CARPON: MÉNAK TI DAYEUH



Isukan arék aya ménak ti dayeuh ka kampung Cihérang. Ceuk kuwu Jumena mah dina raraga “Kunjungan Kerja”. Aya ogé anu ngomongkeun, datangna ménak ti dayeuh ka lembur Cihérang téh arék ngayakeun Sosialisasi Undang-undang, pokona jeung sajabana. Diitung ti taun 2009 asa karék ayeuna deui aya ménak ti dayeuh arék datang ka Cihérang. Mémang, dina taun 2010 kungsi aya mahasiswa ti Bandung anu KKN (Kuliah Kerja Nyata) ka éta lembur. Tapi da ari mahasiswa mah lain ménak, pamaksudanna ogé ngayakeun panalungtikan kahirupan urang lembur, euweuh maksud anu séjén salian ti éta.

Bubuhan anu arék datang téh ménak. Aparat désa, utamana Kuwu Jumena saminggu ti anggalna geus ngabéwarakeun nalika Sholat Jumaah. Yén ménak ti dayeuh téh datangna arék mawa rombongan. Meureun jeung bawahan-bawahanna. Dina wawar anu diucapkeun, kuwu Jumena méré pancén ka kabéh warga Cihérang; kudu beberesih, pageur imah anu di sisi jalan alusna dicét – teu kudu mahal-mahal cukup ku apu baé – anu penting nénjokeun lamun pageur téh rapi henteu cakueum teuing, jukut-jukut di sisi jalan kudu dikorédan, cindekna urang Cihérang kudu mintonkeun lamun lemburna mangrupa lembur anu asri.

Ah, da teu kudu dititah ogé urang Cihérang mah geus harideng. Kana kerja bakti jeung gotong royong mah lain omongkeuneun deui. Tiap Juma’ah isuk ogé tara telat beberesih. Lamun dibandingkeun jeung lembur séjén komo di tempat-tempat anu ngaranna kota jigana pajauh. Kamari aya urang Cihérang anu nyaba ka dayeuh, ngobrolkeun, “ Bisi maranéh hayang nyaho, anu ngaranna dayeuh téh tempat ngumpulna runtah… ampir tiap gang runtah ngagunduk!”

“ Lain runtah wungkul, banjir dina usum hujan geus biasa di dayeuh mah!” Si Ohi ngomong. “ Kuring boga dulur, imahna di dayeuh, dina bulan Desember nepi ka Pebruari téh tara tibra saré  da paképis jeung  cai..”

“ Tapi naha loba jelema anu muru pagawéan jeung ikhtiarna ka dayeuh nya?” Mang Ujang milu ngomong bari malikkeun goréng sampeu dina katél.

“ Kasih tau gak yaaa?” Ceuk Si Ohi bari nyéngir.

Anu aya di warung Mang Ujang mencrong ka Si Ohi. “ Kasi Tau gak ya??” geus jadi sabiwir hiji diucapkeun ku barudak ngora di lembur Cihérang lamun aya anu nanya hiji perkara. Kamari mah Si Kemed mani asa diléléwé ku hiji budak nalika nanyakeun aya di mana bapana, ku éta budak dijawab, “ Kasi tau gak ya?”.

“ Sabab anu ngaranna dayeuh mah ramé… !” Mang Uko anu ngajawab. “ Sok baé, lamun silaing muka warung di gunung atawa di leuweung, da geus pasti moal laku, Ujang!”

“ Kabéh ogé arapal, anu ngaranna dayeuh mah ramé. Ngan naon sababna jelema resep ka dayeuh sok sanajan di dayeuh téh pinuh ku rupa hal anu goréng?” Mang Ujang masih panasaran.

“ Sabab di dayeuh mah loba pabrik, toko, jeung tempat usaha!” Ceuk Si Ohi.

“ Naha maruka toko jeung tempat usaha téh di dayeuh teu di lembur?” Mang Ujang nanya deui.

“ Sabab di lembur mah fasilitasna kurang ngadukung!”

“ Naha maké kurang ngadukung?”

“ Sabab can diwangun!”

“ Naha maké can diwangun!”

“ Tanyakeun baé ku silaing jung ka anu di laluhur!”

Kabéh anu aya di dinya tanggah ka luhur.

