Guru: Bu Solihat


Hanca Kadua

Saha anu teu apal ka Bu Solihat? Alumni SMPN 3 Kota Sukabumi anu kungsi diajar ku Bu Solihat geus pasti apal nakeran kana karakter, pasifatan, jeung réngkak paripolahna. Ku sawaréh babaturan disebut guru galak.

Ngajar matématika, salah sahiji mapel anu paling dipikasieun ku rata-rata pamilon atikan di ieu nagara, boa-boa ku pamilon atikan sakuliah dunya dipikasieunna téh.

Anu matak jadi anéh, rék di sakola mana baé, rata-rata guru anu ngajar élmu éksak kawilang garalak. Iwal pa Nuzwan jigana, salah saurang guru matématika SMANSA taun 90-an.

Cuang guar hela naon anu jadi sabab matématika saolah ngawujud jadi salah sahiji élmu éksak anu dipikasieun ku para pamilon atikan.

Rupa-rupa alesan jeung jawaban: aya anu nyebutkeun ngabosenkeun, kitu-kitu baé, majar téh ti jaman Nabi Adam nepi ka kiamat ogé 1+1 mah angger baé dua.

Ngan alesan di luhur sabenerna kurang logis jeung kurang kaharti ogé, lamun mah matématika nyodorkeun pasualan anu dianggap kitu-kitu kénéh geus sakuduna dipikaresep ku para pamilon atikan. Kitu-kitu kénéh hartina konstan teu robah, tangtu bakal leuwih gampang ditarima tibatan mapel séjénna.

Aya deui alesan séjén, matématika nyodorkeun pasualan-pasualan anu teu “membumi”, padahal dina ieu élmu aya widang aritmatika sosial. Kusabab alesan éta, loba anu boga pikiran samodél kieu: émangna lamun geus lulus sakola, matématika bakal dipaké dina kahirupan?

Aya ogé anu nanya kieu, jigana kusabab didasaran ku pikiran religius: émangna di alam kubur arék ditanya kakalian ku malaikat? Sigana, kaluarna kamandang jeung pananya kitu téh bakating ku embung baé diajar matématika.

Ngan aya alesan anu leuwih kaharti, ieu mah mangrupa téori, jadi jarang dikamandangkeun ku para pamilon atikan. Sihoréng salah sahiji alesan matématika dianggap mangrupa mapel anu paling dipikasieun téh kusabab wegahna para pamilon atikan diajak mikir kalawan logis, terstruktur, detil, jeung ati=ati.

Mémang kitu, anu jadi kolot urang baé jarang pisan ngawanohkeun budakna kana pasualan logis ti leutik kénéh. Umpamana: budak arélég wanci sareureuh budak dicarék ku kolot tuluy disingsieunan: ulah gandéng bisi aya jurig.

Panyaram kitu mémang éféktif keur budak, ngan kognisi budak geus dieusi ku file jurig tangtu baé bakal kababawa nepi ka iraha baé ogé. Coba lamun nyaramna kawas kieu: ulah élég wayah kieu, waktuna sararé!

Bu Solihat kasebut guru anu detil (asak sasar) dina ngajar matématika. Contona: wilangan désimal ogé kudu bener nepi ka tilu digit di tukangeun koma. Nulis dina board hideung, mawa rupaning kapur, henteu bodas wungkul.

Pakakas atikan kayaning: panggaris kai, jangka, jeung busur drajat tina triplék disiapkeun. Sawaktu-waktu éta pakakas atikan bisa robah jadi pakakas keur nakol, neunggeul, jeung malédog barudak anu moyég di kelas.

Tiap pamilon atikan diwajibkeun meuli buku berpetak, moto-copy tabel logaritma, mawa jangka, jeung pulpén rupa-rupa warnana. Dina méré pancén jeung PR tara kapalang, bisa kana dua nepi ka tilu kaca.

Kacipta meureun, lamun sakaca aya 10 sual, jumlah pancén atawa PR bisa nepi ka 30 soal. Isukna, saurang-saurang maju ka hareup, nulis dina board, budak anu teu ngeusian PR bisa dicarékan bébéakan. Hartina, Bu Solihat hayang pisan anu jadi muridna bisa kana matématika.

Meunteun pamilon atikan bener-bener obyéktif, euweuh istilah peunteun dikatrol anu asalahna 5 jadi 7. Hartina keun baé pamilon atikan ditaékkeun kelas anu penting dina rapot diserat peunteun saenyana jeung saayana. Ku cara kitu bisa dijadikeun ukuran atawa data keur ngajalankeun stratégi ngajar ka pamilon atikan di kelas anu leuwih luhur.

Kawijakan pamaréntah dina widang atikan kungsi nerapkeun hal anu pikamelangeun sakola jeung para pamilon atikan, lulus atawa henteuna pamilon atikan ditangtukeun ku hasil Ujian Nasional, niléy kudu leuwih ti angka 5.

Kadieunakeun dirobah deui, lulus jeung henteuna pamilon atikan ditangtukeun ku kawijakan tiap sakola, sidang déwan guru, jeung niléy ti sakola. Cindekna kieu, tiap pamilon atikan kudu lulus.

Ngan tangtu baé jeung kiwari, taun 90-an ka handap mah, tiap pamilon atikan asal getol sakola tangtu lulus, NEM ditulis saenyana, arék peunteun 1 sugan tetep baé diserat 1 dina sértifikat NEM-na.

Sok sanajan barudak naék kelas, nya kitu wé, lolobana mah embung diajar deui matématika ku Bu Solihat, alesanna ampir sarua: hayang ganti anu ngajar ambéh teu boseun. Kitu téh lamun ngomong hareupeun, tukangeun mah ngomongna lain deui: sieun ah, guruna galak.

Ngaranna ogé pamilon atikan, sok sanajan budak tetep baé jalma anu sakapeung sok ngarasa keuheul. Geus pasti dina waktu istirahat atawa balik sakola sok ngawangkongkeun kumaha galakna anu jadi guru. Sok komo lamun geus diuk di kelas 3 SMP, apanan geus asa jadi pangseniorna wé.

Tapi dumasar kana fase perkembangan psikologi budak, justru nalika kelas 3 SMP, dina diri barudak sok ujug-ujug jorojoy kaluar rasa kamelang, hariwang, jeung asa salah geus ngalakukeun hal anu teu loyog jeung norma atawa tata tertib sakola.

Klimaksna rasa hanjakal, biasana dina waktu paturay tineung sakola. Saburaong-buraongna barudak geus pasti aya rasa hanjakal salila tilu taun geus ngalakonan lampah kurang hadé di sakola.

Kitu deui, sagalak-galakna ogé guru, dina waktuna calagara paturay tineung mah geus pasti ngadungakeun barudak sangkan jadi budak pinter, singer, tur bageur. Kaasup Bu Solihat. (WS)
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Bu Solihat"