Pa Ujang, salah saurang guru kesenian di SMPN 3 Kota Sukabumi, bisa disebut guru galak. Sok sanajan kitu, tetep baé ku kuring disebut guru bageur.
Pa Ujang tara kagok ngedalkeun kekecapan garihal, iwal dilantarankeun teureuh Tipar, katingalina waktu keur ngorana bisa disebut kungsi wanoh heula kana dunya “jalanan”.
Conto ucapan garihal anu kungsi dikedalkeun ku Pa Ujang anu masih diinget ku kuring, ka para pamilon atikan kungsing ngomong kieu, “ Meunang teu bapa ngudud di kelas? Lamun teu meunang aing rék kaluar deui, moal ngajar!”.
Geus pasti moal aya saurang ogé pamilon atikan anu ngulahkeun Pa Ujang ngudud di jero kelas, ngulahkeun sarua baé kudu siap nadah “kupat Ambon” istilah jaman harita keur nyebut peureup.
Can aya aturan ngeunaan larangan ngudud ka guru, tenaga pendidik, tenaga kependidikan, jeung pagawé pamaréntah dina jaman harita. Di kantor-kantor pamaréntah, malah Présidén Sorharto sorangan sok némbongkeun nyekel padudan nalika narima sémah mancanagara.
Nu teu meunang ngudud mah pamilon atikan atawa para siswa. Naon sababna? Sabab murid mah lain guru, kitu alesanna.
Anéhna, nalika aturan larangan can dikaluarkeun ku pamaréntah, barudak anu geus nyoba-nyoba ngudud bisa kaitung ku ramo leungeun. Saolah aya wates iraha waktu anu pas jeung meujeuhna barudak léléngkah halu bisa ngudud.
Kelas hiji jeung dua SMP mah masih can wani jeung sieun kénéh, ku kolot atawa ku anu jadi kaka kelas. Kawani beuki ngagedéan nalika geus nincak kelas tilu SMP, tah di dinya mah barudak geus rada wani ngudud, ngan angger baé sabari susulumputan, moal wani nembrak sok komo katénjo ku guru atawa pihak sakola.
Katohiyan ngudud, hukumanna kacida beurat, diwewelan bako atawa kudu ngahurmat bandéra wanci manceran, meujeuhna panon poé panas entrang-entrangan.
Bandingkeun jeung kiwari? Sanggeus aturan larangan ngudud dipedalkeun ku pamaréntah barudak anu ngudud kalah ka beuki nambahan. Wanina ogé teu kapalang, barudak SD nepi ka SMP geus terang-terangan ngarudud sisi jalan. Henteu sieun dicarékan ku kolot-kolotna, kanyahoan ku guru ogé hare-haré baé.
Hartina sieun jeung henteuna barudak mah sabenerna lain ku aturan, tapi ku kabiasaan di masyarakat anu geus bisa ngatégorikeun paripolah. Laku lampah anu sakuduna dilakonan ku kolot mémang teu pantes dilakonan ku budak. Nalika aya budak anu ngalakonan hal éta bisa disebut budak nurustunjung.
Anu matak kacida wajar nalika Pa Ujang ngomong ka kuring, guru mah meunang ngudud, murid teu meunang ngudud, sabab murid mah lain guru. Hartina, jalma dipaksa wanoh kana posisi dirina lain ku aturan formal atawa hukum-hukum positif tapi ku cara alamiah baé.
Mémang bener, WHO salaku badan kasehatan dunya ngarasa ringrang kusabab udud beuki mahabu dikonsumsi/diseuseup ku barudak satepak. Tapi, di sagigireun éta keur ngatur barudak sangkan apal yén dirina masih budak mémang kudu balik deui ka cara taun 90-an ka handap, lain ku aturan atawa undang-undang anu moal kahartieun ku budak.
Seni musik
Pa Ujang tulatén dina ngajar seni musik ka barudak. Pakakas musik modérn anu diajarkan nyaéta récorder. Leuwih ahli kana widang seni modérn, teu kawas Pa Engkus Kusnadi anu leuwih ngagedékan ngatik barudak kana seni Sunda (tradisional).
Iwal ti récorder, Pa Ujang mangrupa guru anu bener-bener apal cangkem kana téori musik, barudak lain saukur dititah nulis jeung maca, diperedih ogé kudu bisa maca notasi balok jeung angka.
Mimiti apal ka musisi jeung komponis musik klasik saperti Beethoven, Bach, Vivaldi, Mozart, jrrd téh ti Pa Ujang nalika nerangkeun jejer “Perkembangan Musik Modern” waktu kelas tilu SMP.
Dunya harita teu kawas kiwari, ayeuna mah bisa disebut gampang pisan nalika di kelas diajar ngeunaan perkembangan musik modérn, saha baé tokoh-tokohna, kari lalajo jeung ngadéngékeun musik klasikna dina YouTube atawa Spotify.
Taun 90-an kahandap mah jajauheun kudu bisa kitu. Apal Four Seasons karya Vivaldi ogé kudu ngadéngékeun Radio Classic FM Jakarta, anténe radio kudu diluhuran sangkan galurana katéwak.
Kabiasaan Pa Ujang dina akhir taun ajaran nyaéta sok méré pancén ka barudak kudu némbongkeun pangabisa widang seni dina ujian prakték. Pancén individual mah bisa nembang, ngagitar, maénkeun piano, niup récorder, suling, jrrd.
Pancén kelompok, bisana barudak kudu nari (widang koréografer) sabari ngahaleuangkeun lagu babarengan (rampak sekar). Dibéré waktu dua nepi ka tilu minggu lilana sangkan barudak bisa latihan heula.
Salaku guru kesenian, anu karasa ku kuring, Pa Ujang teu korét kana niléy. Asal wantér jeung bisa némbongkeun kabisa geus pasti dibéré peunteun 9.
Posting Komentar untuk "Guru: Pa Ujang Rosyidin"
Sila kirim tanggapan atau saran...