Pangdeudeul Kaasih

Ku: Kang Warsa 
(Guru Basa Sunda)

Lain pédah kuring salaku guru, da can nepi kudu digugu komo ditiru mah. Ngan ieu mah anggap baé pangdeudeul sakaligus mangrupa pangdeudeuh ka ujang jeung nyai anu rék nété tarajé ka paguron anu leuwih luhur.

Guru, sok sanajan rarampéolan dina ngatik aranjeun, moal aya urutna. Goréng kacida lamun aya jalma nyebut : Pa Anu mah urut guru abdi. Sarua jeung ka indung bapa, euweuh urutna.

Tekéan, panyarék, polotot, jeung porongos anu jadi guru ka aranjeun lain kaceuceub, da geus puguh lamun dibandingkeun jeung kanyaah anu jadi guru ka aranjeun mah euweuh nanaonna. Ulah ambek kusabab diteunggeul, ulah pundung kusabab ditalapung, ulah sulit kusabab diciwit. Peurih kusabab disiih sangkan aranjeun boga peurah.

Loba kasalahan guru anu karasa ku aranjeun lain harti nitah salah. Kasalahan aranjeun ngajadi kabungah keur guru nalika nénjo aranjeun diistrénan dina papayon katineung. Ti luhur sausap buuk moal aya kasalahan anu napel dina haté ngajirim jadi totombé. Ti handap sausap dampal moal napel dina suku ngajadi rorombéh. Éstuning bray caang bulan opat welas, beresih jalan sasapuan, beresih euweuh karingrang.

Tinggal aranjeun, kudu mapak méga, nyukcruk galur, ngojayan sagara kahirupan. Hirup jeung hurip aranjeun panjang kénéh, lalakon anu baris kasorang pinuhan ku lengkah. Teu cukup jadi pinter dina hirup, tapi barengan ku diajar bener.

Kuring, bapa guru aranjeun teu béda jeung aranjeun keur cacapa jeung léléngkah halu dina nyanghareupan hirup. Ngan kari sésa umur nu bisa diandelkeun. Isuk jaga? Urang saréréa bakal panggih jeung tungtung hirup. Palebah dinya urang karék éling, yén hirup kudu boga manfaat ka balaréa.

Posting Komentar untuk "Pangdeudeul Kaasih"