ACARA T.V


Logo TVRI Jaman baheula

Mimiti “rusakna” acara-acara dina TV kusabab teu bisa mintonkeun acara anu ngandung édukasi ka masyarakat saheuleut reujeung asupna réklame-réklame kana TV. Lamun dina taun 80 nepi ka 90-an mah acara TV – khususna TVRI – masih dipinuhan ku acara anu ngahibur jeung minterkeun masyarakat, dina mimiti réformasi nepi ka dangeut ayeuna kalolobaan acara TV saukur mintonkeun hal-hal anu sifatna pop. Geus puguh, nalika stasiun TV dipimilik ku jalma anu incikibung kana dunia politik, matéri siaran TV geus katénjo kuma subyéktifna, ngagulkeun partéy / anu didukungna, bari loba ngagogoréng partéy jeung anu henteu didukung ku manéhna.

TVRI dina médio taun 2000 geus nyebut lamun TV anu pernah jadi corong pamaréntah Orde Baru mangrupa TV Budaya. Hanjakal, akuan ieu henteu sapinuhna dikanyahokeun ku lolobana masarakat di urang kusabab, stasiun TV-TV swasta anu aya di ieu nagara leuwih rongkah dina mintonkeun acara anu ngahibur masarakat sanajan saeutik pisan ngandung pangajaran jeung atikan. Bijil hiji pananya, naha masarakat leuwih resep ngalalajoan acara-acara anu sifatna saukur hiburan bari teu ngandung atikan? TV-TV swasta bisa paham kana psikologi masarakat di urang; Kahiji, resep kana kariaan. Kadua, resep kana tontonan anu teu kudu ngerungkeun tarang. Katilu, resep ku hal-hal ginding anu euweuh dina dirina.

Antukna, sakumaha mahabu jeung soson-sosonna TVRI dina mintonkeun acara-acara anu sifatna ngangkat budaya nasional, angger baé saeutik dipaliré ku masarakat di urang. Hal penting anu kurang dipikiran ku jalma-jalma anu incikibung dina dunia pers nyaéta, cara ngokolakeun TV anu sifatna ségméntatif. Metro TV geus nyoba mintonkeun acara anu jelas ségménna. Hanjakal ka béh dieunakeun tikecemplung ogé kana mahabuna galura politik alatan anu boga éta stasiun anclub kana dunia politik. TV-One, jeung TV anu aya di handapeun MNC ampir sarua tigebrus kana jurang politik anu lungkawing. Tapi, étika dina dunia broadcasting ayeuna lain saukur “balance” dina nyuguhkeun acara, nu penting dipikaresep ku masarakat.

Masarakat dibéré pilihan rupaning acara TV. Stasiun TV di urang geus ngawujud jadi hiji pasar , nyuguhkeun sagala rupa hal, nyayagikeun sagala rupa jajanan anu bisa dibeuli ku masarakat ku cara ngahurungkeun TV. Kaayaan samodél kieu pernah kaalaman ku nagara-nagara gedé dina taun 60an.  Stasiun-stasiun TV beuki mahabu di Amérika jeung Eropa. Kaayaan dunia broadcastingieu mawa masarakat kana dunia imajinér. Masalah anu paling penting nyaéta leungitna budaya asal diganti ku budaya sistésis. TV jadi Pangeran anyar anu dipupusti beurang peuting. Perusahaan-perusahaan raksasa dina widang éléktronik papaheula ngaluarkeun TV modél pang anyarna kusabab kabutuhan masarakat kana TV beuki naék.

Kakuatan mahabuna TV di Amerika jeung Eropa anu mintonkeun acara samodél hiji pasar, nyadiakeun sagala rupa anu dibutuhkeun ku masarakat heunteu kuat lila. Kadieunakeun, lolobana stasiun TV di éta dua benua leuwih mintonkeun acara-acara anu sifatna katégoris, leuwih ngudag kana pamiarsa anu geus diségméntasikeun. Mémang, masarakat bisa milih stasiun TV mana anu arék dilalajoan, ngan ku cara kitu, masarakat bakal nimbang heula, stasiun mana anu arék dilalajoan ku maranéhna. Cara ngatur stasiun TV sangkan katégoris ieu keur ngahasilkeun hiji hal séhat di antara stasiun-stasiun TV, TV moal saukur mintonkeun acara anu dipikahayang ku masarakat, tapi bakal maksakeun idéalisme  éta TV ka masarakat. Kalemahanna, tangtu kusabab TV anu maksakeun idéalismena ka masarakat, bakal loba kapentingngan-kapentingan ti hiji kelompok anu dipintonkeun dina éta stasiun TV.

Tapi, sakumaha alus jeung goréngna acara-acara dina TV, angger baé anu nangtukeun pilihan mah masarakat. Sakira-kira acara TV geus teu bisa mintonkeun kasaimbangan dina nyuguhkeun beware mah leuwih hadé pindahkeun kana galura séjén atawa pareuman baé TVna.(kang-warsa)

Posting Komentar untuk "ACARA T.V"