Anu boga telepon kabel dina taun 90-an katompérnakeun di lembur kuring bisa kaitung ku ramo sabeulah leungeun, aya tilu urang; Aki Ukat, Uwa Éém, jeung Mang Ja’i. Bisa disebut jalma-jalma beunghar jalma anu boga telepon kabel téh, da masih mangrupa pangabutuh térsiér dina mangsa harita mah. Sanggeus telepon kabel, mimiti aya Wartél, Warung Télékomunikasi, ogé sok disebut Warung Télkom, ngan aya dua wartél, digunakeun ku masyarakat keur nelepon ka luar negeri, utamana ka Saudi, nanyakeun kumaha iber anu keur nyiar kasab di Saudi Arabia. Ku sababaraha nonoman mah sok dipaké nelpon ka kabogohna anu geus masang kabel di imahna.
Keur ngawangkong ‘jarak jauh’ jeung babaturan anu boga telepon kabel biasana salian di wartél, ogé sok ngagunakeun telepon umum koin. Ngan kitu téa, angger baé ku telepon umum koin mah urang lembur kudu ka dayeuh, da can aya jeung dipasang telepon umum koin di wewengkon Balandongan jeung sabudeureunna mah. Ninggang ka barudak anu keur meujeuhna begér mah, sok sanajan kudu ka dayeuh ogé henteu jadi soal, anu penting bisa ngwangkong jeung anu jadi kabogoh, dina telepon umum koin.
Réngsé telepon umum koin, kaluar deui trend anyar, telepon umum ngan lain ku duit kencring, tapi make kartu. Henteu pati euyeub kawas telepon umum koin, ngan ditempat-tempat anu tangtu PT Telkom nyadiakeun éta fasilitas. Rada meueusan ari nelepon ngagunakeun kartu mah, da bisa sareujeung dina makéna jeung babaturan.
Révolusi Téknologi jeung Informasi terus ngangsreg, masih dina médio taun 90-an, mimiti diwanohkeun pager ka masyarakat. Anu jadi konsumén éta fasilitas nyaéta kelompok ‘menengah ke atas’, sabenerna lain kusabab urang lembur teu bisa meuli éta barang, tapi da mémang can dipikabutuh baé. Anu jelas, kamajuan dina widang IPTEK éta mawa pangaruh anu pohara kana robahna cara masyarakat, utamana para nonoman. Anu asalna méré iber ka kabogoh ku cara nulis surat, babakuna dina nyieun surat téh bisa panjang nepi ka dua kaca, dina kertas ukuran folio, anu diserat kaditu-kadieu, padahal inti masalahna mah sok aya dina panungtung surat. Sok make panambah ongkoh anu disebut NB ku Basa Inggris biasana, teu paduli salah nyerat ogé, umpamana I Love You diserat ay lop yu.. nu penting pamaksudan nepi ka anu jadi kabogoh.
Dina tungtung taun 90-an mah anu ngaranna silih suratan geus henteu pati euyeub, da kamajuan IPTEK geus ngondisikeun kaayaan jalma tina merih jeung daékan kudu kaluar tanaga jeung késang dina migawé hiji hal kana cara gampang jeung henteu kudu ngaluarkeun tanaga leuwih dina milampah pagawéan. Téknologi diciptakeun keur ngabantu jalma dina migawé hal-hal anu merlukeun tanaga leuwih kana cara anu leuwih praktis.
Taun 1996, mimiti dipikawanoh ponsél ku masarakat, dedeganna ogé masih baradag, saimbang jeung hargana, bisa nepi ka 1.5 juta – 4 jutaan, padahal fasilitas anu aya dina éta ponsél kawilang masih basajan, dipaké nelepon, SMS, ngirim data via infra red. Henteu kabéh jalma ngabutuhkeun ponsél dina mangsa harita mah, ngan jalma-jalma khusus, umpamana businessman, tapi nya kitu téa, lolobana saukur dipaké keur gagayaan wungkul, keur némbongkeun ka batur lamun urang téh jalma anu pangheulana boga barang anyar hasil téknologi. Ulah ngabuar sinyal atawa jaringan dina taun 90-an mah, nyekel ponsél di lembur mah sinyal kacida mélékététét, arék nelepon atawa ngirim SMS kudu néangan hela sinyal, malahan kudu naék hela kana tangkal. Kaciri pisan kumaha dina mangsa ka hareupna anu ngaranna hasil téknologi téh bakal ngajajah jalma. Éta wék buktina..
