Rékonstruksi Film PKI Ku Budak Lembur
Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
URANG lembur sakapeung sok henteu bisa ngabédakeun antara PKI jeung Gorombolan, antukna disakompétdaunkeun baé, sing saha jalma anu kungsi asup kana gerakan DI/TII atawa PKI langsung baé disebut gorombolan. Péyorasi kecap tina alus jadi goréng, harti gorombolan sabenerna nuduhkeun kana kaayaan hiji kelompok atawa golongan anu ngébréhkeun sikep paguyuban, kompak, sauyunan. Tapi, nalika kakompakan éta dimangfaatkeun keur ngarogahala, ngajarah, ngarampog, atawa maling barang anu dipiboga ku masyarakat, ngalantarankeun kecap gorombolan teu bisa pisah jeung kalakuan jahatna hiji golongan.
Jalma anu kungsi jadi anak buah Kartosuwiryo, jalma anu keukeuh hayang nanjeurkeun tujuh kecap dina sila ka-hiji Pancasila versi Piagama Jakarta (Jakarta Charter) disebut gorombolan. Nalika pamaréntah Orde Baru jaya, jalma-jalma modél kieu disebutna ogé PKI Putih. Geus puguh jalma-jalma anu kacutat kungsi jadi anggota atawa anték komunis saméméh Orde Baru ngadeg, ditalingakeun usik-malikna, teu dibéré lolongkrang sangkan bisa asup kana wewengkon politik. Tiap taun diwajibkeun daftar ka kantor désa jeung kecamatan, kaasup turunanna ogé ditalingakeun ku aparat.
Anu matak teu anéh, antara taun 66-99, di masyarakat urang aya babasaan; nalika jalma teu boga tatakrama jeung sopan-santun tara disebut nanaon, geus pasti disebut atawa diomongan: kawas urang komunis kalakuan téh! Pamaréntah jeung masyarakat ogé ngan nepi kana wawacan yén komunis atawa PKI jeung underbow-na mangrupa ancaman latén, bahaya anu kudu ditalingakeun. Da anu nerap dina pikiran masyarakat nyaéta, PKI téh kumpulan jalma tukang ngarogahala jeung maténi papada, nurutkeun kana film G 30 S PKI anu unggal tanggal 30 September diputer dina TVRI. Carita-carita ti anu jadi kolot ogé sarua, golongan anu kungsi ngaduruk sababaraha imah jeung masigit di wewengkon Balandongan teu aya lian iwal ti jalma-jalma komunis.
Dina tanggal 30 September, anu jadi guru jeung kyai di lembur sok ngingetan, kadé engké peuting ulah henteu lalajo film PKI dina TV. Isukna angger sakola! Bérés nedunan solat isya, barudak geus andeko dariuk hareupeun TV. Lalajo téh lain di imah séwang-séwangan, da harita mah can pati euyeub jalma anu boga televisi. Lamun henteu di imah Ceu Koyah biasana di imah Kang Daday, tivi-na ogé geus loba warna-na lain dua warna hideung jeung bodas. Kuring sorangan sok lalajo téh di imah uwa pituin, da geus bogaeun tivi berwarna. Sok nepi ka réngsé lalajo film téh, anu séjén mah aya anu ngadon ngaguher kérék.
Kyai di lembur, dina waktu pangajian, saméméh barudak bubar tuluy lalajo film PKI sok mere hela panganter sajarah singket PKI jeung gorombolan di wewengkon Balandongan. Dicaritakeun ngeunaan telengesna PKI jeung gorombolan anu kungsi ngaduruk sababaraha imah di Balandongan kidul. Resep ari dicaritakeun dina format dongéng mah. Kaduana, resep ogé sabab dina peuting éta mah kyai teu ngaguar hadits jeung ngajelaskeun asbaabul-wurudl-na hiji hadits, pokona dina éta peuting mah spésial sési ngadongéngkeun kajahatan PKI jeung gorombolan.
Isukna, di sakola, barudak saentragan dina mangsa istirahat ramé pisan, nyieun kaulinan khusus dina tanggal 1 Oktober, disebutkan pépékaian (keur ngarékonstruksi deui film PKI anu dilalajoan peuting tadi). Anu jadi D.N Aidit biasana Si Agus Bujal, Si Dadun merankeun Untung, jeung barudak séjénna jaradi anték PKI ogé pasukan Cakrabirawa anu boga pancén maokkan para jéndral.
Teu jauh jeung dina film, jéndral ditalikung, dicangcang dina korsi, tuluy ditanyaan ku anték PKI, di jero kelas. Di luar kelas, anu jadi anték PKI séjénna jarogéd sabari ngalagu génjér-génjér. Budak awéwé aya anu dipaksa ku barudak lalaki sangkan jadi Gerwani nyaéta Si Eno anak Kang Buloh, kabéh ogé arapal meureun kumaha seseg jeung wewegna awak Si Eni. Bérés dipaténi, jéndral-jéndral digotong, di bawa ka tukangeun sakola, kabeneran aya sumur anu geus tara diala caina, tegesna henteu kapaké deui. Ngan nepi ka dinya, rékonstruksi film PKI anu dilalajoan peuting tadi bérés dilakonan ku barudak.

Posting Komentar untuk "Film PKI"
Sila kirim tanggapan atau saran...