Al-Quran geus mertélakeun, ibadah puasa mangrupa salah sahiji ibadah anu geus dicatet atawa ditangtukeun jauh saméméh Islam disebarkeun ku Nabi Muhammad SAW. Hartinya, ibadah puasa atawa tradisi nahan lapar jeung haus ti mimiti waktu fajar nepi ka surup panon poé, mémang lain hal anéh keur masyarakat Arab ogé keur masyarakat anu aya di wewengkon séjénna.
Puasa di Masyarakat Arab Jahiliyyah
Masyarakat Arab Jahiliyyah pra-Islam geus mikawanoh kana prakték jeung téori puasa, lain saukur henteu dahar jeung nginum wungkul, ogé kudu bisa ngandali amarah jeungnafsu dina sababaraha bulan anu dianggap suci. Umpamana, dina bulan Rajab, masyarakat Arab Jahiliyyah, iwal ti puasa tina nahan lapar jeung dahaga ogé diperedih kudu bisa nahan diri tina sababaraha hal, di antarana: ngucapkeun sumpah, perang, bales dendem, jeung ziarah ka Ka’bah (Hajian).
Di masyarakat Arab Jahiliyyah ogé geus sumebar kabiasaan sumpah atawa nazar, lamun hasil pamaksudan, salah saurang anggahota masyarakat arék nedunan hal anu teu biasa dilakonan umpamana; teu dahar salila sapoé ti isuk nepi ka magrib. Nazar ogé bisa sabalikna, henteu saukur pamaksudan kacumponan baé, ogé bisa kieu: salah saurang Arab moal dahar, nginum, jeung sajabanan lamun pamaksudanna can bener-bener kacumponan. Sabenerna, antara anu kahiji jeung kadua sarua baé, teu jauh béda antara pascabayar jeung prabayar lamun dina mangsa kiwari mah.
Malahan sababaraha taun sanggeus Islam sumebar jeung dicekel atau dipilih ku sababaraha urang masyarakat Arab, teu saeutik urang Arab anu sumpah atawa nazar: moal waka dahar, nginum, jeung kaluar ti imah nepi ka anu jadi budak pindah deui kayakinan tina Islam kana agama heubeul. Ku hal éta, kaciri pisan tradisi puasa di masyarakat Arab bisa disebut insidéntal sifatna.
Dina tiap bulan Ramadan, saméméh narima wahyu, Nabi Muhammad biasa niis atawa tahannuts di salah sahiji guha anu dibéré ngaran Hira. Uzlah ka ieu guha geus pasti dibarengan ku puasa, nahan tina ngalakonan kabiasaan umum, utamana nahan jeung niiskeun diri tina pasualan-pasualan sosial masyarakat Arab Jahiliyyah dina mangsa harita. Jadi, puasa mémang pernah dialaman ku urang Arab arék salaku individu atawa mahluk sosial.
Puasa di Masyarakat India
Prakték puasa ogé dilakonan ku masyarakat India. Masyarakat India anu ngagem Hindu miboga sababaraha pantrangan anu teu meunang dilakonan. Aya ogé jinis puasa anu dilakonan kalawan ékstrim, contona nyiksa diri nepi ka teu dahar jeung nginum sababaraha poé. Ceuk sakaol, Gautama kungsi meredih sangkan masyrakat ngajauhkeun diri tina rupaning kadaharan jeung inuman anu matak mopohokeun diri jeung bakal ngajauhkeun diri tina sikep wijaksana. Prakna puasa atawa ngajauhan pantrangan dina agama Budha aya ogé anu bentukna nahan diri henteu dahar nepi ka wanci tengah poé. Lima poé saméméh Gautama pralaya, umat Budha awal ngalakonan puasa lima poé.
Kayakinan Hindu jeung Jainisme ogé geus biasa ngalakonan puasa di antarana parawan anu ngagem Jainisme ngucapkeun sumpah moal waka dahar anu ngeunah nepi ka boga salaki anu bener-bener dipiharep. Dina agama Hindu ogé dipraktékkeun puasa saméméh dicalagarakeun festival atawa ritual kaagamaan.
Puasa di Masyarakat Yahudi jeung Kristen
Dina agama Yahudi jeung tradisi Judaisme dikenal puasa dina poénan Yom Kippur, poé anu aya dina kaayaan daméi. Puasa dina agama Yahudi teu leupas tina akar sajarah karuhun-karuhun maranéhna. Nalika Musa jeung kaum Yahudi éksodus ti Mesir, teu saeutik kaum Yahudi anu kudu nahan lapar salila di perjalanan. Naon anu tumiba jeung dialaman ku karuhun Yahudia (nahan lapar nalika éksodus) dijadikeun ritual puasa ku generasi sanggeusna. Pangantén awéwé Yahudi ogé bisa puasa sapoé dina poénan jatukrami. Kaum Yahudi anu kasebut soléh mah geus biasa nedunan puasa Senén jeung Kemis.
