Sakola, Yu.."