Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
SABENERNA henteu jadi sual saha baé asup kana wewengkon politik, da anu ngaran politik mah ngurus tiap pasualan ti mimiti sajadah nepi ka anu haram jadah, sanajan sakapeung mah hal anu haram jadahna leuwih rongkah tibatan sajadahna. Katambah aya hiji kamandang: nalika jalma teu ilubiung kana pasualan politik, maranéhna kudu siap baé dipimpin ku jalma-jalma bodo.
Ti saprak réformasi, wangkongan jeung paguneman warung kopi baé geus pasti seselenep jeung "nyérémpét" kana pasualan politik. Obrolan politik kacida rangu kawas opak atawa kurupuk. Kadieunakeunna mah budak satepak karék diuk di sakola dasar ogé geus kasipuh ku pasualan politik. Mangsa geruh Pilkada DKI Jakarta, kuring kungsi ngadéngé aya salah saurang budak sakola dasar (SD) ngomong kieu: Ahok Mabok.
Mangsa Orde Baru, nalika Pak Harto masih kumawasa, pasualan politik henteu euyeub teuing kawas ayeuna. Malahan ngagunemkeun politik kasebut pamali. Obrolan politik – mangsa harita mah – mangrupa paguneman para déwa anu aya di langit, lain obrolan jalma basajan, komo urang lembur mah. Saanggeus kajadian Malari, pamaréntah ngaluarkeun kawijakan Normalisasi Kehidupan Kampus (NKK), hartina sakola jeung lembaga pendidikan lain tempat ngaguar pasualan politik komo politik praktis.
Dina taun 90-an katompérnakeun jalma-jalma utamana rahayat leutik mimiti wani ngawangkongkeun politik. Di mimitian ku mindengna rahayat nyetél radio BBC Siaran Indonésia tiap jam 5 jeung jam 8 peuting. BBC kasebut wani ngaguar pasualan-pasualan politik, kaayaan Indonésia méméh Pak Harto léngsér. Disampurnakeun ku kaluarna wawaran, iber, nepi ka salabaran dina kertas sababaraha kaca, difotocopy anu diproduksi ku partéy politik oposisi, malahan bisa baé dijieun ku pamaréntah sorangan. Ngeunaan eusina? Teuing bener teuing salah, lolobana mah ngagogoréng Pak Harto jeung krooni-kronina.
Dina politik praktis ogé kitu, desekan ti Orde Baru ka salah sahiji partéy politik ngawangun koalisi anyar antara PDI Megawati jeung PPP anu disebut Mega-Bintang. Koalisi anyar antara dua partéy politik kalawan basis massa nasionalis jeung agama. Iber arék ayana barontak ti sababaraha pihak jadi wawacan deui, binangkitna PKI anyar, NII anyar, nepi ka dina bulan Mei taun 1998 lumangsung nafsu angkara di wewengkon Jakarta. Henteu saeutik toko-toko diruksak , dijarah, jeung dibeuleum.
Pasualan politik beumi ramé dicaturkeun sabada Pak Harto léngsér. Judul-judul iber dina Koran jeung majalah katénjo ngajareblag, lolobana nyebutkeun kagoréngan pamaréntah di jaman Orde Baru. Kabéh nyual kahayang anu leuwih alus, harepan dina mangsa orde réformasi bakal leuwih alus tibatan orde saméméhna. Rahayat neundeun harepan ka politisi-politisi anyar saperti Gus Dur, Amien Rais, jeung Megawati. Rahayat percaya sagemblengna, sabada réformasi harga-harga pangabutuh bakal stabil deui, bakal murah, niléy rupiah ogé dipiharep bisa balik deui sakumaha mangsa Orde Baru.
Kyai jeung ustadz ogé antukna henteu saeutik anu anclub jeung ilubiung pipilueun kana pasualan politik praktis. Sabada réformasi, ampir 80% ustadz di lembur-lembur, guru ngaji, ajengan, jeung kyai jaradi pengurus partéy. Kagerus ku caah réformasi anu kacida ngagulidag. Réformasi méré iber ka para ustadz yén ilubiung dina pasualan politik praktis mangrupa washilah nanjeurkeun bebeneran, malah aya anu kumawani nyebut: Rosululllah ogé kungsi jadi pamingpin hartina ngalakonan politik praktis, cindekna mah popolitikan téh mangrupa sunnah.
