Béda pisan antara ngabuburit dina taun 80-an jeung ayeuna. kontéks budaya jeung kamajuan téknologi informasi anu ngarobah kana hal-hal dasar masalah ieu. Niténan kana wangunan kecap, ngabuburit miboga harti kecap anu nuduhkeun pagawéan, hiji prosés, ngeusi wanci muru ka buritnakeun. Dina kaayaan saperti kitu tangtu loba hal anu dilakonan ku anu milampahna. Kusabab jalma teu bisa leupas jeung lingkungan di mana maranéhna hirup, bakal béda antara ngabuburit heubeul jeung kontémporér.
Aksés jalan ka Balandongan henteu kudu dicaturkeun kawas kiwari, da puguh sapatu jeung sendal jepit ogé ampir unggal poé panggih jeung batu atawa taneuh. Bisa panggih jeung aspal téh lamun ku anu kolot pituin di ajak ulin ka dayeuh. Kaayaan samodél kitu mawa pangaruh ka barudak lembur dina ngeusi wanci muru waktu dur bedug maghrib ku cara ngabuburit ulin ka sisi lembur. Hawa usum halodo karasa haneut, srangéngé manceran ti belah kulon, ninggang kana tangkal pare anu meujeuhna rampak, usum langlayangan geus dimimitian. Sawah anu pernahna wétaneun leumbut, anu brasna ka Padangényang jadi pamuruan barudak jeung kolot.
Mimiti euyeub anu ngapungkeun langlayangan nalika wanci geus nuduhkeun méméh panon poé tunggang gunung. Sok ramé éak-éakan ku barudak nalika langlayangan pihak batur diéléhkeun ku pihak Beulah dieu. Babakuna ka pihak batur téh nyebut musuh, ka pihak ieu nyebutna lalakon. Anu boga sawah sok molotot , sanajan apal ieu téh bulan puasa, tapi waktu nénjo sawah ruksak ku anu megat langlayangan mah kasabaranna leungit. Ucapan anu biasa kaluar ti kolot lembur saperti; kanjut siah!, kéhéd, bebel, jeung kunyuk mapaésan sungut para patani nalika nyarékan ka barudak anu gupak dina lautan tangkal paré.
Asup ka taun 90-an, mimiti mahabu ngabuburit ku ngeusian TTS (Teka Teki Silang). Dariuk ngadarepong jeung lalangiran di téras imah. Ari maca soal dina TTS ngahaja ditarikkeun, nalika teu bisa ngeusian sok tatanya ka papada batur. Di sababaraha warung ngahaja dijual TTS, hargana murah ngan lima ratusan hijina. Budak anu loba duit mah sok ngahaja ngaborong buku TTS, aya ogé budak anu ngadago-dago baturna kesel, meureun disebutna kolombéro TTS. Pulpén téh mangrupa pakakasan anu kacida dipikabutuhna harita mah. Tara karasa, waktu mémang nyérélék, dur bedug, anu ngareusian TTS riab, lalumpat balik ka imahna séwang-séwangan.
Révolusi téknologi jeung informasi ngangsreugna kacida gancang. Asup ka alam réformasi mah cara ngabuburit geus pindah kana rupaning hal anu teu jauh jeung budaya cyber. Ngapungkeun langlayangan geus diganti ku tumpak motor, nguriling mapay-mapay jalan ti lembur ka lembur. Ngeusian TTS kalindih ku nga-update status dina media sosial. Ngaji ba’da ashar di masigit ogé geus diganti ku lalajo pangajian dina TV. Ampir kabéh stasiun TV nyuguhan masarakat ku pangajian jeung ceramah Romadhon. Kaum ibu bisa ngadéngékeun da’wah ti para ustadz kakoncara sabari cuh cih usukan-asakan, henteu kudu deui leumpang ka masigit anu jauhna kana 200 météran. Pangajian bisa dilalajoan bari nyangkéré, heunteu kawas di masigit, pangajian téh kudu diregepkeun sabari émok cabok, jalingkak kasebutna lamun aya ibu-ibu anu ngaregepkeun pangajian sabari nyangkéré.
Aya benerna, naon anu disebutkeun ku Adrian Wooldridge dina buku: Masa Depan Sempurna; Janji dan Tantangan Globalisasi, Pangéran-pangéran anyar ngawujud hasil tina kamajuan. Lamun dina kayakinan kristiani anu disebut trinitas suci abad pertengahan téh: Tuhan Bapa, Jesus, jeung Ruhul Kudus. Dina mangsa kiwari, tritunggal suci anu disuguhkeun ku kamajuan jaman nyaéta; TV, Komputer, jeung smart-phone.
Masarakat modern heunteu saukur ditibankeun ka jalma-jalma anu caricing di kota salaku masarakat urban, urang lembur jeung anu aya dipasisian ogé geus bisa milampah naon anu dilakonan ku masarakat urban. Masarakat Neo-urban lamun nénjo kana jumlah, malah leuwih loba. Hartina, urang kudu miindung ka waktu mibapa ka jaman bari henteu ngaleungitkeun hal-hal substansif anu dipiboga ku diri sorangan. Sanajan urang Cikundul atawa Citamiang faséh cas cis cus ngomong basa gaul jeung basa Inggris, angger baé létah mah létah Sunda. Sok sanajan urang mikaresep kana music Rap, Grunge, Hardcore, jrrd, angger wé disuguhan lauk betok jeung peda mah cacamuilan.
Sanajan dina TV-TV jeung radio dipinuhan ku acara pangajian-pangajian jeung siraman ruhani, angger baé pangajian minggonan ka masigit mah tetep kudu dilakonan. Sanajan mobil jeung motor geus pada aralus angger baé anu ngaranna ngabuburit mah hiji pagawéan anu dilakonan keur muru dur bedug maghrib. Tujuanna sarua, anu béda saukur cara…
Kang Warsa
--
dikirim dari Smartphone OPPO saya
dikirim dari Smartphone OPPO saya
Posting Komentar untuk "BULAN PUASA HANCA KA-TILU"
Sila kirim tanggapan atau saran...