Lulung Samak jeung Si Ronda


Pancén Basa Sunda kelas 7,8,9 MTs Riyadlul Jannah:
Baca nepi ka réngsé, saterusna eusian présénsi atawa daftar hadir, serat ringkesan ieu artikel dina ieu web.


Kolot baheula, ngan henteu baheula-baheula teuing, dina curum-caram kanu jadi budak-budakna sangkan henteu ngalakonan perkara anu kurang alus atawa teu payus jeung norma adab-adab biasana sok ngagunakeun mitos. Contona, nalika wanci harieum beungeut barudak masih arulin di buruan, sok komo di kebon, anu jadi kolot cukup ngomong: geura ngampih, bisi diwaru sandékala. Panyaram modél kitu, nepi ka taun 90-an katompérnakeun mah bisa disebut kacida éféktif keur nyegah barudak dina ngalakonan perkara anu harita disebut goréng patut.

Budaya, kaayaan, jaman, éra, jeung sebutan séjén anu sarimbag waktu mémang geus robah. Robahna lalaunan asalna mah, henteu kawas kiwari. Kaarifan lokal anu sok disebut local wisdom ogé lila-lila kasilih ku kaarifan global anu sabenerna can tangtu loyog nalika diterapkeun di wewengkon urang.

Mimitina mah teu pira, tiap panyaram anu jadi kolot, kusabab ku barudak kiwari dianggap mitos jeung teu kahontal ku akal sok dibarengan ku pananya, umpamana: naon pamali téh? Nu kumaha sandékala téh? Saterusna ditambahan ku kekecapan: ah tahayul, manusa modéren mah moal percaya kana perkara-perkara modél kitu. Hartina, pikiran barudak mémang geus kapangaruhan ku cara mikir jalma éra modéren jeung kamajuan jaman, anu cenah mah leuwih ngaheulakeun nalar atawa logika tur kudu kaharti ku akal séhat.

Kanyaataan di luhur ogé teu saeutik dipangaruhan ku dikedalkeunna téori-téori boh dina widang psikologi ogé pédagogi. Ceuk sawaréhna para ahli modéren, nyingsieunan barudak ku hal-hal anu kaasup mitos, pasualan gaib, jurig, jsb kurang alus jeung bakal numuwuhkeun jiwa barudak anu pinuh ku kasieun, jiwa barudak bakal mélékététét kawas pepelakan anu kurang nyébor, nya kapaur anu paling teu dipiharep nyaéta bralna generasi anu épés méér jeung borangan. Ceuk téori modéren deui, barudak mah kudu diaping jeung dijaring ku hal-hal anu kahontal ku nalar jeung akal séhat, sangkan nalika nincak umur sawawa ngawujud jadi jalma anu lebér wawanén jeung pinunjul sikep optimis dina dirina.

Kamandang para ahli modéren mémang teu salah nalika hal di luhur dirojong ku tarékah anu bener. Lamun teu kitu, anu bakal jeung geus lumangsung justru sabalikna. Kusabab anu jadi kolot ngatik barudak ku cara jeung pikiran modéren bari teu diluluguan kumaha cara nerapkeun adab-adaban, anu bral dina mangsa kiwari lain barudak anu lebér wawanén jeung ludeungan tapi barudak anu mintonkeun sikep wanian teuing, sagala dirempak, digalaksak, babakuna tunggul dirarud catang dirumpak. Hartina mah kawanina gedé teuing, selfish teuing, tungtungna mah moal bisa narima papatah sok komo panyawad ti batur. Kumaha aing baé, anu lain cicing!

Salian disingsieunan ku sandékala, dina taun 80-an kawentar pisan panyaram ti kolot bihari ngagunakeun istilah “lulung samak” ka barudak anu boga maksud ulin ka wahangan Cimandiri. Sok dimimitian ku ngadongéng heula, baheula aya jalma anu cilaka di Cimandiri, nalika meuntas teu mawa aseuk, kai atawa awi anu dipéncoskeun, tiseureuleu labuh kusabab nincak lulung samak, saterusna digulung ku éta lulung samak, ditarik dibawa ka leuwi.

Mémang kasebut mitos, da nepi ka dangeut ayeuna, kuring sorangan can kungsi nénjo kumaha raga badag, bentuk, jeung dedegan lulung samak téh. Tapi ku panyaram samodél kitu, barudak harita jadi leuwih ati-ati nalika mandi jeung arulin di wahangan. Malahan barudak anu boga anggapan yén carita lulung samak mangrupa hal anu bener mah sok ngahaja mawa iteuk, aseuk, atawa awi anu dipéncoskeun da ceunah lulung samak mah talukeunna ku pakakas éta.

Imaji ngeunaan lulung samak sok kabayang dina diri barudak, kuring mah ngabayangkeunna éta mahluk imajinér téh sagedé kasur warugana. Aya ogé anu boga pikiran, ah teu jauh béda jeung samak. Barudak téa dina ngaradu rahul mah sok teu euleum-euleum, aya ogé budak anu nyeletuk kungsi nempo lulung samak cenah.

