Rupaning Haji

Geus euyeub jalma anu ka Mekah seja nedunan kawajiban Rukun Islam anu ka-lima, Haji. Dina pangajaran Ibadah Syariah di sakola agama mah sok disebut "munggah haji ka baitulloh". Ti taun 1900-1990, teu sagawayah jalma bisa nedunan éta kawajiban, saratna kudu jegud hartina mampuh, ku santri sok disebut "lamun kawasa di jalanna".

Kalimah " lamun kawasa di jalanna" dilarapkeun ku kyai dina pangajian minggonan ku sababaraha sarat, saperti: mampu, boga waragad, awak jagjag tur séhat, ditambah ku ikhlas. Saeutikna jalma anu indit ka Mekah dina waktu ampir saabad lilana lain kusabab waragad wungkul, ogé dilantarankeun ku  alat patali marga masih basajan.

Ka béh dieu, salian ibadah haji, ku kamajuan widang téknologi, jalma boga cara séjén, umroh mangrupa hal nu teu jauh béda jeung ngajalankeun ibadah haji. Da jelas cenah aya dalilna: " Waatimmul Hajja wal 'Umrota Lillaahi". Kajurung ogé ku beuki lobana anu niat haji, ngaheureutan kana jumlah quota.

Umroh mah dikokolakeun ogé ku travel-travel swasta. Bisa indit iraha baé. Nya jelas, kudu aya waragadna. Ku waktu saminggu atawa dua minggu, jamaah geus bisa balik deui ka lembur, dikopéah bodas lamun lalaki, kadieunakeun disebut baé Kang Haji. Di masarakat urang aya pangajén, umroh disebut haji leutik.

Geus diguratkeun dina ajaran Islam, aya dua jinis haji: mabrur jeung mardud, alus jeung goréng. Sok dipedar ku kyai di lembur, haji mabrur miboga ciri, ti mimiti nepi ka tungtung. Kahiji, waragad anu dipaké nyaéta duit tina hasil ikhtiar  halal, lain meunang maksa-maksakeun. Kadua, nalika hajian, kabéh amalan dilakonan. Katilu, kaciri kumaha hasilna nalika geus balik ka lembur. Lamun haji mardud mah sabalikna.

Sok digogonjakkeun ku masarakat lembur, salian dua jinis haji di luhur , aya ogé nu disebut haji mabur jeung haji kuli. Haji mabur nyaéta jalma anu nedunan haji ngan inditna wungkul, geus nepi ka Mekah mah ngadon caricing wé di hotél. Anu penting, waktu balik kalembur meunang pangajén ti masarakat ku disebut: bapa atawa ibu haji.

Haji kuli mah jalma anu bisa nedunan ibadah haji kusabab manéhna keur kuli atawa gawé di Arab. Ngan teu disualkeun ku masarakat mah, kumaha baé tarékahna jalma nedunan ibadah haji, arék mabrur, mardud, mabur, jeung kuli, jalma anu indit ka Mekah pasti disebut "pa haji, bu hajjah".

Kungsi aya idiom atawa sebutan "haji pedit, haji kumed, jeung haji kékéd méngkéné" di masarakat. Ditibankeun ka haji anu korét. Nepi ka aya kekecapan samodél kieu , " Naha nya, sanggeus jadi haji mah jadi korét, béda jeung keur méméh jadi haji?" Nya bisa disebut meureun oknum haji.

Keun baé naon baé disebutna, pasualan haji ieu teu kudu dipedar asal-usulna, kumaha jejer jeung sajarahna ti mangsa jahiliyah nepi ka ajegna. Jalma bisa ngahartikeun sorangan-sorangan. Anu kurang pantes nyaéta: urang ngajual taneuh ka batur keur maksakeun diri hayang indit ka Mekah. Sok sanajan katénjo alus ku ayeuna, tapi akibat ka hareupna pigoréngeun. Dina ushul fiqih aya kaédah: leuwih hadé ngajauhan kagoréngan tinimbang nyokot kaalusan.

Wilujeng Idul Adha

Kang Warsa - Caca

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Rupaning Haji"