Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
JALMA henteu béda jauh jeung mahluk séjén, kungsi ngalaman pasualan-pasualan, salah sahijina gering. Hiji kaniscayaan anu aya di ieu alam, mangrupa hukum alam atawa sunnatulloh, anu disebut gering bakal kaalaman ku saha baé, kaasup ku dokter anu biasa narékahan sangkan jalma nu gering bisa séhat deui.
Geus tilu poé, kuring ngalaman éta hal, gering. Aya untungna, da kitu dina kahirupan urang Sunda mah sok sanajan ngalaman cocoba atawa dodoja teu weléh disebut untung, nyaéta gering anu kaalaman lain kawas geringna kalolobaan urang dayeuh anu kudu diubaran sabari dipariksa ka dokter jeung ka rumah sakit. Panas, muriang, jeung batuk akibat tilu poé ka tukang huhujanan.
Aya ku béda antara hujan nalika kuring keur budak jeung ayeuna. Mangsa pabubudak sok ngahaja huhujanan, maén bal di lapang sakola agama atawa di lapang gedé, jeung di sawah, padahal hujan ngagebrét nakeran, barudak araratoh, bérés huhujanan sabari maén bal tuluy guyang di kulah masigit atawa di kulah Mang Ja'i. Anu jadi anéh jeung matak héran nyaéta awak asa biasa baé, teu katarajang panas komo nepi ka muriang mah. Mangsa kiwari mah teu kitu, barudak ogé langsung dicarék ku anu jadi kolot nalika boga niat hayang huhujanan, Bisi gering, cenah.
Keur ukuran kiwari mah aya dua hal anu ngalantarankeun awak gampang katerap panyakit. Anu kahiji, awak urang téh mémang geus kurang deui daya tahan atawa anti-bodyna. Anu kadua, cai hujan anu turun ti langit geus kacampuran ku rupaning zat anu kurang alus keur awak. Dua hal éta bisa jadi bener. Awak jalma kusabab mindeng diogo ku rupaning kaayaan jeung sagala dingeunahkeun nalika panggih jeung hal anu kurang saluyu jeung kahayang awak langsung mélékététét, gering. Teu payaan ceuk kolot mah.
Sababaraha taun ka tukang mémang aya iber tina hasil panalungtikan sababaraha ilmuwan ngeunaan bakal turunna hujan asam dina sababaraha taun ka hareup ti saprak éta panalungtikan dibéwarakeun. Hujan anu bisa ngalantarankeun ruksakna unsur biologis anu aya di luhureun bumi. Hujan anu dihasilkeun kusabab pacampurna cai (saab) jeung hal-hal anu dihasilkeun ku polusi anu dijieun ku jalma-jalma kénéh. Tangtu baé hal éta mangrupa hiji pasualan anu dipikapaur ku jalma salaku mahluk biologis, anu hirup.
Tapi bisa baé, ku ahli agama, ku kyai jeung ajengan disebutkeun, gering mangrupa cobaan keur jalma sangkan ngarasakeun kumaha nikmat séhat. Malahan aya hadits anu nyebutkeun gering mangrupa salah sahiji hal anu matak bisa ngifaratan kana dosa. Anu jelas, nalika keur gering jalma teu ngalakonan hal anu dicarék ku agama jeung jalma diperedih sangkan sabar nahan kanyeri salila gering. Ogé kudu bisa sabar ngagolér di luhureun risbang.
Lain mahluk hirup wungkul anu ngalaman gering téh. Kai jeung awi dina hiji mangsa bakal koropokan dihakan ku rinyuh. Beusi ogé bisa tai hyangan jeung ngawujud jadi beusi koropokan. Laptop jeung hand-phone dina hiji waktu bisa error, ngahéng, jeung diserang ku virus anu ngalantarankeun ruksaksa sistem lila-lila mah mangaruhan ogé kana hardware-na. Alam dunya anu kawilang gedé jeung can kanyahoan sakumaha watesna ogé ngalaman gering. Jutaan bintang paraéh sanggeus milyaran taun manceran.
Hartina, sakabéh mahluk anu aya di ieu alam sabenerna keur muru kana ancur, euweuh hiji ogé anu bisa leupas tina éta hukum. Jalma, ti budak tuluy jadi kolot, saterusna geringan, kadieunakeunna maot. Rékayasa génétika anu dipiharep bisa nyinglar kagoréngan anu baris tumiba ka jalma salah sahijina gering, tug nepi ka ayeuna teu bisa ngalawan kodrat jeung kadar kahirupan di ieu alam. Sabab, beuki rongkah tarékah jeung ikhtiar jalma bakal beuki kuat ogé tangtangan anu bakal disanghareupan ku jalma dina ieu kahirupan.

Posting Komentar untuk "Gering"
Sila kirim tanggapan atau saran...