Kiwari moal aya anu jadi kolot curum-caram ka barudak anu arék arulin ku cara tadi. Anu diomongkeunna ogé paling kieu: arék ulin mah ulin wé, ngan balik tong peuting teuing. Kusabab dicaram balik tong peuting teuing antukna barudak balikna subuh. Istilah jeung kekecapan lulung samak geus jarang dikedalkeun deui dipangaruhan ogé ku budaya pariwisata jaman kiwari. Wahangan jeung tempat-tempat sajinisna geus ditalud, diwangun irigasi, diropéa ku manusa sangkan teu jadi tempat anu pikakeueungeun, lamun mah kudu kasar, sabenerna lain ngaropéa sok komo ngokolakeun wahangan, anu jelas mah ngaruksak wahangan. Ngan jalma teu sadar, da kecap ngaruksak diganti ku kecap pangwangunan. Dibebenah, diperenahkeun, jeung ditata téh sabenerna saukur eufimisme da harti saujratna mah ngaganggu jeung ngaruksak alam.

Di wewengkon Lembursitu, Wangunreja, Cipeueut, nepi ka Ciurug salian carita lulung samak sumebar ogé carita séjén anu moal éléh ahéngna, nyaéta carita Si Ronda, oray badag tur panjang, jigana mah sanca, anu biasa ngulampreng di pilemburan anu deukeut ka Cimandiri antara wanci tengah peuting nepi ka janari leutik. Éta anu jadi lantaran ieu oray disebut Si Ronda, kusabab ngulamprengna tengah peuting. Sakapeung sok disebut oray jurig, da cenah ceuk anu kungsi nempo, lebah sirahna aya buukan, ngarumbay panjang.

Bah Diung, salah saurang padumuk kampung Cisemplak, Wangunreja cumarita ka kuring kungsi dipegat ku Si Ronda, ngan teu ngaganggu, ngajepat meulah jalan satapak, teu usik teu malik, dina wanci janari leutik waktu Bah Diung arék meuntas ka lembur Kibitay. Rupa jeung dedegna mah ngeplés pisan oray sanca, ngan rada gedé saeutik. Iwal Bah Diung, sababaraha jalma pituin di éta wewengkon ogé kungsi nyaritakeun hal anu sarua. Salah saurang pamilon atikan anu dumuk di Cikundul Hilir kungsi nyaritakeun, nalika manéhna ngaliwat ka Leuwi Cikaracak dina wanci tengah peuting nempo oray gedé, keur ngubek leuwi, sirahna jabrig ku buuk.

Ku élmu alam samodél biologi mah hal modél kitu nya dijawabna éta mangrupa oray purba atawa oray jadul anu geus aya umuran. Ngan tangtu baé, da di urang mah para ahli anu biasa nalungtik sasatoan jeung tutuwuhan masih jarang, pamustunganna mah ngan cukup nepi ka kitu baé teu disusul ku panalungtikan sumawona disusud nepi ka carita-carita mitos bisa dibéjérbéaskeun ku ilmu pangaweruh modéren. Ngan lamun nilik kana kaayaan alam di wewengkon beulah dinya, diriung gunung, rupaning tangkal baradag, alamna loba anu masih parawan, biasana dijadikeun tempat pamuruan sato sangkan dirina aman tina kasarakahan sikep manusa.

Panalungtikan anu kungsi dipedalkeun ku situs livescience jeung BBC Life nyebutkeun ku beuki rongkahna pangwangunan, padumukan ngalegaan, pabrik-pabrik beuki euyeub, padumuk anu nyicingan wewengkon beuki nambahan ngabalukarkeun masalah anyar kana méntalitas sato. Teu saeutik sato langka anu robah cara hirup jadi sato nokturnal, liarna wanci peuting. Liarna lain piknik atawa ulin kawas jalma tangtu baé néangan sarupaning kadaharan. Ngawujudna sato-sato nokturnal téh kusabab habitat atawa tempat cicing sato geus dieusi ku manusa. Kawas teu apal manusa, apanan lamun aya oray diparaéhan, ari oray-orayan tina karét dibareuli jeung dicoo.

Carita rahayat atawa folklor mah ngébréhkeun yén Si Ronda téh mangrupa oray bikang atawa awéwéna. Aya ogé anu nyarita, asalna mah jalma, wanoja anu ngawujud jadi oray. Tah, carita-carita rahayat ieu sabenerna anu kudu disusud laratanna mah keur bahan caritakeuneun ka generasi kiwari anu geus jarang kasupan ku carita-carita rahayat pituin ieu wewengkon. Tujuanna kacida rongkah, keur ngajaga jeung ngaraksa ieu alam sangkan teu digunasika jeung dijualan baé ka invéstor deungeun, dikeduk nepi ka ludes. Batur anu untung, urang-urang padumuk pituin mah ngan kabagéan haseup, lebu, jeung panasna hawa wungkul.



Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Lulung Samak jeung Si Ronda"