AYA KARETA API DEUI DI SUKABUMI

Ti dua minggu kamari geus ramé, arék dina média sosial atawa obrolan di jalan, gang, warung-warung kopi, jeung pos ronda, urang Sukabumi geus miboga deui alat transportasi publik karéta api. Pantesna mah disebut karéta listrik da dihirupkeunna ku listrik lain ku mesin uap deui siga karéta api abad ka 19.

Lain pajabat jeung ménak wungkul anu ngabasakeun jeung ngagunemkeun aya karéta api deui téh. Somah jeung cacah ogé ngaguar, ngagunemkeun, jeung nyoal dioperasikeunna deui karéta api anu geus ampir lima taun ka tukang kari panineungan.

Salah sahiji kamandang ngaguar, ku dioperasikeunna deui karéta api, sahenteuna bisa ngurangan masalah kamacétan jalur Sukabumi-Bogor. Lain éta sabenerna, ku ayana karéta api ieu, waktu 'tempuh' bakal leuwih éféktif. Da ari kamacétan patali marga darat jalur Sukabumi-Bogor mah lain saukur diakibatkeun ku lobana panumbang ogé dilantarankeun ku gedéna volume 'kendaraan' anu asup jeung minuhan jalan. Can tangtu ku dioperasikeunna deui karéta api bakal ngurangan macét di jalan Cicurug-Bogor lamun euweuh tarékah ti pamaréntah ngaluarkeun kawijakan anyar pasoalan patali marga.

Di wewengkon-wewengkon Eropa mah geus jadi hiji kaniscayaan, indit-inditan ka tempat anu jauh geus pasti warga nagara bakal ngagunakeun alat transportasi publik saperti karéta listrik tibatan kudu maké kandaraan pribadi. Tingkat kasadaran masyarakat anu miboga kandaraan ieu bisa jadi hiji problem solving kamacetan di kota-kota gedé di nagara Eropa. Katambah, pamarentah merhitungkeun babandingan antara jumlah penduduk jeung jumlah alat trasnportasi publik anu kudu disadiakeun. Keur ukuran di nagara urang mah jigana pikiran kitu can pati digunakeun.

Rél jeung karéta api, mimiti digunakeun di pulo Jawa jeung Sumatra ku Walanda dina abad ka 19, tujuanna keur ngadistribusikeun hasil kebon ti daérah ka pusat pamaréntahan. Geus tangtu teu mikiran kumaha akibat ka hareup lamun jumlah alat jeung sarana transportasi teu ditambahan jumlahna. Hanjakal, pamaréntah di urang ngan saukur bisa ngoméan sarana transportasi anu aya, malah lain nyieun tapi ngagunakeun hal anu mémang geus aya sok sanajan umurna geus kolot.

Nya, sahenteuna keur nagara-nagara di dunia ka-3 mah, dioperasikeunna deui karéta api ieu bisa jadi salah sahiji cukang lantaran ngurangan kamacétan, kitu meureun tujuan jangka péndékna mah. Lamun euweuh tarékah pisan, ti lima taun ka tukang nepi ka ayeuna warga Sukabumi geus loba anu kukulutus kusabab jalur Sukabumi-Bogor mah geus lain kudu disebut deui macét tapi éstu paéh total. Waktu 'tempuh' ka Jakarta anu sakuduna 2-3 jam, bisa jadi 8 jam. Lain carita da puguh loba anu ngalaman. [ ]

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Posting Komentar untuk "AYA KARETA API DEUI DI SUKABUMI"