KOLOM: PASAR PELITA

Ulin – arék disebut ulin atawa obsérvasi Basa ahéngna mah- ka Pasar Pelita lain arék balanja, tapi éstuning bener-bener ulin. Ti saprak boga motor nepi ka ayeuna geus jarang pisan ulin jeung balanja ka Pasar Pelita. Anu jadi alesan utama mah, wegah wé mawa motor kudu aksruk-aksrukkan ka pasar anu jalanna padedet ku angkutan umum, anu balanja, jeung tukang dagang. Ongkoh deui asa pamohalan motor bisa diasupkeun ka Pasar Pelita. Ngan bieu mah, ngahaja nyimpang ka éta pasar.

Nurutkeun sababaraha sumber, kurang leuwih aya kana 400 tukang dagang malah bisa leuwih anu nyiar rejeki di éta pasar. Lamun dijumlah-jamléh jeung tukang dagang Kaki Lima (PKL) mah jigana leuwih kana 600 tukang dagang anu nyiar rejeki di sabudeureun éta pasar. Katénjo pisan kumaha robahna kahirupan di Kota Sukabumi, utamana dina widang pangwangunan lamun niténan kalawan jero aktifitas jalma di Pasar Pelita. Taun ka taun, ti hiji dékade ka dékade séjénna asa gancang pisan robahna kahirupan di pasar Pelita.

Pasar Pelita, niténan kana ngaranna ogé ayana béh dieu saméméh pasar Gudang. Diwangun di jaman Orde Baru kumawasa, kecap Pelita sorangan nimu tina akronim Pembangunan Lima Tahun (Pelita) , hiji program andelan pamaréntah Orde Baru. Mimiti di wangun mah can nénjokeun aktifitas anu signifikan ari lain nempokeun kumaha ilaharna aktifitas umum di pasar, aya tukang dagang anu mareuli jeung nyewa kios, masarkeun daganganna ditambah ku pasuliwerna jalma-jalma anu arék baralanja di éta pasar.

Nalika masih kénéh diuk di bangku SD, dina poé peré sakola kuring jeung babaturan sok ngahaja ulin ka dayeuh, tamba kesel sakapeung sok méngkol hela ka Pasar Pelita, ngalalajoan naon? Ari lain nénjoan barang-barang anu dijual mah. Teu saeutik barudak saentragan geus bisa ngala duit jeung ngamangpaatkeun kaayaan pasar ku cara dagang kantong kérésék, lain barudak salembur tapi barudak ti lembur séjén atawa biasana anu warantéran kitu mah barudak anu imahna deukeut ka éta pasar.

Ceuk pikiran, tibatan ulin ka pasar bari henteu ngahasilkeun beubeunangan – duit - mendingan minggu hareup mah nyobaan ngalakonan usaha siga barudak di pasar, dagang kantong kérésék jeung bisa sakalian kuli punggal-panggul mawa barang balanjaan batur ti pasar ka terminal Angkutan Umum di Ramayana. Nya, tékad samodél éta ku kuring diomongkeun ka babaturan salembur, malah maranéhna ogé panuju jeung kuring, minggu hareup mah tibatan ulin tambuh bari teu ngahasilkeun duit leuwih hade dagang kantong kérésék baé.

Teu gampang gening dagang kantong kérésék di Pasar Pelita téh. Komo keur barudak anu masih kénéh narongtot lého mah, anyar jadi tukang dagang kantong kérésék, teu apal kumaha sangetna médan danalaga di pasar, katambah umur ogé karék 10 taunan harita téh. Kudu paséréd-séréd jeung pahela-hela jeung tukang dagang kantong kérésék anu umur jeung pangawakanna leuwih seuseug tibatan kuring.

Poé minggu, réngsé milu pangajian subuh, bral barudak saentragan arindit ka pasar dina angkot. Maraké sapatu da ngomong ka kolot mah lain arék jadi tukang dagang kantong kérésék, tapi rék olahraga ka Lapang Merdéka. Dihayohkeun ku anu jadi kolot ogé.

Mimiti apal kahirupan pasar isuk-isuk , hemeng anu aya. Kudu kumaha ngamimitian dagang kantong kérésék téh. Mawa duit kana Rp. 2.500, dibeulikeun baé kana kantong kérésék di Toko Plastik, tuluy nawar-nawarkeun ka jalma anu baranja di pasar, " Kantong, Bu!?" atawa. " Bilih badé dipang manggulkeun ku abdi balanjaanna, Bu?". Ah teu éra, da jauh ti lembur. Rupa-rupa watek jeung karakter jalma anu balanja di Pasar Pelita harita, lamun nyanghareupan ibu-ibu anu bageur mah tawaran téh sok dijawab ku kecap anu nyugeumakeun, " Antosan sakedap nya, jang..!"

