BULAN PUASA (HANCA KA-2)

Sakola ogé salila bulan puasa diperékeun. Geus puguh anu ngaranna sakola agama mah samen ogé sok nyokot waktu saminggu méméh puasa, atuh dina waktuna puasa téh reujeung pisan jeung waktuna peré sakola. Sok dijadikeun alesan, lamun henteu peré ogé, barudak indit sakola pabeurang-beurang, majar da keur puasa cenah. Ari kitu onaman, da anu jadi guru ogé sarua jalma geus pasti paruasa, sakapeung sok ngamaklum kana sikep barudak samodél kitu.

Keur ngeusi waktu ti isuk nepi ka wanci lingsir ngulon, barudak néangan rupa-rupa cara, kaulinan, sangkan henteu ngarasa boseun dina ngalakona puasa. Di tepas imah Ummi Ocah barudak sok ngaradon maén catur. Atuh di beulah wétan mah, di téras imah panggung Ma Aum jeung di tepas imah Kang Abun barudak téh maraén domino jeung rémi. Henteu bisa dicaram, sanajan ku guru ngaji sok disebut; kalakuan gaplah samodél kitu matak ngurangan pahala jeung ganjaran puasa. Henteu pati didéngé, da resep.

Anu ramé mah lamun bulan puasa geus asup kana tanggal lilikuran. Dina mangsa  ieu mah, geus karasa musialna beuteung lapar. Godaan ogé beuki rongkah. Barudak buraong mah sok ngadon arulin ka sisi susukan Gedé , wétaneun lembur. Mapay-mapay sisi susukan baru luha-loho néangan cau anu geus asak atawa kalapa ngora. Lamun manggih cau atawa kalapa ngora, dipupu terus pating celebek dahar. Da masih budak kénéh, cenah. Ari geus  balik ka imah mah kari api-api lalungsé jeung leuleus baé hareupeun kolot.

Kajaba ti néangan rupa-rupa luang, barudak di pilemburan ogé lamparna lain omongkeuneun. Pernah kacaritakeun, barudak Balandongan ngadon laleumpang, mapay trotoar, ngajugjug ka puseur dayeuh, anu jauhna kurang leuwih 6 KM. kékétéplékan maraké sendal jepit, teu éra diténjo ku batur da mémang rumasa asal ti lembur. Atuh nepi ka puseur dayeuh téh awak boborot késang. Haus jeung lapar mah bisa ditahan, da kabébeéjokeun ku ramé jeung pikareseupeun kaayaan puseur dayeuh. Ngabring ka Capitol, lain arék maén dingdong, tapi saukur nénjo batur anu cuhcih maraén dingdong. Aya éscalator, lakacat naék, urang lembur mah nyebutna lift.

Bérés ulin di Capitol, biasana sok nepi ka manjing sholat Lohor. Barudak muru ka Masjid Agung, perenahna  kuloneun Capitol. Warudhu, bari gagaro asalna mah, da bingung kumaha cara ngocorkeun cai, pedah maké keran anu jarang pisan digunakeun di pilemburan ari lain maké pancuran mah. Nalika wudhu téh, ari haus-haus teuing mah sok sakalian nginum, dina jero pikir, keun baé da euweuh anu nénjoeun. Bérés sholat barjamaah, ngaradon ngagalolér heula di jero masigit, karasa nyelecep jeung tiis dinginna hawa di masjid Agung harita.

Kira-kira wanci nuduhkeun jam 1, barudak ngagaridig deui, muru ka Lapang Merdéka. Ngabeubeurang di Lapang Merdéka lain saukur carita jeung nostalgia, da puguh dina taun 80-an mah, Lapang Merdéka jadi  pamuruan ulin jalma jeung barudak ti sakuliah Sukabumi. Barudak saentragan geus ramé di lapang Merdéka, rupaning kaulinan dipintonkeun jeung disayagikeun (padahal kudu dibayar). Aya anu nyéwakeun komik-komik Si Petruk, Jimbot, lotré, jeung judi némbak batu batré ku pépéstolan. Malahan, aya ogé anu ngajual anak lélé dumbo.

Bérés jeung geus boseun ulin di Lapang Merdéka mah, barudak baralik. Sarua laleumpang deui, ngétéplék mapay trotoar maraké sandal jepit anu geus aripis. (*)

HANCA


Posting Komentar untuk "BULAN PUASA (HANCA KA-2)"