Ari ceuk iber ti taun ka taun mah, Kang Acip méré ngaran ka budakna téh Ibrahim. Cenah keur nganisbatkeun ka salah saurang rosul ulul azmi, Nabi Ibrahim. Nincak umur tujuh poé dibéré ngaranna téh. Da padungdengan heula antara bapa jeung akina. Akina mah hayang nambahan maké kecap Radén, da ceuk lelepén anu diwariskeun ti uyutna, lamun ditarik garis ka luhur, Jang Aim masih aya turunan ménak . Teu apal, teuing ménak Jinggo atawa méménakan. Pokona ménak, peun! Ceuk bapana, éra ku batur, Radén mah kudu loyog antara naon anu dipiboga jeung kahirupan anu nyata. Éra bisi disebut Radén palsu, da Radén asli mah kudu aya jeung cicing di karaton lain di imah panggung. Jeung asa kurang pantes dibacana ogé Radén Ibrahim.
Nalika meujeuhna mahinum, aya kariaan leuleutikan. Di imah panggung Kang Acip diayakeun solawatan. Ngarujak bebek minangka tanda rasa syukur, budak geus nincak umur 40 poé. Para tatangga kabagéan satékrok séwang. Atuh teu kudu dititah, bring para tatangga nyarambungan, ngajaringjing bogem dieusi ku béas. Tip disetél, dikana toakeun mani tarik, kitu ilaharna di lembur. Sarukabungah ngabagéakeun bralna jalma anyar anu ngaran Ibrahim. Barudak leutik pating taranggoh hayang kabagéan rujak bebek jeung tumpeng. Aya ogé anu pura-pura milu ka indungna, asup ka imah, gep deui gep deui kana susuguh. Ku anu boga hajat teu dicarék, da keur suka bungah. Béak sagala rupa ogé teu jadi soal, nu penting geus ngayakeun acara salametan dina raraga mapag budak anyar.
" Kuduna mah, saméméh mahinum kudu diékahkeun heula budak téh, Jang Acip!" Ceuk mualim Oléh sabari mikeun amplop ka Kang Acip.
Omongan mualim Oléh ditepikeun ku Kang Acip ka bapana.
" Bener, tong salempang, minggu hareup urang meuncit domba!"
" Kudu dua, Bah. Pan orokna lalaki!"
" Teu kudu gimir, domba mah aya lima di kandang." Tambahna deui. " Demi incu.. Radén Ibrahim aéh, Ibrahim!"
Saminggu ti harita, wanci carangcang tihang bareng jeung usum katiga. Ibun maseuhan kénéh dangdaunan jeung jujukutan. Dua domba geus dicangcang di buruan imah Kang Acip, mareujeuhna nakeran, jalu duanana. Geus dibéwarakeun di masigit ti peuting ogé, dina poé ieu arék diayakeun ékahan di imah Kang Acip. Manuk piit récét di sawah, sakeudeung deui usum panén. Paré geus beuneur, konéng mayakpak. Poé minggu ongkoh, atuh ninggang jam genep ogé barudak geus ngumpul. Aya anu noélan domba, ngaheureuyan domba dibéré jukut padahal teu jadi dibéréna. Aya ogé anu noélan kanjut domba ku rokrak. Sareureuseurian nalika aya budak anu ngomong, " Ngagayot, euy!"
Bérés dipeuncit, domba direcah ku lobaan, dibungkus kana daun waru, dibeungkeut ku tali tina awi. Hulu jeung cokor mah diteundeunna ogé misah, keur anu meuncit jeung ngarecah domba cenah. Anu meuncit domba arék dina aya anu ékahan atawa lebaran haji geus matuh, nyaéta mualim Oléh. Pangalaman jeung tapis dina meuncit naon baé ogé. Domba jeung embé anu dipeuncit ku mualim Oléh mah tara bau dagingna. Boga amalan khusus anu teu dipiboga ku saha baé ogé. Bérés dibungkus mah, Daging domba dibagikeun ka tatangga , tatangga tatangga, jeung ka tatangga anu jauh lamun aya sésana. Saeutik séwang, anu penting walatra. Bisa dahar jeung daging domba, bisa dikérécék, disaté, atawa disop.
Bérés roés ékahan dina wanci pecat sawed. Ceuk anu ngabagikeun daging domba. " Walatra, adil tur rata, kabéh kabagéan, euweuh anu nyésa!"
Mualim Oléh pamitan ka sohibul bét. Leumpang ka kalérkeun sabari ngajingjing hulu domba. Dijajap ku paninggali anu masih aya di éta tempat. Wanci lingsir ngulon, haseup geus mulek minuhan pilemburan. Seungit domba dibeuleum dipapaésan ogé ku bau hangit bulu domba kaduruk. Kabéh bungah, nyaté sataun jadi tilu kali kusabab aya anu ékahan. Kang Acip jeung bapana ogé bungah kacida, ceuk pikirna marhaba jeung mahinum bérés, kari-kari disampurnakeun ku ékahan, fardu kalaku sunat kalampah.
Dina umur opat taun, mimiti Ibrahim katelah jadi Aim. Manéhna sorangan sok ngomong kanu jadi indung bapana, " Aim oyong mamam!" Maksudna mah Ibrahim hoyong emam. Ku nini jeung akina disebut baé Aim. Kabéh ogé antukna nyebut Jang Aim ka éta budak. Kitu ari dilembur mah, tara hésé méré ngaran landihan. Aki pituin ngaran aslina mah Sanusi, kadieunakeun sok disebut Uci, pernah ditéwak ku Walanda, da boga ngaran anu sarua jeung Haji Uci urang Nyangégéng. Aya ogé landihan ngaran dinisbatkeun kana sato. Budak anu sok puak-paok kana lauk di kulah sok disebut Si Séro atawa Si Ucing, aya ogé anu sok maok kalapa disebut Si bajing. Kitu sebutan barudak di lembur, anéhna teu matak dijadikeun soal anu gedé.
Embung deui wé disebut ngaran aslina, Ibrahim. Cukup Aim. Ngan ku guru nalika daftar asup sakola ditambahan hurup S, sangkan henteu Aim teuing cenah. Ngarah ngeunah kadéngéna jadi Aim S. Indung bapana mah satuju baé anu jadi budak dingaranan Aim S ogé, itung-itung ngalap barokah ti juragan guru . Anu penting pinter. Dina umur tujuh taun, aki jeung ninina geus suwargi. Jigana lamun jarumeneng kénéh mah bakal moal nyatujuan ngaran saalus-alus, Ibrahim diganti jadi Aim, malah ditambahan jadi Aim S, aya "campur tangan" ti batur, padahal teu mantuan marhaba, mahinum, jeung ékahan, komo nyieunna mah.
(Hanca)
Posting Komentar untuk "Ménak Anyar (Hanca Kahiji)"
Sila kirim tanggapan atau saran...