Tradisi Nyadran. Sumber gambar: Okezone
Saminggu saméméh asup kana bulan puasa, aya hiji tradisi, kawilang anyar da mimiti dilakonan dina taun 2000-an, nyaéta Tarhib Romadon. Ieu tradisi biasana dilumangsungkeun sababaraha poé sanggeus nishfu Sya’ban. Malahan sok aya anu nyalagarakeunna dina tungtung bulan Rewah.
Tarhib miboga harti ngabagéakeun atawa mapag bulan puasa. Ngan da ari anu ngaranna bulan puasa mah sabenerna teu bisa dipapag sabab mémang geus tangtu waktuna, tanggal 1 bulan Romadon. Tarhib bisa disebut ogé kumaha sakuduna masyarakat Islam dina nyanghareupan bulan puasa. Loyog jeung pamundut dina salah sahiji hadits: kudu suka bungah dina ngabagéakeun kadatangan bulan puasa.
Kabiasaan masyarakat Islam dina raraga ngabagéakeun bulan puasa di antarana ku ngayakeun pawéy obor jeung ngadulag. Dilakonan saba’da Isya. Masyarakat di tiap lembur ngeungkeuy ngaleut sapanjang jalan, marawa obor. Dipanitiaan ku DKM tiap masigit. Aya ogé anu milu pawéy ku cara tarumpak motor, dibarengan ku ngahurungkeun klakson, tatat titit, ngaramékeun kaayaan.
Sabenerna, saméméh listrik asup ka tiap lembur, masyarakat di urang mémang geus biasa jeung ngajadikeun obor atawa colén keur nyaangan tincakeun nalika indit ka pamuruan dina wanci peuting. Basajan dina cara nyieunna, cukup ku awi sabuku, eusian ku minyak tanah, sumbuan ku elap atawa lawon anu geus teu kapaké, sundut, gebur hurung. Iwal ti nyaangan tincakeun, obor ogé sok dipaké nyaangan buruan imah, nalika usum katiga atawa halodo.
Program Listrik Masuk Desa dina jaman Orde Baru geus mawa masyarakat kana cara anyar dina nyanghareupan wanci peuting. Henteu kudu ngompa patromaks, ngahurungkeun centir, jeung nyiapkeun obor sagala. Ku lampu pijar lima watt ogé, buruan imah geus kacaangan. Praktis ongkoh, kari nyetrékkeun saklar, bray caang mabra.
Sok komo nalika harga minyak tanah mahal, tuluy dikonvérsi ku gas élpiji, masyarakat geus jarang ngagunakeun pakakas anu dibahanbakaran ku minyak tanah ari lain anu biasa daragang usukan-asakan mah. Obor jeung patromaks ogé geus teu dirérét, kaéléhkeun ku bohlam jeung lampu nion.
Hirup kumbuh masyarakat henteu bisa lésot tina romantisme, mikasono kana rupaning hal anu kungsi kaalaman, boh ku individu salaku éntitas masyarakat atawa ku sakumna masyarakat. Lamun dititénan naon baé anu diwujudkeun ku pamaréntah, umpamana dina ngawangun tugu, nyalagarakeun kariaan, jeung ngawangun wewengkonna, gedé di pangaruhan ku kajadian anu geus lumangsung puluhan nepi ka ratusan taun ka tukang. Masyarakat Sukabumi moal ngayakeun kariaan milangkala kota tiap tanggal 1 April iwal dipangaruhan ku hiji romantisme mangsa ka tukang.
Tradisi tarhib ku ngayakeun pawéy obor jeung ngadulag ogé mangrupa romantisme. Itung-itung ngingetan diri kana kajadian anu geus kaalaman, tuluy ditransformasikeun ka generasi milénial anu teu kungsi ngalaman indit ka masigit atawa ka pangajian sabari mawa obor. Di sagigireun éta, ngabagéakeun kadatangan bulan puasa mangrupa hiji pasunahan. Sok sanajan dina prakna puasa masih kacampuran ku belang-bentong, atuh teu salah nalika arék asup puasa némbongkeun rasa suka bungah.
Henteu cukup ku ngayakeun pawéy obor jeung ngadulag, masyarakat Islam kontémporér ogé boga cara khusus dina ngabagéakeun kadatangan bulan puasa ku masangkeun spanduk anu tulisannana: Marhaban Ya Romadon. Wilujeng sumping sasih siyam anu dipinuhan ku kabarokahan. Ciri séjénna saméméh puasa, biasana dina tv ramé ku iklan rupaning mérék sirop jeung inuman anu cocog keur ngabatalan puasa.
Nalika masyarakat Islam jeung pamaréntah boga patékadan ngamumulé jeung ngalestarikeun tradisi, geus sakuduna kariaan samodél pawéy obor jeung ngadulag ieu diluluguan ku pamaréntah. Tangtu baé dibarengan ku literasi dina narjamahkeun tradisi pawéy obor dina raraga mapag bulan puasa. Harepanna, dina mangsa ka hareup, tradisi kawas kieu bisa miboga niléy tambah kana widang pariwisata di hiji wewengkon. Meureun, beuki ditu mah, kariaan pawéy obor ogé bakal ditambahan ku hal-hal inovatif séjénna.
Posting Komentar untuk "Tarhib Romadon"
Sila kirim tanggapan atau saran...