Streaming Radio Komunitas Pendidikan RJFM 107,9 MHz: Menghibur, Mencerdaskan, Mencerahkan

Islam Nusantara (Hanca Kahiji)

Salaku jalma anu cicing di Indonésia, urang -sabenerna mah- geus henteu kudu cuh cih  deui mikiran hubungan agama, Nusantara, jeung niléy kamanusaan. Da mémang geus ngahiji ti anggalna ogé. Hartina, agama - kusabab Islam mangrupa agama mayoritas - anu kudu dipintonkeun ka balaréa téh nyaéta agama anu pinuh ku sikep soméah, muka diri, inklusif, jeung kudu bisa méré solusi kana masalah-masalah anu keur disanghareupan. Agama anu "dinamis" jeung miboga toléransj ogé raket jeung kultur, sub-kultur, ditambah ku rupa-rupana atawa mahabuna hal anu aya di ieu nagara. Antukna anu bral dina kahirupan nyaéta kaadilan, rasa aman, jeung katintriman anu bisa ngaraksa saha baé anu hirup di Nusantara.

Lamun agama dipintonkeun kalawan garihal, saperti ku sababaraha golongan anu miboga sikep égois, kamandangna dipinuhan ku rétorika (dapon engab), agama ngajirim jadi hiji jurig anu pikasieuneun geus pasti bakal dipika ijid ku balaréa anu miboga akal jeung asak sasar. Agama nu ngawujud jadi jurig ieu tara kapalang jeung mindeng ngomong : ieu paréntah ti Alloh, ngajadikeun Gusti ibarat barang dagangan. Hal éta sabenerna dilantarankeun kusabab maranéhna henteu sanggup makalangan kahirupan, golongan jalma anu pegat harepan dina nyanghareupan tangtangan hirup anu beuki maju jeung modérn. Antukna maranéhna nyokot jalan gancang anu ékstrim jeung ngabahayakeun keur diri sorangan komo ka batur. Contona sababaraha kajadian "Bom Bunuh Diri" anu ngaakibatkeun perlaya jalma-jalma mangrupa sikep ékstrim tina teu mampuna jalma dina nyanghareupan hirup, cindekna mah maranéhna mangrupa jalma- jalma anu teu boga daya, naon baé nu dijadikeun alesanna mah! Da ditilik ku dalil naon baé ogé, kana kalakuan jalma-jalma modél kitu moal aya anu ngabenerkeun. Alesan jihad anu diagul-agul bisa disebut nyasarkeun. Meureun, maranéhna téh bisa disebut jalma-jalma anu ngarasa bener dina kasasaran.

Urang ulah gampang katipu ku jalma anu boga pamadegan saolah Islam teu meunang diadegkeun di hiji nagara nu ngaranna Indonésia atawa Nusantara. Malahan jalma-jalma modél kitu boga pamikiran Islam téh teu wawuh kana wates-wates géografis, ras, ogé séké-sélér. Hal ieu mangrupa kamandang anu lalangiteun, ngawang-ngawang, ceuk basa budak ayeuna mah teu "membumi". Kamandang anu kaluarna ti jalma nu teu bisa ngabédakeun beurang jeung peuting, jalma-jalma anu keur ngimpi. Lamun mah kamandang maranéhna bener, naon sababna Quran sorangan nyebutkeun jeung ngaku kana ayana étnis, suku, jeung bangsa anu béda-béda? Nu henteu meunang téh lamun urang geus ngaberhalakeun budaya, étnis, jeung bangsa sorangan.

Aya anu nyebutkeun, démokrasi jeung nasionalisme mangrupa barang haram. Lamun démokrasi jeung nasionalisme diagem kusabab keur kahadéan, mangrupa hiji mesin anu bisa ngagerakkeun rahayat sangkan maju, naha maké kudu diharamkeun? Urang téh kudu daék ngakal jeung mikir kalawan dina kontéks, ruang, jeung waktu. Hiji ajaran wahyu anu miboga sifat transéndént lamun hayang diterapkeun kana kahirupan geus pasti kudu nénjo kana kanyataan, kudu miindung ka waktu, nyurup atawa nurub cupu jeung budaya lokal. Lingkungan kudu ditalungtik, kaayaan sosio kulturalna kudu diilo, ajaran kudu diterapkeun bari henteu poho keur dimana urang hirup, taneuh anu ditincak ulah diapilainkeun. Manusa salaku pamaén dina kahirupan ieu pamohalan ngawasitan kana dirina sorangan. [ ]

Cag ah!

Kang Warsa



Sukabumi Discovery
Sukabumi Discovery Media Publikasi Kejadian dan Peristiwa

Posting Komentar untuk "Islam Nusantara (Hanca Kahiji)"