Iluminati

I L U M I N A T I
Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

KUNGSI nyerat ngeunaan iluminasi minangka mitos modéren dina Radar Sukabumi. Saanggeus maca sababaraha buku ngeunaan téori konspirasi, disebutna ogé téori jeung konspirasi masih kudu ditalungtik kalawan daria, naha aya anu nyiptakeun atawa ngan saukur diciptakeun ku pikiran urang wungkul?

Loba di antara urang anu ngarasa alérgi ku sebutan iluminasi, freemasonry, ksatria Templar, jrrd, anu mindeng dipedar boh dina buku atawa film. Film Angel and Demon hasil tina adaptasi buku nu diserat ku Dan Brown ngaguar hiji kelompok anu ngandali ieu kahirupan. Dina awal réformasi, Toto Tasmara nyerat buku Dajal dan Simbol Setan ngaguar hégémoni kelompok iluminasi anu disebut golongan anu muja ka sétan dina ieu kahirupan ku cara ngagunakeun simbul jeung lambang.

Nalika maca dua buku di luhur tangtu diri urang bakal hemeng jeung ngerungkeun tarang, naha bener aya anu disebut kelompok iluminasi téh? Naha ngan saukur aya dina ageman anu dicekel ku golongan anu muja sétan, atawa aya dina tiap ageman hirup ku cara ngagunakeun simbul jeung lambang anu geus lila dipaké ku jalma di tiap peradaban atawa kamotékaran jaman?

Sawaréh jalma aya anu percaya kana téori konspirasi, sawaréhna deui aya anu biasa baé, da kabéh dina kahirupan sabenerna henteu jauh jeung konspirasi. Sajarah Indonésia paska kamerdékaan baé aya anu percaya teu kungsi leupas tina pangaruh bangsa séjén ti mimiti idéologi nepi ka kayakinan anu diagem, ampir kabéh mangrupa prodak impor ti bangsa deungeun.

Lamun niténan kana sababaraha madzhab, aliran, jeung idéologii di dunya, mémang teu pernah leupas tina hubungan antara hiji kabudayaan jeung budaya séjénna. Lambang salib umpamana, adopsi tina salib ank jaman Mesir Kuno ayeuna digunakeun ku kabéh umat Kristen. Bulan jeung bintang simbul Déwi Easter anu dipupuja ku bagsa Mésopotamia ayeuna mah digunakeun salaku simbol umat Islam. Béntang Nabi Daud anu kungsi dipaké ku Nabi Daud minangka simbul karajaanna ayeuna digunakeun ku Yahudi, dipaké dina bandéra jeung émbél-émbél séjénna.

Euweuh hiji budaya anu mémang nanjeur kalawan mandiri jeung ngadeg kitu baé kalawan teu kapangarungan ku budaya séjén. Basa jeung kecap anu digunakeun ku urang ogé teu leupas tina éta pangaruh.

Iluminati mangrupa paguyuban anu geus aya nalika bangsa Yahudi ngalaman diaspora atawa sumebar ka sakuliah dunya. Mawa pangaruh gedé kana akar sajarah tiap kajadian, perang salib, révolusi industri, révolusi Prancis, révolusi Bolshevik, jrrd henteu bisa dileupaskeun jeung ikhtiar ieu kelompok. Kitu anu disebut dina sababaraha buku anu ngaguar pasualan iluminati.

Roger Garaudy kungsi nyerat Yahudi Menggenggam Dunia, buku ieu mangrupa iber penting yén arék diaku atawa henteu mémang fakta anu katalingakeun Yahudi sok sanajan mangrupa minoritas tina jumlah mangrupa kelompok anu ngandali jeung ngatur ieu dunya. Bisa ogé naon anu dierat ku Garaudy mangrupa pesen yén bener anu disebut Yahudi téh mangrupa séké-sélér anu dileuwihkeun ku Alloh ti bangsa séjénna, malahan aya dina dalilna sagala.

Syuhrawardi salah saurang sufi Islam kungsi ngabetuskeun téori iluminasi. Yén kabéh mahluk asalna tina cahaya Anu Maha Kawasa. Dikuatkeun ku téori émanasi Al-Farabi, kadieunakeun di wewengkon Nusantara mah dibetuskeun ku Siti Jenar dina konsép MKG atawa Manunggaling Kawula Gusti. Ku jalma anu can nepi kana guaran hal éta mah langsung baé disebut sasar atawa ajaran anu méngpar tina tetekon kaislaman.

Kitu ogé kana iluminati anu geus dijadikeun hiji lembaga jeung organisasi, urang boga kayakinan yén tiap-tiap iluminati jeung Yahudi téh geus tangtu jahat. Malahan diri urang sorangan teu bisa ngabédakeun mana Yahudi jeung mana anu disebut Zionist, disakompétdaunkeun baé kawas urang sok boga anggapan yén terorisme ngan saukur dilakukeun ku golongan Islam radikal, buktina ampir kabéh agama miboga poténsi jadi radikal jeung nanjeurkeun perang keur ngawujudkeun cita-citana.

Aya dalil yén Yahudi jeung Nasrani moal ridlo ka urang salila urang can ilubiung kana ajaran anu diagem ku maranéhna. Dalil éta mangrupa kontékstual nalika di Madinah, malahan dzomir anu digunakeunna oge "ka" kecap gaganti tina "anta", pihartieunna golongan Yahudi jeung Nasrani moal ngaku kana karosulan Nabi Muhammad sabab dua golongan éta geus mutuskeun mangsa kanabian nepi ka Musa jeung Isa. Hal ieu aya dina pasualan téologis, kabéh kayakinan boga dasar-dasar téologi anu béda-béda.

Malahan dina dua kayakinan éta gé réa ku padungdengan antara Kristen Calvinis - Luterian jeung Katholik, Yahudi Orthodok jeung Zionist, kabéh boga kamandang sorangan-sorangan. Anu jelas tilu kayakinan antara Islam, Kristen, jeung Yahudi miboga taneuh suci anu sarua nyaéta Jerussalem, kungsi dipedar ku Karen Armstrong dina buku Satu Kota Tiga Iman.

Iluminati bisa jadi golongan anu jahat nalika geus ngahiji jeung industri anu ngudag kauntungan finansial kusabab dasar pamadeganna dirojong ku sékularisme. Mentingkeun pasualan dunya, nganggap réméh kana pasualan transéndén. Boga anak pituin, bisa kakawasaan atawa idéologi anu diagem anu mintonkeun "rajapati", génosida, jeung perang.

Kabéh dilantarankeun kusabab kasieun, sieun henteu jeneng jadi Présidén, Raja, Gubernur, Walikota, boga kalungguhan, jrrd. Poé ieu urang bisa baé ngomong: Ah, manéh mah kawas Yahudi! Sedengkeun fakta anu sabenerna urang teu bisa leupas tina naon anu dijieun ku Yahudi salah sahijina facebook. Henteu jauh béda jeung Yahudi-ékstrim anu ambek ka Nabi Isa jeung Nabi Muhammad tapi teu saeutik maranéhna loba anu nyatut al-Khawarizwi, Ibnu Sina, jeung sarjana muslim séjénna. Antukna kabéh ogé teu leupas tina kapentingan kumaha cara sangkan bisa tetep survive jeung diaku éksisténsina. Henteu paduli arék ngarugikeun batur ogé, anu penting diri urang untung sorangan.

Posting Komentar untuk "Iluminati"