Antukna, henteu saeutik yayasan jeung lembaga kaagamaan jeung pendidikan anu kabeungkeut ku kagiatan-kagiatan politik praktis. Masigit dipaké tempat kompanyeu, madrasah jeung sakola agama dijadikeun tempat rapat partéy. Ustadz nalika ngimaman sholat poho teu ganti baju, anu dipaké ku ustadz nyaéta kaos partéy. Naon baé anu aya patula-patalina jeung kaagamaan teu bisa jauh jeung popolitikan. Henteu saeutik ustadz anu barang pénta rék ka nagara atawa ka partéy politik, hayang diwangunkeun masigit, madrasah, jeung kantor yayasan.
Ustadz jeung kyai ogé kudu asak dina nangtukeun pilihan politikna, kudu ngarojong ka calon présidén atawa kepala daérah anu sakira-kira pimeunangeun dina pemilu. Ulah nepi ka salah dina nangtukeun pilih, lamun salah kudu siap salila lima taun henteu meunang hancengan. Saolah nalika salah dina nangtukeun pilihan politik téh bakal leungit kaustadzan jeung kakyaian dina dirina. Aya ogé ustadz jeung kyai anu munder ka ditu jeung ka dieu, sagala jeung saha baé diarit, kawas anu geus leungit kayakinan yén pasualan rejeki geus diatur ku Anu Maha Kawasa. Nepi ka kiwari nelah sebutan ustadz politik jeung politik ustadz.
Konsépsi ulama jeung umaro kudu ngahiji ditafsirkeun ku para ustadz jeung kyai ku kamandang politik praktis. Ngahijina ulama jeung umaro dihartikeun yén ustadz jeung kyai kudu asup kana wewengkon politik bari henteu niténan jeung diaji dalil jeung hadits séjén anu mertélakeun ulama kudu dijadikeun tanggeuhan atawa anu méré naséhat ka umaro lain sabalikna ulama anu dodongkoan ngadeuheus ka umaro. Umat teu kagéroh, da ustadz jeung ulama aya di satukangeun partéy lain sabalikna. Nalika awal-awal réformasi mah, teu saeutik masigit anu ditinggalkeun ku kyaina kusabab kyai kudu milu rapat itu ieu jeung partéyna, sholat berjamaah diimaman ku jalma anu can kungsi masantrén.
Ustadz-ustadz anu henteu kabaéan hancengan asup kana salah sahiji partéy anu resmi jeung boga ijin ti pamaréntah kapaksa ngawangun jeung arasup kana partéy politik séjén umpamana HTI. Mémang boga kahayang ngajak umat jeung mémérés kahirupan anu beuki mahabu ku kagoréngan ceuk pikiran maranéhna. Eusi pangajian lain saukur ngaguar pasualan agama ogé geus seselenep kana ngagogoréng kaayaan jeung kawijakan pamaréntah. Rahayat anu dijadikeun alesan keur meupeuh pamaréntah jeung idéologi anu diagem ku hiji nagara teu leupas dina sindir-sampir maranéhna.
Kabéh ogé boga pamikiran yén Islam mangrupa agama anu sampurna jeung paripurna, jadi sagala pasualan kudu nyirikeun kaislaman kalawan formal. Hal anu sabenerna, Islam mangrupa ugeran niléy, lain sawates pasualan formal. Nalika Islam dijadikeun basis niléy, geus tangtu henteu kudu disorang kucara-cara formal baé, tapi bisa nyipuh jeung méré warna kana tiap pasualan jeung sagala rupa.
Miangna para ustadz, kyai, ajeungan, jeung tokoh agama kana dunya politik praktis mangrupa dinamika anu teu bisa ditolak. Hal ieu nandakeun yén urang bener-bener can boga kapastian jeung katangtuan anu tangtu lamun tiap jalma téh geus boga hancengan jeung géroheun séwang-séwangan. Nata jeung ngurus politik mah tugas Ratu atawa karatuan, tugas atawa pancén ustadz salaku Resi mah ngokolakeun alam pikiran jeung pangaweruh umat sangkan leuwih maju pikiran jeung kuat pamadeganna.

Posting Komentar untuk "Ustadz Politik"
Sila kirim tanggapan atau saran...