KOLOM BASA SUNDA: NYABU

Raména aya istilah “nyabu” kabéhdieunakeun, sabada réformasi. Istilah-istilah kontémporér anu miboga dua nepi ka sababaraha harti beuki mahabu nalika alam geus panggih jeung kamerdékaan cara mikir jeung ngungkapkeun kamandang. Dina harti saujratna, “nyabu” aya patali jeung kalakuan jalma owah gingsir nalika ngagunakeun obat-obatan jinis narkotika, sabu-sabu. Mimiti dipintonkeun dina acara TV: Buser, waktu jalma-jalma owah gingsir kacerek ku pulisi waktu ngayakeun pésta “nyabu”. Jinis obat-obatan anu dilarang dipaké jeug digunakeun,  anu teu dipikawawuh saméméhna arék ku urang kota komo ku urang lembur.

 

Kecap ambigu tina “nyabu” mimiti sumebar nalika hiji lagu anu dihaleuangkeun jeung dipopulérkeun ku “Alam Mbah Dukun”. Henteu di lembur jeung di kota apal cangkem kana lirik ieu lagu. Populérna lagu “nyabu” saheuleut reujeung jeung populérna “nyabu” anu miboga harti lugas. Noam Chomsky méré kamandang ngeunaan kecap-kecap populér saperti kieu teu bisa leupas tina pangaruh kaayaan, tumuwuhna kecap-kecap ambigu anu miboga sababaraha harti mémang teu bisa dijadikeun ukuran lamun basa ngalaman hiji déviasi, tapi bisa méré bukti lamun basa-basa éta digunakeun di hiji lingkungan anu mémang éta kecap keur meujeuhna trénd.

 

Henteu anéh, budak leutik nalika ditanya ku babaturanna: “ Arék ka mana, A?” ngajawab, “ Arék nyabu di Mang Kosih!”. Ngan ngaranna ogé basa-pop, pop-word, gancang sumebar, dipaké ku umum, gancang ogé melempemna. Ayeuna geus henteu pati euyeub jalma anu ngagunakeun kecap “nyabu” nalika arék ngabubur, cukup ku kalimah: “ Arék ngabubur” baé. Saumur jeung populérna lagu: sabu-sabu anu dihaleuangkeun ku “Alam Mbah Dukun”. Ngan keur kecap lugas mah, anu ngaranna “nyabu” lain melempem tapi ngalaman améliorasi dina polah tapi ngalaman spésialisasi dina harti. “Nyabu” lain saukur dilakukeun ku jalma-jalma biasa anu miboga duit keur meuli sabu-sabu, ayeuna mah bisa dilakonan ku saha baé; tukang mulung runtah, anu jajaluk, jeung barudak galandangan, kecapna ngalaman spésialisasi tina “nyabu” kana ngelém. Tapi dina polah mah nyirénkeun sikep anu sarua nalika jalma-jalma anu boga duit keur meuli sabu-sabu nyeuseup haseup sabu tina bong.

 

Kecap “Nyabu” tina harti asal terus dikonvérsikeun kana kecap “nyabu” lain harti saujratna lamun niténan kana wangunan kecap mah ngalaman anu ngaranna péyorasi, miboga harti anu turun kualitas darajatna. Kabéh ogé pada apal, teu kabéh jalma bisa ngalakukeun hiji hal anu dilarang ku agama boh darigama, “nyabu” ngan bisa dilakukeun ku jalma anu jegud, boga waragad keur meuli sabu-sabu. Nalika kecap “nyabu” ngalaman péyorasi jeung géneralisasi, “nyabu” bisa dilakonan ku saha baé. Kyai Haji anu boga pondok pasatrén rongkah ogé henteu kagok jeung kapalang isuk-isuk pipilueun “nyabu” di sisi jalan.

 

Kecap-kecap pop beuki mahabu saba’da réformasi méré hiji gambaran lamun kaayaan di nagara urang mémang keur meujeuhna resep ku mintonkeun kecap jeung ucapan. Henteu jauh jeung seringna kecap démokrasi diwawar-wawar malah diawur-awur dina acara naon baé. Padahal ceuk Rosevelt, di nagara anu geus maju démokrasina, kecap démokrasi geus jarang diucapkeun. Béda jeung diurang, kecap démokrasi ieu geus jadi babasan jeung paribasa dina kahirupan sapopoé. Malah anu anu nepi ka paraséa marebutkeun démokrasi henteu cacah heunteu ménak. Aya ogé hiji aliran politik kaagamaan anu bébéakan nangtang démokrasi tapi maranéhna hirup ngeunah di hiji nagara anu ngagunakeun sistim démokrasi, nya henteu béda jauh jeung jalma-jalma anu ngadegkeun partai ku asas agama tapi hirup jeung uluniung popolitikanna di nagara sékuler. Leuwih parna, aya jalma anu ngamusuhan bébéakan ka Amérika jeung nagara sekutuna tapi ngagunakeun barang-barang anu diproduksi ku Amérika. Bodor pingaraneunnana meureun ari embung disebut eusleum mah!

 

Atuh pantes dina taun 1928 para pamuda méré wates anu jelas ku diayakeunna Sumpah Pemuda, anu salah sahiji eusina: ngaku boga hiji basa, nyaéta basa Indonésia. Keur ngajaga bisi kahareupna loba basa anu ngalaman évolusi jeung géneralisasi. Padahal basa Indonésia sorangan hiji basa anu geus sababaraha kali ngalaman évolusi, arék tina harti ogé tina wangunan jeung éjahanna. Ieu mangrupa ciri kumaha pinunjul jeung linuwihna bangsa urang lamun dibandingkeun jeung bangsa dengeun dina miboga basa. Ngan hanjakal, loba anu henteu sadar lamun basa téh mangrupa hiji hal anu nyirikeun karakter jeung budaya hiji bangsa. Ayeuna mah leuwih mintonkeun logos jeung waruga dina ngébréhkeun budaya bangsa tibatan kudu meraktékkeun basa sorangan dina kahirupan rapopoé. (*)

 

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

 

Posting Komentar untuk "KOLOM BASA SUNDA: NYABU"