“ Tanyakeun ka ménak anu isukan arék ka dieu ku silaing, Ujang!”  Si Kemed ayeuna mah anu ngomong. Anu séjén masih tanggah ka luhur.

***

Dina pangajian minggonan, Kuwu Jumena dibéré waktu ngumumkeun sababaraha hal ku Haji Sukri. Béda jeung minggu kamari, anu milu pangajian téh ayeuna mah rada euyeub. Ari dina minggonan biasa mah ngan pinuh ku aki-aki wungkul, éta ogé diukna nyireum ongkoh, nyisi bari peureum. Peuting éta mah anu tara ka masigit ogé ngadadak maké sorban jeung dikopéah bodas.

Jalma anu biasana ka masigit sataun dua kali dina Idul Fitri jeung Idul Adha ogé milu minggonan, malah dina sholat maghrib ogé ngucapkeun Takbirotul Ihrom mani pang tarikna, geus puguh dina waktuna ngucapkeun Amiin mah, patarik-tarik. Ngan orokaya, ngaranna ogé jelema baruraong, dina sholat téh teu jauh béda jeung ulin, ngadon hareureuy, aya anu silih kodok samping  jeung silih jijek suku. Nya, diturutan ku barudak leutik, silih séréd jeung papada baturna.

“ Tah, ayeuna mah urang kawitan baé. “ Kuwu Jumena bérés uluk salam ngamimitian biantara. “ Anu di pengker maju atuh, teu kéngéng arélég sareng moyég baé, teu isin nya ku Hansip Ika!” Anu disebut ngaranna cungas-cingeus bari menerkeun sorban jeung kopéah, katénjo irungna semu beukah. Anu di tarukang angsrod-angdrodan maraju, angger baé bari silih séréd ngahayoh-hayoh ka baturna. Aya ogé anu ngahaja nyepét samping baturna, atuh pas ngagsrod téh samping udar, gerrrrr ramé surak. Barudak sing cirihil seuri laun. Haji Sukri mah geus biasa manggihan hal samodél kieu, tara  loba omong, ngaranna ogé urang lembur.

“ Kumargi ménak ti dayeuh téh badé sumping ka ieu lembur énjing pisan, aya sababaraha hal anu kedah diperhatoskeun ku sadayana. Kahiji, kadé ulah dugi ka aya popoéan komo anu moé paré sareng pakéan lebet di sisi jalan atanapi dipoé dina pager, isin ku ménak. Kadua, para ibu saéna saparantos  pangaosan ngadaramel katuangan kanggo ngajamu ménak ti dayeuh.” Kuwu Jumena ngarénghap.

“ Kaogo gening ménak ti dayeuh téh mani sagala kudu disiapkeun!” Si Kemed ngaharéwos ka Mang Ujang.

“ Ménak ti dayeuh mah kasedepna téh katuangan lembur,  kulub sampeu, ranginang, rangining, sareng sajinisna!” Kuwu Jumena ngomong deui.

“ Sugan téh kabeukina goréng kopéah, euy!” Si Kemed ngomong kawas anu ceuceub, semu séntimén.

“ Kunaon ari silaing mani siga anu pernah kanyeunyeurian ku ménak ti dayeuh téh, ngan séntimén baé kitu, Kemed!” Mang Ujang ngaharéwos.

“ Tara maca koran jeung nénjo berita da silaing mah, Ujang!”

“ Keur naon, jeung sangkan naon déwék kudu maca Koran jeung nénjo berita?”

“ Ngarah silaing siga déwék, nyaho kaayaan nagara jeung puseur dayeuh kiwari siga kumaha!”

“ Ka para ketua RT sareng ketua RW kadé tong hilap umbul-umbul sareng bandéra pasangkeun. Urang kedah ngabagyakeun ménak ti dayeuh téh kalawan leres-leres.” Kuwu Jumena ngomong deui.

Bubar ti masigit. Masarakat ngabantuan ketua RT jeung RW masang umbul-umbul di sisi jalan, awéwé arolah kadaharan, barudak teu langsung ngampih ka imah tapi ngadon arulin hela di buruan, katambah bulan keur meujeuhna ngempray opat welas. Lembur Cihérang haneuteun nepi ka wanci sareureuh kolot. Barudak ngampih, kolot mah masih ngaramékeun jalan, aya anu ngaliwet jeung maén domino. Garduh ronda pinuh ku anu sing galolér.

