Waktu

NÉRÉLÉKNA WAKTU
Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

SOK aya anu ngomong: " Duh, asa nérélék waktu téh, ti isuk ka lohor mani teu karasa..". Lian ti éta saolah hirup urang poé ka poé , taun ka taun mémang teu karasa, ujug-ujug umur 38 taun baé. Sawaréh jalma aya anu ngomong: " Heueuh, bakating ku betah cicing di dunya ieu téh!", ngan anggapan éta dicawad ku anu ngomong: " Cacakan ripuh hirup téh, komo ku jalma anu loba duit, jigana waktu téh asa nérélék pisan!".

Kunaon dina mangsa kiwari waktu karasa nérélék, sakedét nétra, sajorélat, kawas hordéng anu disérélékkeun? Geus tangtu moal aya jawaban anu obyéktif, da pananya ieu aya dina wewengkon rasa, ceuk sufi mah pasualan bathin. Tapi sok sanajan kitu aya ukuran anu deukeut kana bener anu nyababkeun bralna rasa lamun lumpatna waktu karasa beuki gancang. Pikiran urang anu hirup dina mangsa modéren kungsi boga anggapan lamun dina mangsa ka tukang, jaman anu kaalaman ku aki jeung nini mah teu kawas ayeuna, waktu saolah karasa lila.

Salah sahiji anu ngalantarankeun kaluarna rasa nérélékna waktu nyaéta ukuran ngitung waktu. Jalma modéren geus ngagunakeun jam. Ku sarérét ogé katénjo anu disebut jam, enggangna hiji angka kana angka séjén kacida heureut, diukur ku menit, tina angka 1 kana angka 2 baé kalawan ngagunakeun itungan darajat miboga itungan tilu puluh darajat. Ku hal éta, rélativitas diri urang keur ngadaptasikeun diri kana waktu anu diukur ku jam geus ngalantarankeun karasa beuki gancang ti jam ka jam.

Saméméh ngagunakeun itungan waktu kalawan maké jam, sababaraha taun ka tukang, saméméh jalma manggihan jam, waktu diitung dumasar kana iklim atawa usum jeung wanci. Anu disebut usum tangtu miboga waktu anu lila, kana itungan sababaraha bulan. Wanci ogé kasebut lila, tina wanci carangcang tihang kana wanci haneut moyan miboga itungan 3 jam lamun dikonvérsikeun kana itungan jam.

Naon pangaruhna nalika waktu ngagunakeun itungan wanci? Kacida gedé, salah sahijina, kahirupan jalma dina mangsa wanci masih dipaké, masyarakat leuwih tartib dina ngalakonan hiji perkara. Jalma teu pati merlukeun mobil jeung motor sangkan nepi ka hiji tempat kusabab diuudag ku waktu. Patani anu arék indit ka sawah asa teu kungsi riweuh sieun kabeurangan ka sawah. Nini jeung indung sanajan ngasakan sangu can canggih kawas ayeuna henteu gura-giru ti mimiti napikeun béas, ngisikan, ngahurungkeun suluh, nepi ka ngawujud jadi sangu. Sabab maranéhna geus ngitung waktu ku ukuran wanci.

Dina pangajaran fisika waktu dibéré simbul ku huruf "t", tina time jigana mah. Dina rumusna teu bisa leupas tina "jarak" jeung "kecepatan". Beuki lila waktu anu digunakeun sabanding jeung beuki launna "kecepatan". "Kecepatan" sorangan mangrupa rumus kahirupan modéren, dina tiap pasualan jalma ditungtut kudu sagala gancang, lamun henteu kitu bakal katinggaleun ku anu séjén, bakal disebut létoy jeung lénglé. Kadieunakeun mah disebut baé jalma kudét, kurang update.

Sababaraha perusahaan, utamana anu aya patula-patalina jeung widang téknologi informasi paheula-heula nyieun produk anyar. Rupaning ponsél silih ganti tina versi A kana vérsi B ku itungan minggu. Mobil anu boga mérék sarua ogé bisa ganti modél kalawan itungan bulan. Malahan - teu pira ngan saukur mindahkeun lampu hareup - harga antara hiji mobil jeung mobil séjén anu sangaran bisa béda harga. Karéta api ogé geus pagancang-gancang ayeuna mah, ti jaman Walanda nepi ka ayeuna geus lain bandingkeukeun. Anu jelas keuna ku paribasa : Saha anu gancang, manéhna anu bakal beubeunangan.

Tangtu bakal béda nalika dina bulan puasa, sabab itungan waktu lain diukur ku jam. Jalma ngagunakeun wanci subuh nepi ka magrib. Sok aya anu ngomong: " Asa lila waktu téh ari keur puasa mah…" Jadi, jalma teu leupas jeung katalikung ku hukum rélativitas anu aya di ieu alam. Sabenerna lain Einstéin anu pangheulana ngabetuskeun ieu hukum, al-Kindi salah saurang sarjana muslim geus ngamandangkeun ngeunaan rélativitas dina ieu kahirupan. Moal bisa dihahalang gancangna waktu kusabab urang salaku mahluk hirup tangtu kabeungkeut ku rohangan jeung waktu. Waktu anu ngalantarankeun jalma ngolotan, huisan, pikun, nepi ka ninggalkeun ieu alam dunya.

Posting Komentar untuk "Waktu"