BULAN PUASA (HANCA KA-1)

Harita, dina taun 80-an can pati euyeub ku mobil atawa motor kawas kiwari. Barudak nongtot leho oge masih keneh bisa langsung ngampih ka imah nalika ku anu jadi indungna disingsieunan ku sandekala dina wanci panon poe tunggang gunung. Kusabab ka lembur-lembur can pati ka saba ku motor jeung mobil, kaulinan barudak anyar gede oge henteu jauh jeung anu ngaranna kumaha ilaharna barudak lembur anu deukeut jeung alam, pasawahan.

Aya carita, keur nangtukeun mimiti puasa teh pabeja-beja. Kalolobaanna mah nenjo kana almenak. Da almenakna kajaba dieusi ku taun masehi teh sok ditambahan ku tanggal-tanggal hijriyah jeung Jawi. Tara pahibut marebutkeun awal bulan, ari lain kabeh dieunakeun aya aliran anyar tina Islam anu dingaranan Islam Jama'ah mah. Stigma ti Intelejen Orde Baru, mere ngaran ka golongan salian Ahlussunah Wal Jama'ah ku kecap Jama'ah, kadieunakeun disebut kelompok ingkar sunnah.

Geus arapal mimiti puasa mah, breng dina tanggal 29 atawa 30 Reuwah urang lembur ngasakan sagala anu teu biasa diasakan di bulan sejen. Da inget kana anu diucapkeun ku kyai dina pangajian: Sing saha anu bungah ku datangna Bulan Romadhon, diharamkeun jasadna kana seuneu Naraka.

Ngulikbeuk seungit opor, rendang, jeung goreng hayam. Dahar gede lamun sangu dengeunna jeung goreng hayam atawa opor. Beres maghrib teh, dina katel atawa panci geus siap opor hayam atawa daging sapi, tara waka wani didahar da cenah eta mah kadaharan keur engke janari.

Wanci sareureuh budak, masigit leutik jeung masjid jame heurin usik, pinuh ku anu taraweh. Urang lembur anu garawe di Jakarta jeung ti pangumbaraan baralik, biasana pangheulana ka masigit, aya di jajaran kahiji, ka dua, atawa ka tilu. Kajaba ti hayang mintonkeun diri salaku jalma sakses teh oge aya niat hayang nenjokeun samping anyar ka papada urang lembur. Masigit anu can dipasangan kipas angin ngelekeb lain lumayan. Beulah tukang, barudak jeung para nonoman ngadon silih rengkas jeung silih suntrungkeun. Dina amin oge patarik-tarik.

Beres taraweh tara langsung marulang ka imah, ngadon tadarusan dimasigit. Puguh keur anu ngaji di masigit mah – tegesna barudak -, sok diabsen ku anu jadi guru ngaji, disebutan hiji-hiji ngaranna. Da kabita ku hadiah anu arek dibagikeun nalika lebaran. Ngaji tadarus dibagi jadi dua kelompok; kahiji, kelompok anu geus karolot, ti taun ka taun biasana rombongan remako (remaja kolot ) ieu teu robah, Mang Jai (alm), Mang Udin Jalu (alm), Bah Samsuri/Mang Ui, jrrd. Kadua, rombongan barudak santri. Ngaji tadarusan teh lain sabenerna tadarus anu kudu silih wurukan, tapi sok pagancang-gancang, anu penting dina sapeuting ngarengsekeun sa-juz.

Eta mah keur barudak santri jeung anu kawilang bageur. Keur budak lengger jeung bangor mah, rengse taraweh teh ngadon nyundut petasan atawa bedil karbit. Dina henteuna oge ngadon moyeg, arulin, jeung ucing-ucingan di lapang badminton hareupeun masigit jame. Jalan anu can dicaangan ku PJU (Penerangan Jalan Umum) ti PLN oge ngadadak jadi haneuteun nepi ka wanci sareureuh kolot. Malah lolobana mah teu bisa sare, da isuk-janari arek saur dahar jeung opor hayam. Dahar badag sataun sakali.

Wanci janari leutik, rame ku barudak santri anu ngadarulag, babakuna ngahudangkeun sangkan warga masyarakat sariap-siap dahar. Teu apal aya hadits, anu ngaranna pasunatan dina saur teh lain paheula-heula, pajanari-janari, tapi kudu ngahirkeun dahar, kurang leuwih kana sapuluh menitan memeh imsak atawa manjing subuh. Baheula mah, loba kacaritakeun, dahar saur teh dina wanci janari leutik, malahan aya anu geus dahar wanci tengah peuting, kyai jeung ustadz mah ngalakonan sholat qiyamullail, ieu mah ngadon nyelebek dahar jeung opor hayam.

Beres dahar, ku kolot sok dicaram sare deui, majar matak seuseut rejeki. Gejebur ngadon mandi di cubluk. Jarang pisan anu boga jamban di jero imah harita mah, anu boga jamban oge paling diperenahkeun di tukangeun imah. Henteu sieun mandi dicubluk anu kudu ngaliwatan kuburan da anu ngadon marandi kacida euyeub, kadenge keneh kumaha gejeburna panyiuk kana cai.

Di masigit geus reang anu pupujian, sakapeung sok dibarengan ku hiji beware: “ Waktos Imsak, kantun lima menit deui..” Barudak dicaram ku anu jadi aki jeung nini, “Geus, beres daharna, nginum heula, tereh imsak!” . Nginumna lain cai enteh atawa cai herang, sataun sakali mah salila bulan puasa sok dipang ninyuhkeun cai susu, ngarah kuat ceunah ngalakonan puasa nepi ka magrib.

Kolot – budak riab ka masigit. Didaradamping, sareungit. Masigit pinuh lain bohong, anu biasana ngan dua jajar teh, dina bulan puasa mah ngadadak metet nepi ka tukang. Antara tanggal hiji nepi ka tanggal sapuluh mah bisa pinuh nepi ka emper masigit. Paheula-heula jeung pahareup-hareup, pedah kabita ku pahala sholat berjamaah jeung sholat wajib nalika bulan puasa. Aya katerangan, pahalana oge dileuwihan jadi sapuluh kali tina bulan sejen. Rengse imam maca “waladldlaalliin..” anu amin patarik-tarik, komo nalika maca doa Qunut, pajorowok-jorowok. Ngan beda jeung sholat taraweh, dina prakna sholat subuh mah, barudak anu biasana moyeg, silih siku jeung silih tincak suku oge ngadadak jempe. Teuing pedah suebeuh tas sahur meureun.

Beres sholat subuh, dituluykeun kana ngaji. Elekesekeng dina ngajina oge, da kabita kayang nyubuh siga barudak anu geus manjing rumaja. Nepi ka wanci carangcang tihang diwurukan ngaji ku Bapa Mualim, riab kaluar ti masigit dituluykeun ku nyubuh. Tara jauh nyubuh teh, cukup laleumpang, mapay jalan ti Balandongan – Lembur Pasir – Cebek – Cipanengah – Tegallaya – Rawa Bungur – Cibodas – Pasir Pogor – Pangkalan -, padahal lamun diitung mah aya kana 4 kilo meterna. Henteu karasa cape, da leumpangna dibarengan ku gogonjakan. Cag ah...! (Kang Warsa)

HANCA ….

Posting Komentar untuk "BULAN PUASA (HANCA KA-1)"