Bérés ngawadahan balanjaan kana kantong kérésék sakalian sok dititah pangmawakeun balanjaan ka kios atawa jongko anu séjén nepi ka anu balanja bérés balanjana , terus dipanggul dibawa ka terminal angkot. Ku cara kitu, sok meunang duit kana Rp. 500,- mah. Asa reueus haté, leutik kénéh geus bisa meunang duit hasil késang sorangan lain meunang ménta ti anu jadi kolot. Sugema anu ka-duana, bisa manggihan anu balanja boga sifat bageur.

Tapi ari nasib keur naas mah, nalika nawarkeun kantong kérésék atawa buburuh manggul ka ibu-ibu anu miboga budi kucem. Ditawaran, " Bilih badé dipang manggulkeun balanjaanna ku abdi, Bu!" Dijawabna téh, " Panggul wé ieu awak ibu!" cenah. Karasa nyeletit kana haté ogé mimiti dikitukeun mah, ngan kadieunakeun mah kusabab biasa nya jadi hiji hal anu lumrah.
 
Kaayaan Pasar Pelita harita kacida jauh béda jeung kaayaan ayeuna. Ari dina becrék nalika usum ngijih mah nya sarua baé. Bédana lain nanaon, jalma anu baralanja di pasar can pati euyeub kawas ayeuna, katambah ti totogan Stasiun Karéta Api nepika tungtung Jl. Stasiun Timur Beulah kulon can kaliwatan ku angkutan umum jurusan Sukaraja kusabab jalan dijieun jongko-jongko anu jarualan.  Jumlah jalma anu boga motor ogé can pati loba ari lain tukang ngojég jeung pagawé anu mampu meuli  motor mah. 

Ayeuna mah beuki karasa bédana, pasar beuki padedet jeung heurin usik. Bener, ngaranna ogé pasar lain kuburan. Keur anu teu biasa balanja kaperluan rumah tangga ka Pasar Pelita geus pasti  bakal timbul sikep wegah balanja ka pasar deui. Komo lamun geus mimiti asup bulan puasa, karasa pisan perluna pamaréntah nyadiakeun pasar anyar anu tempatna lain di puseur dayeuh. Ku basa barudak ayeuna mah kudu aya rélokasi, rénovasi,révitalisasi, jeung rékonstruksi pasar-pasar di masing-masing kecamatan anu miboga fasilitas sarua jeung pasar gedé anu aya di puseur dayeuh. 

Pamaréntah ogé lain teu boga maksud ka dinya meureun, ngan nénjo kana waragad anu kacida gedé keur ngayakeun révitalisasi pasar-pasar anu aya di Sukabumi henteu saimbang jeung PAD Kota Sukabumi, antukna tiap taun ogé usulan keur ngarévitalisasi pasar teu bisa dicumponan sagemblengna ari lain ngoméan jalan anu ngaliwatan ka pasar mah. Waragad keur ngarévitalisasi Pasar Pelita baé merelukeun duit kana 15 milyar. Malah kabiasan di nagara urang mah, dina anggaran 15 milyar éta anu kapakéna paling gedé ngan nepi ka 60%-na, lain hal anéh da ieu geus jadi rusiah umum, akibatna mah katénjo dina umur jalan anyar, paling ogé karék nincak umur 6 bulan geus dirénovasi jeung ditambal deui. Lamun arék ngabandingkeun jeung nagara-nagara di Eropa mah nya wayahna baé kudu kerung jeung mikir hela sababaraha kali. 

Antukna, jalan kaluar sababaraha pasoalan-pasoalan di nagara urang mah tara napak kana substansi masalahna, naon masalah utamana. Siga kamacétan, masalah utamana mah nyéta: lega jeung ukuran jalan teu saimbang jeung jumlah kendaraan, trotoar-tortoar anu ganti fungsi jadi lapak PKL, jeung kurang diwangunna jalan-jalan utama anu ngahubungkeun Kota Sukabumi jeung Kota Séjén.

Jawaban keur pasoalan umum antukna, nya dijawab sapereluna, teu kudu bérés nepi ka akarna. Anu séjénna, dina ngarencanakeun arah pangwangunan jeung arahan téknisna kurang jéntré. Daérah A arék dijieun daérah naon? Wewengkon B arék dijieun sentra usaha jeung kagiatan naon kurang diperhatikeun ku pamaréntah.

Paradigma pangwangunan tina Top Down kana Bottom Up ogé antukna teu jauh béda jeung paradigma baheula, kitu-kitu kénéh da pangwangunan teu dikonsép kalawan soson-soson , ngan saukur kumaha carana sangkan anggaran kaserep wungkul.
 
KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Dikirim melalui BlackBerry®

Posting Komentar untuk "KOLOM: PASAR PELITA"