Guru: Pa Tatang jeung Pa Aam



Guru Agama anu kungsi ngajar di SMPN 3 Kota Sukabumi aya dua: Pa Tatang jeung Pa Aam. Pa Tatang mah pituin urang Begég, kaluaran Pondok Pasantrén, salaku guru anu diangkat ku Departemén Agama.

Ilaharna santri kaluaran pondok pasantrén jeung pagawé Depag, Pa Tatang jeung Pa Aam tara elat maké péci/kopéah hideung tiap ngajar di sakola.

Cara ngajarna teu jauh sakumaha anu biasa dilakonan di pasantén nyaéta ngagunakeun métode sorogan. Para pamilon atikan ditanya saurang-urang ngeuanaan pasualan agama keur ngetés saha anu geus apal jeung can apal kana dasar-dasar agama Islam.

Métode kadua anu diprakkeun ku Pa Tatang nyaéta mohadloroh, pamilon atikan dibéré pancén saminggu lilana ngapalkeun jejer atawa matéri pokok anu aya dina buku pakét. Para pamilon atikan kudu bisa ngajelaskeun ka babaturanna dina minggu hareup. Cindekna, pamilon atikan ditungtut kudu wantér cumarita rék bentukna biantara atawa présentasi.

Métode katilu keur ngukur kamampuh pamilon atikan dina maca al-Qur’an nyaéta kucara nyalukan saurang-saurang tuluy dititah maca sababaraha ayat. Saleuwihna, pamilon atikan anu apal surat-surat pondok geus tangtu dibéré peunteun alus.

Béda jeung Pa Tatang, métodologi ngajar Pa Aam leuwih loba ngaguar téori jeung hukum-hukum kaislaman. Cara kadua nyaéta ngalobakeun prakték pasualan ubudiyah atawa ibadah-ibadah mahdloh; wudlu, tayammum, sholat, jsb.

Pa Aam ogé leuwih meredih barudak sangkan mampuh nyerat dalil-dalil ku ngalobakeun nulis ayat-ayat al-Quran. Hasilna naon? Sok aya sababaraha pamilon atikan ngahasilkeun karya kaligrafi tuluy dipintonkeun dina majalah dinding sakola.

Calagara kaagamaan

Di tiap sakola mana baé, hal anu dianti-anti biasana diayakeunna calagara kaagamaan di sakola. Muludan, rajaban, buka puasa babarengan, tarawéhan, jeung sholat Idul Adha di lapang sakola. Dina calagara kaagamaan ieu sok dieusi ku rupaning pasanggiri dipanitiaan ku réngréngan pangurus OSIS. Guru agama ngarahkeun sagala rupana.

Sababaraha pasanggiri anu diayakeun ku panitia calagara di antarana: biantara, ngapalkeun surat pondok, kaligrafi, fashion show, jeung adzan. Anu pang dianti-antina nyaéta fashion show. Barudak sok ngadon ger-geran sarurak jeung éak-ékkan nalika sapasang-sapasang pamilon pasanggiri mamérkeun baju-muslim, teu jauh béda jeung pragawan-pragawati anu leleumpang dina cat-walk.

Calagara kaagamaan taunan nyaéta buka puasa babarengan di sakola dituluykeun ku solat tarawéh. Calagara ieu mah biasana diluluguan ku wali kelas, jadi henteu sa-sakola. Sok béda waktu tiap kelas ogé. Para pamilon atikan geus ngarumpul di sakola wanci tunggang gunung. Keur nganti datangna magrib dieusi ku tausiyah ti Pa Tatang atawa Pa Aam.

Béda jeung kiwari, harita mah barudak mawa kadaharan ti imahna séwang-séwangan, lain parasmanan dina dahar ogé. Budak buraong sok ngahaja mawa pepetasan, biasana disundut réngsé tarawéh. Geus kairong, barudak awéwé pating jérété waktu pepetasan ngabeledug.

Salila bulan puasa, pamilon atikan ogé dibéré pancén ngeusi buku “Kegiatan Ramadlan”. Dina éta buku disayagikeun sababaraha kolom: kagiatan tarawéh di lembur, tadarusan, jeung kuliah subuh. Kudu ditanda tangan ku DKM atawa kyai di lembur séwang-séwangan. (WS)
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Tatang jeung Pa Aam"