Nishfu Sya'ban


Tradisi Nyadran. Sumber gambar: Okezone



Nilik kana kecap, Nisfu Sya’ban (نصف شعبان) miboga harti ‘tengah-tengah bulan Sya’ban’. Bulan Sya’ban sorangan dina kahirupan masyarakat Sunda disebut Rewah atawa Ruwah. Ditalungtik kalawan étimologi atawa terminologi, harti Sya’ban jeung Rewah sabenerna ampir saharti (sinonim) nyaéta misahkeun.

Bulan Sya’ban atawa Rewah mangrupa bulan kadalapan dina kalénder Hijriyyah jeung Jawa. Sya’ban miboga harti misahkeun, Rewah miboga harti nyapih antara alam dunya jeung alam ruh. Morfologi kecap Rewah mangrupa vérnakularisasi tina kecap RWH (روح kecap jama-na ارواح).

Teu anéh, dina ieu bulan loba tradisi anu dilakonan ku masyarakat di Nusantara anu geus nga-kulturasi jeung ageman Islam, diantarana: ziarah ka kubur, ngaji Yasin dina tanggal 14 anu disebut Nisfuan, kuramas saméméh puasa, jeung ngaruwat diri atawa tempat (kampung padumukan).

Dina tradisi Semit bulan Sya’ban disebut Hesywan hartina bulan anu dipinuhan ku kapait. Disebut bulan pait sabab dina ieu bulan euweuh kariaan anu dilakonan ku masyarakat Yahudi. Rosulullah ogé kungsi nyarék dina ieu bulan sangkan ngeureunan puasa.

Naon sabab Rosulullah meredih sangkan teu ngalakonan puasa sunat dina ieu bulan? Kultur di Arab jeung bangsa-bangsa Semit kacida béda jeung masyarakat di Nusantara utamana Sunda, dina bulan kadalapan mangrupa mangsa saméméh asup usum katiga, masyarakat Arab jeung Semit mangrupa masyarakat komunal paheula-heula nyiar cai keur nyanghareupan usum katiga. Anu matak bulan ka-salapan dibéré ngaran Romadlan (Meuleum atau ngduruk).

Kayakinan séjén anu lumangsung dina ieu bulan nyaéta, masyarakat di urang boga pamadegan dina ieu bulan pisan buku catetan amal diserahkeun ku Malaikat ka Gusti Allah. Buku catetan amal ieu mangrupa pamisah; anu mana amal atawa pagawéan alus (soléh) jeung mana anu kaasup kana pagawéan goréng (toléh).

Saméméh Islam sumebar di Nusantara, kabiasaan ieu ogé geus dilakonan ku masyarakat Nusantara ku cara ngayakeun ziarah ka kuburan karuhun. Tradisi anu disebut Sraddha saterusna dilakonan ku Sunan Kalijaga, anu saterusna diteruskeun ku masyarakat nepi ka ayeuna. Hal kacida alus anu geus dicontokeun ku Sunan Kalijaga nyaéta Nyadran atawa calagara Sraddha dieusi ku ‘silaturahmi’ silih hampura, silih bébaskeun, jeung silih jembarkeun hate saméméh asup bulan puasa.

Loba hal anu henteu dirobah ku para wali dina ngamumulé tradisi masyarakat dina ngareuah-reuah ieu bulan. Dina prak-prakkan ngaji Yasin, masyarakat ngariung di masigit, marawa cai dina botol, kétél, atawa téko, ditunda di tengah. Breng masyarakat ngaji Yasin, saterusna cai anu dianggap pinuh ku kabarokahan diinum. Ngalap berkah sangkan jadi jalma soléh, cenah.

Kabiasaan di luhur mangrupa hal anu kacida logis lamun ditalungtik ku masyarakat modern. Partikel cai anu dibacaan bakal leuwih aktif dibandingkeun cai anu diantep. Malah ceuk imam Syafei, jalma anu euweuh kahayang sarua jeung cai anu ngeyembeng, lila-lila mah bakal paéh.

Posting Komentar untuk "Nishfu Sya'ban"