Memeh Puasa

Keur umur salapan taun mah mangsa rek datang bulan puasa teh lain bungah pedah rek puasa jeung kabita ku Sasauran Kanjeng Rasul ngeunaan kautamaan Bulan Ramadhan. Eta pedah resep lamun rek nganghareupan bulan puasa teh sok remen ulin ka Cikundul atawa Bangbayang bari botram barakecrakan jeung barudak saentragan. Disebut piknik lain, da puguh ka Cikundul mah deukeut. Ngan teu cara ayeuna, da baheula mah Jalan Ka Cikundul teh can diaspal kawas ayeuna, sok sanajan deukeut oge ari ku leumpang mah teu burung cape. Resepna teh lain pedah ulinna, da puguh ari pangulinan mah sok sanajan kasebut budak cicingeun, rada lampar tur jarambah kuring teh, ieu mah resep teh pedah anu ngadon botram ka Cikundul teh lain hiji dua, tapi ampir kabeh barudak “santri Kalong” milu botram, euyeub pokona mah. Sapanjang jalan, barudak anu kawilang bangor, lamun anu geus gede..gede oge boloho, sok bari eak-eakan. Ger geran sagala.

Bekel anu ku Nini dikana mistingkeun tara alus-alus , malah lamun nenjo kana ukuran zaman kiwari mah asa pamohalan barudak kiwari anu biasa disebut budak modern, punk, atawa generasi hard-core daekeun dahar jeung sepat goreng campur bonteng lamun teu lapar-lapar teuing mah. Beda jeung budak generasi DONGENG SUNDA, GENERASI SANDEWARA RADIO BRAMA KUMBARA, piknik ka anu anggang oge dibekelan goreng endog teh geus kawilang bekel pangalusna. Atuh keur kuring oge kitu, dibekelan goreng sepat campur bonteng teh teu burung dibawa.

Ka Cikundul lain ngadon nanaon, tapi ngan saukur ngadon mandi di susukan gede, atawa ngadon ujal-ajol tina batu nu hiji ka batu sejenna. Da lamun dipikir mah, teu pira mandi di susukan, apan hareupeun imah oge susukan mah aya, sok sanajan ukuranna teu gede kawas wahangan, tapi bisa diojayan. Katambah susukan baheula mah caina estuning masih beresih teu kawas ayeuna. Ngan lain mandina anu jadi alesan keur budak baheula pada hayang milu, ulubiung jeung batur-baturna ulin ka Cikundul teh, ieu mah estuning aya hiji hal nu teu bisa dijelaskeun lamun ieu hiji hal teh bisa mawa manusa kana kaluginaan hate. Teu bisa dijawab da memang teu bisa dirampa, ngan aya hiji sebutan anu geus disebut ku Ferdinand Tonnies, nyaeta Gemeinschaft. Hiji kaayaan, individu leuwih mentingkeun kakompakan jeung paguyuban saluhureun kapentingan diri sorangan komo sorangan-sorangan mah.

Ieu sabenerna hiji conto anu alus. Ti leuleutik, barudak generasi ZAMAN WARUNG MANG JAI sok dipinuhan ku tukang areng geus nerapkeun Gemeinschaf kana dirina, lain ku sakola, tapi ku lingkungan. Balukarna teu leutik, barudak anu hirup jeung digedekan dina kaayaan Gemeinschaft leuwih kuat tibatan Gesellschaft sok apal kana dirina, sok apal lamun manehna hirup teu lain sorangan-sorangan, tapi hirup jeung batur. Teu aneh masyarakat baheula mah tara beurat birit dititah ngaberihkeun jalan, buruan, gang, jeung masigit. Gotong royong lain saukur ngajareblag dina baligo-baligo jeung ngaheurinan tulisan. Tapi estuning dipilampah ku masyarakat. Sok sanajan – tong pantaran barudak- dalam diri kuring oge harita mah teu apal… O geuning ku kikituan teh aya akibat ka hareupna nyaeta bijilna generasi GOTONG ROYONG.

Eta teh taun 1989, beh dieu keneh sabenerna mah.

Nepika taun 1999 mah budaya ulin ka Cikundul masih dipilampah ku barudak sahandapeun, ngan geus teu pati euyeub siga taun 1989. Anu jadi lantaran, ieu mah ceuk panalungtikan kuring, ieu teh dilantarankeun ku budaya anu geus mimiti ruksak. Ruksak lain kusabab diruksak ku batur tapi diruksak ku pangaabutuh hirup anu ngajak kana kudu diruksakna budaya kakompakan. Pangabutuh jalma geus pindah, hirup di taun 1999, awal reformasi, lain saukur hirup rukun, sauyunan, ngagedekeun gotong royong , jeung ngumpul salembur wungkul, tapi ti sagigireun eta, hirup teh ku leuwih nyengcelang ti batur, hirup teh kudu leuwih herang ti batur, aktualisasi diri kudu bener-bener ngawujud. Naha eta salah? Teu salah ari hayang leuwih mencrang tibatur mah, asal salila aya dina galur Need For Achievment anu bener. Ngan lamun hayang leuwih moronyony dirina tina widang jabatan, kabeungharan, hayang dipihormat, eta anu salah. Eta pisan anu ngalantarankeun ruksakna budaya urang.

Sasauran kanjeng Rasul anu unina: Sing saha jalma anu bungah nalika rek asup bulan Romadhon bakal dihampura dosa-dosana teh estu kalaksanakeun ku barudak saentragan kuring mah. Keur ngukur antara diterapkeunna ajaran Rasul atawa henteuna teu kudu jauh-jauh, teu kudu ngabahas makro jeung mikro, bandingkeun we kaayaan barudak baheula jeung barudak ayeuna dina mangsa mapag bulan puasa. Komo lamun dibahas kalawan make kaca panon makro mah. Zaman kiwari (Taun 2011 ayeuna), kumaha diri urang rek mapag puasa. Keur ngabungah-bungah sorangan, sok sanajan hate leutik mah lolobana diriung ku kabingung, keur mapag bulan puasa teh dijieun acara-acara saperti: PAWAI TAARUF, masang baligo jeung spanduk pagede-gede, jeung rea-reana deui. Ngan keukeuh we kabungah kalindih deui ku kabingung; bingung mikiran teuing dimana ayeuna si Nazarudin ayana, binngung kusabab nenjo elit-elit politik anu beuki dieu teh lain beuki alus jeung bisa dijieun pieunteungeun, malah teu saeutik masyarakat anu bingung keur munggah/ mimiti puasa kudu meuncit naon deui? Da puguh hayam geus beak dijualan keur nyakolakeun budak.

Tapi kuring yakin, masing-masing oge boga carita anu beda jeung kuring, ngeunaan bungah atawa bingungna urang dina mapag bulan puasa. Tungtungna, mana anu leuwih kuat bungahna atawa bingungna? Lamun bungahna leuwih kuat hartina, naon anu disaurkeun ku Kanjeng Rasul teh geus bener-bener ngawujud dina diri. Lamun kabingung anu leuwih mokaha, hartina… salila ieu urang ngan saukur bisa ngabungah-bungah sorangan bari sabenerna mah jauh kana kabungah.

Posting Komentar untuk "Memeh Puasa"