Carpon: Dana Taktis Agustusan

Ku Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

Jalan-jalan ogé geus dipulas ku apu, rupaning gambar. Malahan di jalan anu brasna ka Cihérang, para nonoman ngagambar rupa-rupa karakter kartun ti mimiti Doraemon nepi ka Micky Mouse. Aya ogé barudak anu ‘iseng’, ngagambar écéng diseratan ‘love forever’, aksarana teu alus-alus teuing. Ngan kawasna, lamun jalan-jalan anu aya di ieu nagri disorot ku kaméra satelit google, nu boga google sorangan bakal kerung, aya naon di Indonesia nepi ka jalan-jalan dipinuhan ku rupaning gambar?

Para nonoman Cihérang anu diluluguan ku ketua karang taruna, Si Ocim, lain ngan ngagambaran jalan wungkul, tiap gang dipasangan ku rupaning kaca-kaca jeung gapura. Dipasangan cécémpéh jeung nyiru, dicét ku warna beureum jeung bodas, diseratan angka 17 -8 – 1945, di luhurna diseran 72 taun Merdéka. Bandéra tina rupaning bahan, kertas, lawon, jeung plastik ngaramékeun sisi jalan. Ukuranna ogé béda-béda ti anu leutik saukuran buku tabungan nepi ka anu badag saukuran bandéra biasa.

Kuwu Jumena geus ngabéwarakeun réngsé juma’ahan ka masarakat Cihérang, cenah, lain ngan jalan wungkul anu kudu dipulas atawa dicét téh, pageur jeung imah ogé, utamana anu aya di sisi jalan, alusna mah sarua dicét. Sawaréhna masarakat aya anu ngawaro, ngecét imah jeung pageur, aya ogé anu teu ngecét nanaon, majarkeun duit keur hésé diala, duit kapaké keur mayar cicilan motor, jeung alesan-alesan séjén. Ari kitu téa mah, da euweuh paksaan dina ngecét imah jeung pageur ogé.

Susuguh, cikopi, rupa-rupa kuwéh, udud, jeung sagala rupa kadaharan disayagikeun ku masarakat. Para nonoman aratoh nakeran, pating celebek, kawas puasa manggih lebaran. Haji Ikin, salah saurang warga Cihérang anu kawilang jegud, ngan katelah pedit, dina raraga mapag agustusan mah kapaksa ngaluarkeun kuwéh kakarén lebaran anu geus arék tilu bulan diteundeun dina tékas.

“ Ngan aya sakéler deui…” Ceuk Haji Ikin mikeun kuwéh ka barudak.

“ Wios ku artos baé atuh, Pa Haji..” Salah saurang nonoman némbalan.

“ Ieu… kabeneran aya rejeki..” Haji Ikin ngasongkeun salambar duit.

“ Gocéng!” Ceuk éta nonoman sabari ngiwir-ngiwir duit ka babaturanna.

“ Kawas anu henteu apal kumaha patina Haji Ikin manéh mah!”

Sabulan saméméh agustusan. Kuwu Jumena ngondang para inohong jeung nonoman Cihérang ka balédésa, seja nyawalakeun hal naon baé anu kudu dilakonan ku masarakat dina mapag poé kamerdékaan. Sagala rupa ogé kudu dibadamikeun, bisi disebut pamingpin dictator, bisi nalika kantor désa ngaluarkeun kawijakan teu sapagodos jeung kahayang masarakat.

Rohangan balédésa geus ngebeb ku haseup udud. Ondangan jul-jol, dina sirah para ondangan geus loba pikiran jeung unek-unek anu arék ditepikeun dina sawala agustusan. RT jeung RW diuk pang hareupna, marawa buku catetan jeung pulpén, aya ogé anu ngan mawa sacewir keretas. Keukeuh dina pikiran ondangan, béré rapat atawa sawala, pasti dibagi duit transport, lumayan dua puluh rébu keur meuli udud.

Pagawé désa dibéré pancén anu béda-béda, aya anu boga pancén ngabsén jeung ngajagaan daftar hadir, aya anu boga pancén ngabagikeun ‘snack’, aya ogé anu kapapancénan ku Kuwu Jumena juprat-jeprét motoan ku tustél digital, sawaréhna motoan ku hp. Ulin Ukar geus andeko di hareup, siku kénca naleukeum kana méja, cutat-catet, kawasna keur nyatet agenda acara rapat.

“ Sok geura der buka, Ulis..!” Pok Kuwu Jumena.

Ulis Ukar muka acara rapat. Dituluykeun ku pangdeudeul ti Kuwu Jumena. Rohangan balédésa karasa ngahéab.

“ Kipas hurungkeun!” Pok salah saurang inohong. RW Apud sabari ngageber-geber buku kana dada.

Cetrék! Saklar di-on-keun. Kipas teu muter. Cetrék, cetrék, cetrék! Sababaraha kali saklar dipundah-pindah ka luhur ka handap. Anu aya di jero rohangan tanggah nénjo kana kipas. Brrr… karék kipas daékeun muteur, rarampéolan kawas jalma keur misalah leumpang di jalan butut. Jalma anu aya handapeun kipas katénjo peupeureudeuyan, sieun éta kipas ujug-ujug murag ninggang sirah.