Béda jeung Yahudi, umat Kristen awal miboga kayakinan tradisi puasa teu diwariskeun jeung dianjurkeun ku para nabi. Tapi ritual atawa ibadah nahan tina lapar jeung dahaga bisa dilakonan anu saterusnu disahkeun ku Garéja salaku salah sahiji ritus ibadah agama. Béda jeung Yahudi atawa Islam, agama Kristen mah meredih umatna sangkan puasa sunat dina poé Rebo jeung Jumaah. Agama Protéstan mah méré lolongkrang ka umatna sangkan puasa sacara individu séwang-séwangan. Dina kayakinan kristen awal mah, prakna puasana téh biasana opat puluh poé saméméh paskah. Kadieunakeun mah, prakna puasa dina agama Kristen jeung Protéstan jigana ngan dilakonan ku sababaraha komunitas kristen.
Upawasa atawa Pasabrata di Nusantara
Kapitayan, kayakinan di Nusantara miboga ritual puasa anu disebut upawasa atawa pasabrata. Puasa modél kapitayan ieu henteu jauh béda prakna jeung puasa anu dilakonan ku umat Islam kiwari. Kecap puasa ogé mangrupa kecap serepan tina upawasa tradisi Kapitayan. Kusabab prakna puasa dina Islam teu jauh béda jeung anu dilakonan ku Kapitayan, teu saeutik tradisi-tradisi salila puasa Romadon dipangaruhan ku ageman Kapitayan anu geus dimodifikasi ku Wali Songo dina mangsa formatif Islam di ieu wewengkon.
Dina sawatara waktu, sababaraha sarjana jeung sejarawan ngarasa miboga kapentingan keur nalungtik éksprési kaagamaan anu dilakonan ku tiap tradisi di dunia nyaéta puasa. Dumasar kana pamaksudanna, sababaraha ahli geus ngatégorikeun puasa kana tilu bagéan, nyaéta: (1) puasa mangrupa hiji pangbagéa kagiatan penting salah saurang anggahota masyarakat, (2) puasa mangrupa sikep keur ngagugurkeun rasa hanjakal, jeung (3) puasa ogé bisa disebut mangrupa ikhtiar pangdunga saurang jalma sangkan hasil pamaksudanna.
Conto puasa salaku pangbagéa kagiatan penting nyaéta puasa anu dilakonan ku masyarakat Rumawi Kuno. Masyarakat anu boga maksud ilubiung dina calagara jeung kagiatan khusus kudu bener-bener beresih jeung bébas heula dirina tina kadaharan jeung inuman anu geus ditangtukan ku aturan harita. Dina kayakinan Romawi Kuno aya anggapan kadaharan anu beresih jeung suci bakal mawa pangaruh rongkah kana pikiran jeung prak-prakkan jalma dina milampah hiji hal. Di masyarakat Tionghoa ogé aya kabiasaan saméméh ngorbankeun hiji hal, jalma diperedih ngalakonan heula puasa keur nyucikeun dirina.
Puasa Mutih jeung Mati Geni
Iwal puasa wajib dina bulan Ramadan, umat Islam di tatar Sunda ogé biasa milampah puasa séjénna. Puasa mutih, dina waktuna sahur jeung buka puasa ngan saukur ngadahar sangu, cai hérang, teu maké samara sumawona uyah mangrupa tradisi anu geus sagulung-sagalang jeung masyarakat Sunda bihari. Mutih boga maksud nyucikeun diri. Cindekna sangkan unsur uyah anu asup kana diri jalma bisa diminimalisasi. Sok sanajan aya provokasi ti sawaréh jalma yén puasa mutih teu loyog jeung ajaran agama, ceuk basa kiwari mah henteu “nyunnah”, angger baé puasa mutih mangrupa tradisi puasa anu geus nyaliara dina kahirupan masyarakat.
Keur ngudag pamaksudan anu leuwih rongkah saperti hayang kasaktén jeung kadugalan aya anu disebut puasa mati atawa pati geni. Prakna henteu jauh béda jeung samadi atau tapabrata. Anu ngalakonan puasa niiskeun diri tina cahya srangéngé, cindekem di kamar, dilakonan bisa nepi ka sababaraha poé. Kiwari, jinis-jinis puasa modél kieu mémang geus jarang dilakonan ku masyarakat kusabab robahna jaman jeung mangsa. Manusa modérn boga anggapan kasaktian, kahébatan, jeung pangaweruh jalma anu diulik ku rupaning cara tradisional disebut khurafat. Antukna, jalma modérn museurkeun diri kana pasualan rasional, modérn, jeung ilmiah. Ngan saukur ngagugulung nalar bari ngaleupaskeun manas atawa manah.
Henteu anéh kusabab masyarakat modérn kacida ngandelkeun prosessor (akal) dina kahirupanna sabari ngapilainkeun qolbu (weruh), manusa modérn gampang panasan, ngebul, jeung teu kaop kasindir langsung pundung. Béda jeung karuhun-karuhun Sunda bihari, nalika aya hiji pasualan hal anu pangheulana dikedalkeun biasana kalimah: sing sabar.

Posting Komentar untuk "Puasa di Lembur (7): Rupa-Rupa Puasa"
Sila kirim tanggapan atau saran...