Wangkongan Tiap Bulan Séptémber

Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

ANU jadi jejer caritaan jeung wangkongan dina tiap bulan Séptémber ti jaman anu jadi uyut jumeneng nepi ka kiwari teu aya lian iwal ti ngaguar: PKI, gorombolan, jeung usum katiga. Kadieunakeun, nalika internét geus ngawasa kahirupan masyarakat, nambah deui jejer caritaan ku ngaguar equinox, kiamat versi kaum Evangelis, jeung sababaraha kajadian anu lumangsung di dunya.

Saminggu ka tukang, maca dina BBC Indonesia, salah saurang pendéta Evangelis, Meade,  nyebutkeun yén dina poé ieu, tanggal 23 Séptémber, bakal lumangsungna kiamat. Cenah, aya ramalan profétikna dina Bibel. Enya, ngan saukur cara anu béda dina nafsirkeun. Da ditungguan ti peuting mula nepi ka ayeuna can aya tanda-tanda langit runtuh, gunung bitu, komo deui Planét Nibiru anu ngadon ngaliwat kana atmosfer Bumi, suwung.

Kahirupan masih lumangsung kawas sabihara-sabihari, barudak arindit sakola, pagawé kantor mah masih pating karuliat da keur peré, panon poé manceran ti belah wétan, hawa karasa haneut. Mémang teu saeutik, jalma-jalma anu ngeusi poé anyar ku dimimitian ku sikep jamedud, cuh cih sabari teu puguh, riweuh, ceuk ahli tarékat mah, awal poé dimimitian ku sikep anu jauh kana qona’ah sumawona zuhud mah. Aura anu dikaluarkeun dina diri tangtu baé énérgi négatif. Sakuduna mah, awal poé, isuk-isuk kudu disanghareupan ku bear budi jeung pameunteu marahmay.

Dina media arék citak atawa éléktronik diguar equinox, tegesna dina tilu poé ieu, hawa bakal karasa leuwih panas tibatan sababaraha poé ka tukang. Atuh da, srangéngé keur meujeuhna sajajar pisan jeung garis khatulistiwa. Pasualan ieu aya dina widang astronomi, ngan dina taun 3000 SM, sababaraha bangsa di wewengkon Mesopotamia geus nyimbolkeun equinox ieu ku lambang salib. Wewengkon anu aya di garis khatulistiwa, bakal ngarasakeun hawa panas, tangtu mawa pangaruh kana sikep jeung watek lamun diri urang gampang kapangaruhan ku hawa panas.

Bieu pisan kuring karék ngaréngsékeun maca tulisan AS. Laksana, eusina kacida mundel, manéhna ngajéntrékeun, kusabab keur aya di Finlandia, kaayaan di salah sahiji kampung di éta nagara. Finlandia, salah sahiji nagara anu aya di wewengkon Skandinavia, sababaraha taun ka tukang dilélér jadi nagara ‘sejahtera’, hirup kumbuh rahayatna pikangeunaheun, jumlah buku anu dibaca jeung dibeuli ampir kana 20 juta éksemplar dina sataun, jeung ampir euweuh jalma anu ngalakukeun démonstrasi ka jalan sabari mamawa spanduk.

Bakating ku aman jeung tingtrimna, urang Amérika kungsi nga-anékdotkeun atawa ngaluluconkeun ku kekecapan: keur ngawujudkeun sawarga anu salila ieu diimpi-impi ku urang salaku warga Amérika, hayu urang indit ka Finlandia. Sanajan kitu, ku urang Finlandia sorangan, sebutan salaku nagara anu makmur ieu sabenerna teu digugu teuing, biasa baé, lain hal anu kudu digedékeun.

Kahirupan jalma bisa tingtrim, tiis ceuli hérang panon, hawa beresih, lamun ieu alam bener-bener dijaga jeung henteu digunasika. Wewengkon anu miboga hawa tiis bakal ngalobakeun cicing, ngumpul ngariung, mintonkeun karesep, gogonjakan, jeung silih pikanyaah dina iklim paguyuban. Sabenerna geus dicontoan ku karuhun-karuhun urang, kunaon karuhun urang nyieun balé, imah panggung tina awi, téras imah, jeung saung di tengah sawah atawa di leuweung. Keur niiskeun diri, keur ngumpul ngariung sabari gogonjakan.


Lamun geus bisa kitu deui, dina tiap bulan Séptémber taun hareup jeung saterusna, anu bakal diwangkongkeun jeung jadi jejer caritaan téh moal PKI deui PKI deui, tapi bakal pindah kana ngawangkongkeun: kumaha tarékah urang sangkan susukan jadi beresih deui kawas baheula.

Posting Komentar untuk "Wangkongan Tiap Bulan Séptémber"