Dimimitian Ku Resep


Milampah sagala perkara tangtu baé kudu dimimitian ku mikaresep heula kana perkara anu arék dipigawé, kaasup ngatik atawa ngajar para pamilon atikan. Jadi guru sabenerna lain mangrupa profési wungkul, sok komo nalika masih jadi guru honorér, dina panghasilan ogé henteu kudu dicaturkeun komo dibabanding jeung gajih anu katarima ku pagawé dina widang séjén. Anggap baé jadi guru téh bakat ku resep, lain bakat ku butuh.

Dina prakna ngajar barudak, lamun dimimitian ku resep moal aya halangan jeung harungan, moal dibarengan ku humandeuar, jeung dijauhkeun tina sikep ngarahuh. Nyanghareupan pamilon atikan anu ku urang dianggap rada “noyod”, bandel, atawa bolostrong tangtu bakal disused heula ku cara nempatkeun diri urang salaku budak. Sangkan dina ngaréngsékeun pasualan teu ngagunakeun cara-cara konvénsional kawas baheula, kawas di sakola-sakola kaum ménak.

Tina jumlah-jamléh sakabéh pamilon atikan anu nyuprih pangarti di sakola tangtu baé asa pamohalan sakabéh pamilon atikan miboga pasifatan jeung sikep anu sarua. Hartinya, moal bageur jeung bandel sakabéhna.

Dumasar kana hasil panalungtikang kuring, ti taun 2007 nepi ka danget ayeuna, anu kasebut pamilon atikan bandel di salah sahiji sakola, itunganna moal nepi ka 20% tina sakabéh pamilon atikan. Jeung di satukangeun éta, sanggeus dipaluruh kasang tukang jeung alesan bandelna barudak, leuwih gedé dipangaruhan ku lingkungan, batur ulin, jeung dinamika hirup alatan fase robahna fisik jeung kimiawi dina diri barudak.

Pola sikep barudak ti taun ka taun


Kurikulum 2013 anu dipedalkeun ku pamaréntah keur ngatur patalimarga dunya atikan di urang sabenerna geus méré wates anu jelas kumaha cara dina ngatik barudak, sabaraha persén numuwuhkeun kongnisi, aféksi, jeung psikomotor barudak. Malahan aya leuwihna, ieu kurikulum miharep sangkan tiap sakola miboga ciri utama jeung khas, kudu némbongkeun kaarifan lokal, sangkan dina prakna ngagunakeun kurikulum loyog jeung wewengkonna sorangan.

Pamaréntah ngaliwatan Kementerian Pendidikan geus méré lolongkrang sangkan sakola jeung lembaga pendidikan di daérah ngainterpretasikeun Kurtilas ku basa wewengkon jeung basa sorangan sangkan leuwih nerap dina prakna. Orokaya, kahayang anu aya dina Kurtilas ieu acan sagemblengna bisa diterapkeun ku tiap sakola kalawan nyata. Anu katénjo, nya kitu baé, dina prosés ngajar jeung diajar ku nganunakeun kurikulum mana baé ogé tetep moal béda jauh, barudak leuwih museurkeun diajar di jero rohang kelas.

Sabenerna cara ngajar di kelas mémang hal anu lumrah. Alesanna, da kudu di mana deui atuh guru ngatik jeung barudak diajar ari lain di jero kelas? Jero kelas bakal ngawujud jadi pangbérokan atawa jadi tempat kaulinan barudak anu pikabetaheun kumaha pinter jeung cengengna guru dina ngondisikeun kaayaan. Jadi dina lebah ieu mah, guru bener-bener ditungtut sangkan bisa ngondisikeun rohang kelas, arék dijadikeun pangbérokan atawa tempat kaulinan anu pikabetaheun para pamilon atikan.

Nalika ku urang dibandungan sabari disbading-banding, ti taun ka taun, kumaha sikep siswa dina taun ajaran 2013 tuluy kumaha sikepna dina taun saterusna sihoréng miboga pola. Conto leutik, dina taun 2020, pamilon atikan anyar di MTs Riyadlul Jannah bisa disebut barudak balageur, dina tiap kagiatan diajar ogé mintonkeun sumanget jeung kacida partisipatif, teu éra dina nanya kanu jadi guru. Pindah ka dua taun saméméhna, dina taun 2018, pamilon atikan anyar dina taun harita geus némbongkeun sikep inférior, éraan, mumul dititah maju ka hareup, jrrd. Pola samodél kieu bakal terus-terusan aya. Jadi sabenerna tiap sakola geus sakuduna nyiapkeun tarékah keur jaga-jaga nyanghareupan sikep barudak dina tiap taun lamun niténan pola sikep barudak.

Ulah loba ngulahkeun


Iber jeung béja dina dunya atikan henteu jauh béda jeung kaayaan politik, social, jeung budaya di ieu nagara jeung di ieu wewengkon. Aya sedihna henteu saeutik ogé anu matak pikabungaheun. Kusabab dunya atikan henteu bisa leupas jeung cara ngatik jeung ngadidik barudak, pamaréntah, Dinas Pendidikan, jeung sakola kudu museurkeun kana rupaning tarékah anu loyog jeung diri budak.

Sok salah, ari anu sakola barudak tapi régulasi jeung aturan saolah sakarepna meupeujeuhkeun kahayang jalma-jalma anu geus cukup umur. Budak moal bisa diulah-ulah, sabaliknya sagala kahayang para pamilon atikan kudu ditalingakeun. Sabab pasifatan dasar barudak geus tangtu hayang nyaho kana tiap perkara, gedé panasaran, jeung hayang nyoba itu jeung ieu. Beuki diulah-ulah, biasana bakat jeung ngahayang pamilon atikan ngan saukur namper dina diri tapi teu bisa ngaronjat ka luar. Résidu kahayang diri anu teu dikaluarkeun dina mangsa ka hareup bakal ngawujud jadi paripolah anu patojainyah jeung anu sakuduna.

Para pamilon atikan kudu dibéré waktu jeung tempat keur ngaaprésiasikeun dirina. Barudak hamo ngalakonan hal salah nalika diheueuhkeun kahayangna. Kahayang barudak tangtu baé aralus, asana can kungsi kuring ngadéngé aya barudak sok sanajan kawilang bangor bébéja hela: Pa, abdi badé tawuran, kumaha tiasa. Kahayang barudak anu kawilang lenger di sakola moal jauh paling ogé ngedalkeun: Pa, hoyong basket, futsal, ngagitar. Hal anu sakuduna ulah diulah-ulah.

Kang Warsa

1 komentar untuk "Dimimitian Ku Resep"

Sila kirim tanggapan atau saran...