“ Salajeungna acara utama, hayu urang sawalakeun sasarengan naon baé anu badé dilakonan ku urang sadaya dina raraga mapag agustusan..” Ceuk kuwu Jumena jéntré. “ Pihak désa tos nyatet naon baé pangabutuh kanggo nyiapkeun sagala rupana.. upami diartoskeun mah, kirang langkung kana tilu puluh jutaeun…”

“ Tilu puluh juta téh kanggo naon baé, Pa Kuwu?” Cép Lukman nanya.

“Kanggo ngagaleuh rupaning kaperluan wé, Cép Lukman. Urang sebatan… Cét, apu, lawon, plastik, awi, elém, tambang, tangkal jambé, kai, paku, nyiru, cécémpéh, hadiah kanggo lomba, sareng sajabana..” Ceuk Kuwu Jumena maca catetan, panon neges-neges kana aksara anu laleutik teuing. Seratan Ulis Ukar. “ Kantor désa parantos nyayogikeun waragad 10 juta kanggo acara agustusan. Tah, 20 juta deui hayu urang badantenkeun sasarengan. Sok manga bilih aya anu baé ngadugikeun unek-unek sareng kamandang!”

“ Abdi..” Si Ocim ngacung. “ Karang taruna tos siap bergerak!” Pokna tandes.

“ Hatur nuhun.. aya deui anu badé didugikeun..”

“ Cekap sakitu baé, karang taruna Cihérang siap bergerak, tinggal nunggu perintah!”

Kabéh anu milu sawala ngalérét ka Si Ocim.

“ Pa Kuwu!” RW Apud ngacung. “ Kuring boga kamandang, duit anu disipakeun ku désa mah ulah waka dipaké, anggap baé duit cadangan atawa dana taktis, urang kudu mikiran duit anu 30 juta, kumaha cara jeung tarékah sangkan bisa ngumpul duit sakitu, kumaha satuju?”

“ Satujuuuuuuuuuuuuuuu!” Ceuk kabéhan.

“ Saé kitu ogé, salaku kuwu, kuring ngarasa reueus masarakat Cihérang masih gaduh émutan ka dinya.”

“ Kieu baé, atos baé masarakat udunan, per-KK, lamun dipukul rata mah tiap KK kudu udunan 50 rébu séwang.. leuwih alus lamun jalma-jalma jegud mah mayarna leuwihan sabagé donator keur nutupan anu mayar kurang!” Ceuk Kang Didih, ketua LPM.

“ Kumaha upami kitu satuju?”

“ Satujuuuuuuuuuuuu!”

“ Janten, perkawis cara atanapi téknis mayar udunan, sok mangga ku para ketua Rt sareng Rw baé kokolakeun, Kantun setor baé engké ka kantor désa, ku kuring disiapkeun lokét khusus udunan agustusan. Tah, sakantenan anu aya di dieu mah atos baé otomatis janten réngréngan panitia.  ” Ceuk Kuwu Jumena.

Agustusan di Cihérang kacida rongkah, rupaning kariaan jeung lomba diayakeun, dina tanggal 17-na kantor désa ngayakeun gerak jalan. Hiburan utama ditempatkeun di buruan kantor balédésa; gendang penca jeung dangdut. Ku modal kompak, duit 30 juta ogé bisa ngumpul.

Isuk-isuk, wanci haneut moyan, warung Kang Ujang geus ramé ku anu ngawarangkong.

“ Dana taktis agustusan anu kungsi diomongkeun ku Kuwu Jumena jeung Rw Apud asa teu diumumkeun dina peuting tadi..” Ceuk Si Kemed.

“ Kawas anu teu apal baé Kuwu Jumena!” Bah Uko némbalan.

“ Ih, wajib atuh diumumkeun, pan jéntré dina acara rapat ogé dana taktis téh 10 juta gedéna, geus disiapkeun ku pihak désa apanan lain?”

“ Taktik kuwu Jumena éta téh, kawas anu enya arék nyiapkeun dana taktis 10 juta, keur ngabubungah wungkul masarakat wé…” Kang Ujang milu ngomong.

“ Euweuh meureun anu sabenerna mah?”

“ Euweuhhhh.. anu matak teu diumumkeun ogé..”

Jejer caritaan masarakat Cihérang lain ngawangkongkeun deui kumaha hébatna biduan gual-géol dina panggung tadi peuting, kabéh nyualkeun dana taktis 10 juta. Di kamanakeun, aya atawa euweuh, boa ditilep ku si kuwu? Kitu kira-kira obrolan masarakat.

Dina facebook, salah saurang nonoman ti OKP Majuterus Jaya Selamanya nulis status: “ Masyarakat Cihérang menanyakan hal dana taktis sebesar 10 juta yang telah direncanakan akan digunakan dalam perayaan agustusan oleh Kuwu Jumena.” Éta status ditag-keun ka Kuwu Jumena jeung ka camat. [ ]



Posting Komentar untuk "Carpon: Dana Taktis Agustusan"