ULIN KA KOTA

Keur leutik mah, di ajak ulin ka Kota ku anu jadi kolot téh asa piknik ka Ibu Kota. Éta meureun, duméh hirup di lembur mah ulukutek gupak dina leutak unggal soré. Isuk-isuk lain ngadéngé sora mesin mobil tapi kongkorongokna hayam jeung ricitna piit di sawah. Katambah anu ngaranna lembur Balandongan téh bisa disebut kénéh kampung anu bener-bener kampung. Atuh nepi ka taun 1998 jalan ogé karék diaspal.

Nya, keur leutik mah henteu ludeung ulin ka kota sosorangan ari henteu diajak ku anu jadi kolot mah. Mimiti nincak Kota, harita mah Sukabumi masih kénéh Kota Madya, dina taun 1985. Heueuh, dasar kuring mah urang lembur téh lain omongkeuneun, ngadon hélok wé ku kaayaan di kota anu kacida pisan ramé. Anu pangdipikahélokna nyaéta lampu nion (Néon), ras inget kana peuyeum. Ceuk anu jadi kolot, " éta téh nion namina sanés peuyeum hurung."

Nincak umur salapan taun, meujeuhna dedegler geus wani ulin jeung babaturan ka kota. Sok susulumputan bakuna mah da sieun kanyahoan ku kolot. Lamun ditanya ogé rék dipikahayang atawa henteu pasti ngabohong, tos ameng di réréncangan. Babaturan saentragan ogé sarua, ngabarohong ka kolot-kolotna, kabéh sapuk, kudu silih tutupan, ulah nepi ka ulin ka kota poé éta kanyahoan ku anu jadi kolot. Lamun bocor, komo aya anu ngabocorkeun : awasss!!! Ceuk salah saurang babaturan.

Ongkos ka Kota ngan Rp. 25,-, disebut ji gwe (jigow) ku barudak mah, nurutan Si engko meureun. Terminal angkutan umum No. 20 jeung 03 téh dina taun 1989 mah lain di hareupeun Ramayana siga ayeuna, tapi di hareupeun ST 1 jeung STM AMS, ayeuna mah sok disebut Jl. Odeon. Turun dina angkutan umum sok langsung muru ka hareupeun kelenténg, nénjoan lilin anu baradag, kaangseu seungit hio. Geus bérés ti dinya taya lian langsung muru tempat kaulinan, saperti King jeung Capitol.

Rupa-rupa kaulinan barudak aya di éta dua tempat. Anu dipikaresep ku barudak harita geus pasti "dingdong". Ah, bubuhan urang lembur, ka Capitol ogé lain arék dingdong atawa tumpak itu-ieu, ngan saukur ngalalajoanan anu maén dingdong wé. Geus baroseun nénjo anu maén dingdong, barudak sok arulin dina éskalator. Anéh ogé, aya tarajé bisa maju sorangan. Naék ti handap nepi ka luhur, turun deui, naék deui. Tara waka eureun lamun can capé atawa dicaram ku Satpam mah.

Balik ti Kota biasana wanci lingsir ngulon. Lamun pareng halodo, duit béak, balik téh sok laleumpang baé. Ngabring mapay Jl. Pelabuan II. Sing kétéplék maraké sendal jepit. Boa batur anu ningalikeun mah dina haténa ngomong: " Duh dasar urang kampung bau lisung!". Nya henteu nanaon meureun, sakali-kali mah urang kampung ngasaan jalan aspal di kota? Asa teu manggih kacapé sanajan kudu leumpang anu jauhna kurang leuwih 5 Km ti kota ka lembur.

Bulan biasa geus tangtu béda jeung bulan puasa. Dina bulan puasa mah mindeng pisan ulin ka kota téh. Basana mah ngabeubeurang jeung ngabuburit, tempat kaulinan anu dituju taya lian 'Lapang Merdeka'. Sisi lapang pinuh ku anu daragang, ti mimiti anu dagang pepetasan nepi ka anu dagang anak lélé . Malah, anu dagang lauk sapu ogé aya, ngahaja sok dibeuli, da kabita ku babaturan anu mareuli lauk sapu. Nepi ka imah, éta lauk sapu langsung dikana kélerkeun anu geus dicaian.

Di Lapang Merdeka ogé aya anu nyéwa-nyéwakeun komik. Pada apal meureun, can aya komik-komik modérn kaluaran Elex Media Computindo harita mah. Nu diséwa téh komik Si Petruk karya Tatang S. Sabundel aya kana lima komik, harga séwana Rp. 250,-. Sok udunan wé jeung barudak, dibaca sakali séwang. Lamun henteu bisa nyéwa sok ngadon ngintip kana komik anu keur dibacaan ku batur. Geus boseun ulin, bral barudak baralik bari mawa anak lélé dumbo jeung lauk sapu anu diwadahan kana plastik.

Kota Sukabumi ogé can pati ramé kawas ayeuna. Ngan ari dibandingkeun jeung kaayaan lembur sorangan mah, tangtu leuwih ramé kota dan ngaranna ogé kota. Keur barudak jaman harita - barudak lembur - ulin ka kota téh asa piknik ka Ibu Kota. [ ]

KANG WARSA
Dikirim Melalui Blackberry

Posting Komentar untuk "ULIN KA KOTA"