Asup ka taun 2000-2005, barang-barang télékomunikasi beuki mahabu, kaasup mérékna ogé beuki loba. Barudak di lembur geus mimiti mareuli ponsél, hargana beuki murah, anu asalna sajuta ka luhur, harita mah ku duit 500 rébu geus bisa ngapimilik ponsél. Ukuran ponsél ogé geus mimiti ngaleutikkan, bisa disakuan. Sababaraha provider layanan télékomunikasi ngamimitian ngawangun BTS-BTS di tiap kecamatan. Telepon umum jeung telepon kabel kalindih, malah jarang dipaliré deui, bisa disebut jadi rongsokan anu ngajogrog di sisi jalan, dipinuhan ku seratan-seratan, nya kadieunakeun mah ruksak wé, teu kaurus deui. Layanan SMS bisa disebut mangrupa layanan primadona, waragad sa-SMS masih bisa disebut mahal, antara 150 nepi ka 350 pérak, ngan ka dieunakeun mah sababaraha operator ngaluarkeun kawijakan anyar; aya anu ngaranna pulsa pakét SMS, SMS murah ka sasama operator, malah aya bonus SMS sagala lamun geus ngirim sababaraha pesen.
Pesen jalma diberengkes, tina asalna dua nepi ka tilu kaca kertas jadi ngan sababaraha karakter, eusi pesen lain saukur beuki éféktif ogé beuki saringket tina tiap kecap. Mimiti mahabu kecap-kecap anyar saperti; asl, lez, gpl, luv, jrrd. Nalika waragad SMS beuki murah, barudak beuki anteng baé ngagunakeun ponsél. Mimiti boga ponsél biasana sok silih tukerang ring-tones, sok aya ogé anu ngahaja meuli majalah anu aya eusi format jeung kode-kode ring-tones. Ponsél Nokia bisa disebut rajana dina mangsa harita nepi ka kaluar deui hp modél anyar anu bisa muter lagu-lagu format MP3, bisa muter vidéo ogé ngarékam sora jeung video. Dina hiji barang ngawengku lima fasilitas; telepon, pager, walkman, kaméra, jeung VCD Player.
Heunteu lila ti harita, bral deui ponsél anyar, disebut ponsél cerdas. Blackberry ngawanohkeun fasilitas key-pad QWERTY. Sababaraha ponsél geus bisa dihubungkeun kana internet, layanan masih GPRS, lagu jeung video bisa didownload, ngirim pesen geus mimiti ngagunakeun layanan internet, email, yahoo messenger, BBM, kadieunakeun mah mahabu medsos, hiji jalma nepi ka aya anu boga lima akun médsos. Lumpat ka dieu, lumpat ka dieu, tina hiji médsos pindah ka médsos anu séjén. Ngirim pesen beuki murah, pakét data anu disayagikeun ku tiap provider ogé pamurah-murah. Ku nilik mangsa ayeuna mah, hiji ponsél cerdas bisa disebut geus neureuy buleud-buleud ampir kabéh barang éléktronik jeung layananna; telepon, pager, radio-tape, walkman, kaméra, video-récorder, PS, Nintendo, malah wartél jeung warnét ogé kateureuy ku hiji ponsél cerdas.
Dina mangsa ayeuna, ponsél lain mangrupa barang térsiér deui tapi geus ngawujud jadi pangabutuh primér geus teu béda jeung kadaharan jeung inuman, dina harga ogé bisa disebut geus jadi mangrupa kacang asin atawa kulub suuk. Hiji jalma rata-rata geus boga dua nepi ka tilu ponsél, rata-rata ponsél O.S Android mah boga. Sieun béakeun listrik/daya ponsél di jalan, jalma-jalma marekel power-bank, mindeng pisan katénjo jalma nyekel ponsél jeung power-bank sabari leuleumpangan di jalan, pasar, mall, ditambah ku séséréngéhan sorangan, anu jamedud jeung ambek-ambekkan sabari melong kana layar ponsél ogé henteu saeutik. Teuing gélo teuing naon, anu jelas kahirupan sosial geus asup kana hiji barang , dibabawa ka mamana. Jalma ayeuna henteu pati paduli lamun katinggaleun dompét tinimbang katinggaleun hapé. Cupu-capa kana saku baju atawa pésak calana lain néangan nanaon, tapi keur mastikeun hp kabawa atawa henteu?
KANG WARSA
Posting Komentar untuk "Révolusi Ponsél"
Sila kirim tanggapan atau saran...