Guru: Pa Engkus Kusnadi


Hanca Katilu

Pa Engkus Kusnadi salah saurang guru SMPN 3 Kota Sukabumi lulusan karawitan. Ngajar mapel Kasenian, utamana seni musik. Pituin urang Bandung, mumbara ka Sukabumi ti taun 70-an. Pangaweruh seni Sunda anu geus ngadarah-daging diterapkeun ku Pa Engkus ku cara ngatik barudak.

Nepak gendang, niup silung, ngajentréngkeun kacapi, jeung ngahaleuangkeun tembang Sunda mangrupa sarat mutlak anu kudu dipiboga ku guru kesenian dina mangsa harita.

Ceuk pikir kuring, Pa Engkus mangrupa guru multi talénta dina widang seni musik. Iwal ti bisa nabeuh waditra tradisional Sunda, bisa ogé nabeuh waditra modérn saperti gitar.

Sok sanajan kitu, tetep baé sakola geus nempatkeun guru kesenian anu cocog jeung widangna séwang-séwangan. Guru kesenian anu dikhususkeun ngabaladah pasualan seni musik modérn mah nyaéta Pa Ujang Rosyidin.

Lamun dibandingkeun jeung Pa Abad atawa Pa Jodi, Pa Engkus bisa disebut guru anu sedeng, hartina teu galak teuing. Ciri utama anu aya dina dirina nyaéta nalika nerangkeun jejer pangajaran sok dibarengan ku hut-hét menca.

Leungeun sabari pepeta, nénjokeun rupaning jurus. Bérés metakeun cara maén po langsung disambung ku carita: “ Bapa, boga élmu semu gunting, moal bisa nampiling maranéh, bisi kalepasan tuluy tutung.”

Jiagan saukur nyingsieunan barudak wungkul sangkan teu ngaraleyed. Dumasar kana kaayaan harita, di masarakat urang mémang keur meujeuhna ramé ngaguar pasualan kaélmuan, kanuragan, jeung kadugalan.

Élmu tradisional saperti; semu gunting, saépi angin, saépi geni, jeblag, jrrd mindeng dicaritakeun ku masyarakat harita. Aya carita kieu: hiji jalma dianggap bisa ngapung, ku masyarakat sok disebut éta jalma ngagem élmu saépi angin.

Fakta atawa kanyataan anu sabenerna mah teuing enya teuing bohong, ngan carita-carita kitu mémang sumebar di masyarakat harita. Anu matak Pa Engkus nyarita kitu nalika ngajar di kelas ogé.

Lamun nelek-nelek “style” atawa gaya Pa Engkus harita bakal mawa pikiran ka alam taun 60-an, kaméja rada merecet, calana cut-bray, jeung buuk luis. Éta pisan ciri khas Pa Engkus.

Lian ti ngatik barudak dina jam pelajaran, Pa Engkus ngahaja ngayakeun ékstrakurikulér niup suling dina wanci tunggang gunung (jam 4 pasosoré). Ba’da Ashar para pamilon atikan kudu geus aya di sakola. Budak anu teu datang tangtu bakal meunang hukuman, dipotong niléy ulangan sub-sumatif jeung sumatif.

“ Pokona mangaruhan kana niléy maranéh!” Kira-kira kitu ceuk Pa Engkus.

Diajar niup suling lain atah-atah, kacida hésé, komo suling péntatonis, bener-bener kudu dibarengan rasa. Antara tiupan jeung rasa kudu ngahiji. Salah dina cara niup geus pasti bakal kaluar sora sumbang jeung teu pikangeunaheun dédéngéan.

Pa Engkus tulatén pisan ngajar barudak kudu nepi ka bisa niup suling. Ujian atawa ulangan kesenian ogé sok langsung prakték niup suling.

Pa Engkus boga cara jeung stratégi dina nepikeun jejer atikan. Ngajelaskeun notasi créscéndo konci G-D-A-Em ngagunakeun akronimisasi. G-D-A-Em sebut baé Gajah Depa Anu Emang.

Sedengkeun keur nada-nada décréscéndo ngagunakeun akronimisasi: F-Bb-Eb-Am, ceuk Pa Engkus baca baé: “ feuyeum bandung énak amat!”. Jadi patukerna huru f jeung p di masyarakat Sunda téh sihoréng bener ayana.

Saméméh dunya atikan ngenal mapel SBK (seni budaya keterampilan), harita masih ngagunakeun istilah kesenian wungkul. Dibagi kana dua: seni musik jeung seni rupa. Pa Engkus langka ngatik seni rupa terapan, lolobana ngaguar seni rupa mangrupa téori. Seni rupa terapan diajarkeunna ku Pa Ujang Rosyidin.

Pangajaran seni rupa anu ditepikeun ka pamilon atikan ku Pa Engkus biasana ngajelaskeun rupaning téori “perkembangan seni rupa” ti mangsa ka mangsa dumasar kana sejarahna.

Di awal seratan disebutkeun yén Pa Engkus mah henteu sagalak Pa Abda jeung Pa Jodi, ngan tangtu baé kungsu aya barudak anu ngalaman dicarékan, diceprét, jeung dibéré hukuman kusaba kasalahan pamilon atikan.

Salah sahiji tembang, dipirig ku kacapi jeung suling, kuring masih apal kana tembang anu dihaleuangkeun ku Pa Engkus nyaéta:

Reup deungdeung talaga hirup
Reup sakeudeung nepi ka isuk
Reup deungdeung talaga herang
Reup sakeudeung nepi ka beurang
Reup deungdeung talaga hurip
Reup sakeudeung nepi ka burit
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Engkus Kusnadi"