KOLOM BASA SUNDA: MUSIK

Salah sahiji bagéan seni kajaba seni rupa aya anu ngaranna "seni musik". Ti SD mula geus diwawuhkeun ku anu jadi guru kana widang "seni musik". Arék tangga nada diatonis ogé tangga nada pénta tonis geus mimiti diajarkeun di SD kelas opat. Katambah, baheula mah anu ngaranna guru SD kaluaran SPG téh kudu masagi kana sababaraha pangaweruh, salah sahijina kunu ngawasa kana pasoalan-pasoalan seni musik. Can disebut guru lulusan SPG lamun teu ngumawasa jeung bisa ngagitar-gitar acan mah.

Barudak geus diwawuhkeun kana notasi angka jeung balok ku guru SD. Lagu-lagu wajib ogé lain saukur ngalagu bari ngapalkeun lirikna, ogé kudu apal "sol mi sa si" not angka jeung cara maca not balokna. Teu héran lamun ti SD mula, kuring geus kataji jeung kabita ku anu jadi Mamang nalika ngajentréngkeun gitar, cindekna ti SD kelas lima geus aya kahayang, nya hayang bisa ngagitar. Keur seni sunda, di SD aya guru anu ku kuring dijadikeun guru maén kacapi. Nalika kelas genep geus juntrang-jentréng kana kacapi, hanjakal keur waditra seni ieu mah teu dituluykeun, henteu nepi ka lancar, malah jigana ayeuna geus paroho deui kana kacapi mah.

Ceuk sakaol, malahan lamun niténan kana sajarah pendidikan jeung atikan, teu saeutik jalma-jalma jenius, pinter, bisa jadi pinter alatan di sakolana bener-bener diwawuhkeun hela kana atikan seni, arék seni rupa atawa seni musik. Cenah, keur ngalemeskeun tabéat pamilon atikan. Salian ti éta keur ngarangsang otak katuhu-kénca sangkan saimbang. Dina zaman Barok jeung Rokoko (Barouqe and Rocco) mah seni éstuning jadi hiji pangajaran anu wajib diajarkeun ka para pamilon atikan. Lain di sakola wungkul, seni ogé diadopsi jeung diadaptasikeun kana widang politik; acara-acara karajaan teu bisa leupas tina ulubiungna para seniman jaman harita.

Mimiti dipilah jeung dipilih-pilihna seni, aya seni murni jeung seni terapan téh sanggeus révolusi industri mahabu di wewengkon Eropa. Tujuanna keur misahkeun mana seni anu asup kana téori wungkul jeung mana baé seni anu asup kana widang kahirupan masarakat. Klasifikasi seni teu jauh tina pangaruh kahirupan di tiap jaman. Umpamana tina widang seni musik, gedé pisan dipangaruhan ku kaayaan jaman jeung kahirupan masarakat. Ti jaman Hayden nepi ka Debussy baé sababaraha sempalan jeung aliran seni musik bral ka alam dunya. Lain saukur ngébréhkeun kanyaah jeung romantisme ogé beuki ngangsreg kana anu ngaranna seni perlawanan.

Réngsé Perang Dunia, industri musik beuki mahabu, piringan hitam bisa neundeun sora. Aliran seni-populer (pop-art) dipangaruhan ku industri tina widang seni musik, seni kudu bisa ngahasilkeun duit, lamun di abad pertengahan, seni ngan ukur bisa diasaan ku golongan bangsawan, di abad ka 20 mah seni bisa diasaan ku sakumna rahayat ti mimiti buruh kasar nepi ka pagawé leutik. Pop-Art mahabu, seni musik anu dihasilkeun lain saukur ngorélasikeun inteléjénsi jeung éstétika, ogé geus dipangaruhan ku hayangna populer jalma-jalma anu incikibung dina kasenian anu disebut seniman atawa musikus, ka dieunakeun mah disebut artist (orang seni).

Lagu-lagu anu dibralkeun lolobana teu jauh béda, saukur ngébréhkeun pasoalan-pasoalan cinta, kadeudeuh, mélankolis, sanajan musikna miboga génré Rock and Roll angger baé eusi lirikna mah kaasup kana lagu-lagu méllow. Ngan teu saeutik para seniman anu kudu nyalametkeun musik: idéalisme antara musik jeung lirik kudu tetep dipintonkeun, jinis musik blues jeung jazz bral, kadieunakeun aya hip-hop jeung rap diteruskeun ku alternative jeung indepénden (indie). Basajan musikna mah tapi ngandung pesen moral jeung anti kana naon anu dilakonan ku pamaréntah.

Keur SMP mimiti wawuh ka Bach, Bethoven, Mozart jeung komposer klasik séjénna. Teu anéh lamun keur diri kuring, jinis musik jeung lagu naon baé geus pasti dilalab. Waktu SMA mimiti ceuyah lagu-lagu grunge, hardcore jadi primadona keur barudak harita. Kuring ogé ulubiung, lain resep ka Canibal Corpse atawa Napalm Death tapi resep ajrag-ajraganna baé, bari silih siku jeung barudak. Ari nilik kana eusi lirik lagu-laguna mah da matak ngajauhkeun urang jeung agama, da mémang génré musikna ogé agnostik, anti ka Gusti. Ceuk pikir, kieu meureun ari musik bangsa sétan mah, bebeledugan jeung riweuh teu puguh.

Ngan keur anu rareuseupeun mah ritual-ritual pamujaan ka sétan ogé teu weléh dilakonan baé. Kayaning meuncit hela kelenci atawa sato séjénna méméh manggung, aya ogé anu nguyup getih sato anu meunang meuncit téa. Teuing kusabab kayakinan atawa mémang hayang kaaksi jeung kasohor baé.

Keur ngimbangan seni musik agnostik, bral deui seni musik Nasyid, lagu ku cara acapella, teu maké waditra, cenah dipangaruhan ku sababaraha hadits anu ngaguar lamun waditra seni anu maké senar jeung ditiup téh ciptaan iblis. Nasyid béda jeung gambus atawa qosidah, génréna teu kapangaruhan ku wirahma musik padang pasir, leuwih modérn da acapella ieu teu leupas tina pangaruh musik Geréja jeung Canon abad pertengahan. éta -éta kénéh ngan béda eusi. Kadieunakeun mah geuning nasyid saolah jadi lagu anu sifatna éksklusif, diaku-aku salaku génré lagu anu dilahirkeun ku hiji kelompok.

Beuki maju peradaban geus pasti saimbang jeung beuki nambahna pasoalan-pasoalan kahirupan. Barudak ayeuna mah teu kudu hésé deui keur milih-milih aliran mana anu rék dicokot. Ngan aya hanjakalna, atika seni di sakola-sakola jarang anu ngaguar kumaha sajarah seni musik. Atikan ieu tangtu penting keur méré bongbolongan ka barudak, ulah nepi ka barudak ngan saukur resep kana seni musik wungkul tapi kudu bisa ngulinkeun hiji waditra seni, komo kana waditra seni daérah anu geus kagerus ku motékarna jaman. Contona, lamun dibéré dua pilihan, barudak ayeuna sina milih kacapi suling atawa K-Pop, nya geus kateguh pasti pilihanna. [ ]

KANG WARSA | RJFM 107,9 MHz

Dikirim melalui BlackBerry®

Posting Komentar untuk "KOLOM BASA SUNDA: MUSIK"