KA CAI JADI SALEUWI KA DARAT JADI SALEBAK

Kanyataan jeung kaayaan jaman mémang robah ti mangsa ka mangsa. Keur anu miboga pamikiran atawa idéologi idéalis Platonik, naon anu lumangsung ayeuna mémang geus lumangsung ti dunia idé jeung alam pikiran jauh saméméh ngawujud kana dunia réalitas. Ngan, naha anu ngaranna kaayaan jeung kanyataan hirup ti taun ka taun angger robah, henteu cicing dina hiji martabat? Meureun, ieu anu ngaranna mékanisme hirup, aturan anu geus dijieun ku Alloh anu disebut sunnatulloh, ku urang deungeun mah sok disebut, hubungan kausalitas. Lamun nénjo kana kaidah umum éta hukum, jigana prinsip pamikiran kaum Qodariyyah jeung Jabariyyah téh geus waktuna kudu ngahiji. Jaman beuki édan mangrupa akibat tina beuki mahabuna manusa-manusa édan.

Naha anu Maha Suci cicing baé? Naha anu Maha Suci ngantep baé, geus puguh jalma anu diciptakeun ku anu Maha Suci téh aya dina kanyataan “Homo homini lupus”, perang ti ditu di dieu, paagul-agul ku calon anu dirojong bari ngajejeléh calon séjén? Naha anu Maha Kawasa ngantep baé, siga henteu kawasa keur nyarék jalma dina hirup anu beuki pagujud? Henteu kitu, Gusti anu Maha Suci dina nyiptakeun naon hal henteu leupas tina hiji téknologi anu maha canggih. Kumaha canggihna, naon anu lumangsung di alam ieu, naon anu dilakonan ku manusa, bakal meunang akibat kalawan otomatis. Ku kaum fuqoha jeung jalma-jalma anu ulukutek dina bab élmu fiqih mah disebutna pahala jeung siksa. Lamun manusa ngaruksak alam, mékanisme anu bakal lumangsung nyaéta henteu konsisténna alam, rusakna konstélasi alam, bakal mawa akibat kana balahi jeung karuksakan.

Dina kahirupan sosial ogé henteu béda jauh. Nagara urang disebut nagara gemah ripah loh jinawi, gemah ripah répéh rapih. Éta dina tataran ide, da ku kanyataan hirup ayeuna, geus loba jalma anu cicing di ieu nagara ngarasa pesimis malah apatis ku henteu adilna kahirupan. Gemah ripah loh jinawi téh saukur keur para gegedén, da ari masarakat di handap mah anu karasa gemah ripah répéh ripuh. Akibat hiji hal, henteu saluyuna antara kanyataan alam jeung tabéat manusa anu beuki sarakah. Nagara anu diibaratkeun lir sakeupeul inten sawarga anu diawurkeun, can bisa ngawujudkeun sawarga ka rahayatna. Alatan nagara jeung pamarentah can bisa ngokolakeun SDA keur kamakmuran hirup rahayatna.

Lain kukulutus kana kanyataan jaman, da sagala rupa ogé bisa dioméan ku cara hadé tur alus. Aya anu ngomong, leuwih alus ngoméan kanyataan saeutik-saeutik tibatan kukulutus bari ngagogoréng nagara sorangan. Tapi, kanyataan jeung fakta-fakta anu karandapan ku rahayat leutik kudu dibéjér béaskeun sangkan urang hudang tina saré anu tibra. Cindekna, ulah nepi ka urang salaku manusa dina hiji waktu nyalahkeun ka Anu Maha Kawasa anu ngalantarankeun hirup sing sarua rupek, geus jelas ripuhna hirup téh apan dibalukarkeun ku beuki mahabuna manusa-manusa sarakah, arék ngeruk SDA terus dijual ka nagara deungeun, ogé sarakah ku kakawasaan. Kakawasaan diparebutkeun bari poho saha ari urang? Naon balukarna tina papaséaan jeung sasama warga nagara?

Pemilihan Umum téh mangrupa salah sahiji tarékah keur méré wates kana kakawasaan anu dicekel ku hiji golongan atawa tirani. Démokrasi ditanjeurkeun téh lain keur ngalahirkeun tirani ku hiji kelompok, sabab nalika kakawasaan diparebutkeun terus dicekel ku hiji golongan antukna anu bakal nanjeur nyaéta tirani golongan. Rahayat anu milih saukur bisa ngabetem jeung balem baé. Ngan nalika rahayat anu récét teu puguh, pamaréntahan tangtu moal bisa neugtreug mulus rahayu. Di dieu pisan karasa pentingna  falsafah hirup “Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.” Pemilihan Umum Presidén lain tarékah sangkan hiji golongan leuwih nanjeur ti batan golongan séjén, tapi keur néangan tarékah solutifbralna pamingpin anu baris mawa nagara ieu kana kamakmuran rahayat. Anu nangtukeun rahayat, rahayat anu dina istilah Mac Iver mah, hiji sistem tina kabiasaan jeung aturan hirup – nungtut ayana rempug jukung sauyunan ti sakabéh golongan. Kalimah anu gampang diucapkeun tapi hésé dilaksanakeun. (*)
KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Posting Komentar untuk "KA CAI JADI SALEUWI KA DARAT JADI SALEBAK"