***
Isukna, wanci haneut moyan, lembur Cihérang geus ramé deui. Arék ngabagyakeun datangna ménak ti dayeuh téa. Jalan lalening, beresih sasapuan, umbul-umbul mapaésan sisi jalan, euweuh anu moé pakéan di sisi jalan poé éta mah, ngawaro kana naon anu diomongkeun ku Kuwu Jumena nalika minggonan peuting tadi. Ti wanci carangcang tihang mula group marawis “ Jami’atul Gambréng ” geus nabeuh waditra marawisan mawakeun lagu-lagu Basa Arab jeung sholawatan.  Réngsé sholat subuh, Haji Sukri geus ngumumkeun sangkan kabéh urang lembur sariap-siap dina ngabagyakeun datangna ménak ti dayeuh poé éta.

Anu biasa indit ka sawah, dina poé éta mah ngahaja peré hela, hayang ulubiung jeung batur dina ngabagyakeun ménak ti dayeuh cenah. Anu karuli ogé paréré, keukeuh hayang nénjo datangna ménak ti dayeuh, da jarang pisan atuh anu ngaranna ménak datang ka Cihérang, paling lima taun sakali.

Geus kana dua jam lilana. Kabéh geus teu daék cicing. Ménak ti dayeuh can hol kénéh. Masarakat geus sing kecewis, teu sabar campur kesel.

Beulah kalér katénjo Kuwu Jumena dituturkeun ku dua hansip, Si Ika jeung Si Adut, leumpang gagancangan. Késang ngucur, semu pias.

“ Aya naon, Pa Kuwu?” Tanya RW Apud.

Kuwu Jumena ngarénghap, ngahuleng sajongjonan. Beungeutna katénjo beuki pias siga manggihan kareuwas.

“ Calik hela atuh, Kuwu!” Ceuk Si Kemed.

Kuwu Jumena diuk, ngarénghap deui.

“ Geberan ku silaing, hansip! Lain ngadon ngajentul baé, kuwu téh pan oboss siralaing!” Sentak Si Kemed.

“ Para wargi…. Ménak ti dayeuh téh teu cios sumping ka ieu lembur.” Ceuk Kuwu Jumena laun, katénjo aya rasa hanjakal. “ Nembé pisan nga-SMS, saurna aya acara ngadadak….!”

“ Teras kumaha atuh. Apan sagala rupina tos disayogikeun, katuangan kasedep ménak ogé tuh tos dikempelkeun dina méja. Ngahaja dijagaan da bisi dieunteupan laleur!” Ceuk salah saurang awéwé.

“ Atuh kumaha deui, da ménak ti dayeuhna ogé teu cios sumping!”

Lembur ngadadak jempling. Anu nabeuh marawis eureun. Kana lima menit lilana ngadon ngaharuleng.

“ Kumaha atuh , Pa Kuwu? Kedah kumaha ieu rahayat, karah ngadon ngaharuleng kieu gening.!” Ceuk Si Kemed.

“ Lah, tong loba cicing, kita hampleu saja makanan mah!” Ceuk Si Ocim, tap kana kulub sampeu, belewek dihuapkeun. “ Kulub sampeu saha ieu, mani puleun…?!” Ceuk Si Ocim peureum beunta.

Kabéh olohok ngembang kadu.

“ Marawisssss, tabeuhhhhhh… deui!” RW Apud ngagorowok.

Derrr marawis ditabeuh deui, ramé deui kawas aya anu hajat.

“ Bener silaing Ocim!” Ceuk RW Apud, tap kana kadaharan, camuil didahar. “ Hayoooo… lain ngajaredog mutuh!”

Urang Cihérang balakécrakan ngadahar kadaharan anu disiapkeun keur nyuguhan ménak. Ramé paheula-heula nyokot kadaharan. Barudak pipilueun pasedek-sedek jeung kolot.

“ Pantesan loba anu hayang jadi ménak, da sagala ngeunah. Ngadaharan ogé sarwa haratis deuleu!” Ceuk Si Ocim ka Si Kemed.

Lembur Cihérang haneuteun sanajan teu jadi kadatangan ménak ti dayeuh. Nepi ka wanci lingsir ngulon, jedurrr bedug ditakol di masigit ku Mang Ui.  [ ]

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA MTS RIYADHUL JANNAH

Posting Komentar untuk "CARPON: MÉNAK TI DAYEUH"