CARPON: MASBULOH



“ Kudu sering piknik geura, sangkan pikiran janglar!” Ceuk Si Ohi ka Si Kemed.

“ Masbuloh?!”

“ Tukang baso mah moal aya anu ngaranna Mas Buloh!”

“ Masalah buat loh! Silaing anu kudu sering piknik mah, mani henteu apal masbuloh-masbuloh acan!”

“ Heueuh, panya déwék, Mas Buloh téh urang Jawa!” Ceuk Si Ohi ngangles.

“ Jokowi kaleee!”  Mang Ujang anu ngomong bari ngagoréng déblo.

“ Ahhh, égépé!”

Keur usum ngomong basa-basa slank di Cihérang. Teuing ti mana asalna jeung kumaha mimitina éta kecap-kecap basa slank sumarambah dina kahirupan urang lembur. “Masbuloh” , “EGP”, “ Secara” jeung réa-réana deui.

Taun kamari mah usum pisan, urang Cihérang jeung jalma anu aya di kampung wewengkon Cimolonyon ngomong basa-basa anu dipopulérkeun ku Syahrini, saperti; “ cetar membahana.”. Éra ku batur cenah, lamun keur ngobrol kari-kari henteu ngarti kana basa-basa slank, sieun disebut kurang gaul, kuper, atawa generasi gagal. Ah, da lolobana mah ngan saukur pipilueun, kamana baé angin nebak kadinya pisan haseup inditna. Malah henteu apal-apal acan naon anu ngaranna generasi gagal téh.

“ Mémang..!” Ceuk Si Ohi muka deui jeujeur.

“ Mémblé yach?” Si Kemed nyéréngéh.

“ Jaman geus édan. Basa-basa geus henteu narurub cupu deui. Sagala gancang, ngangsreug, henteu beurang ,ogé  peuting, kecap-kecap sing pasuliwer minuhan ruang-ruang maya.” Tap kana goréng ulen. “ Naon cenah ayeuna mah aya anu ngaranna sosial média. Wahh, teu ngalalarti déwék mah!”

“ Silaing keur galau, Ohi?” Abah Uko ngomong. “ Geus tong dipikiran, jaman mah kudu diigelan lain diémutan, jadi lieur déwék da silaing mikir baé!”

“ Heueuh, arék henteu dipikiran kumaha, ku ayana basa-basa slank samodél ayeuna, ngaruksak kana tetekon, undak-usuk, jeung tata basa, Abah!” Si Ohi méla.

“ Geus euweuh SPG-na ogé, Ohi….!”

“ SPG? Loba ah, tuh budak Si Anud jadi SPG!”

“ SPG téh Sekolah Pendidikan Guru, lain SPG anus ok ngajualan roko jeung inuman!”

“ Béda kitu? Ari sugan téh sarua kénéh…!”

“ Baheula, ieu mah ceuk anu kungsi sakola di SPG. Sakola calon juragan guru éta téh. Anu ngaranna pangajaran Basa Sunda jeung Indonesia téh bener-bener diajarkeunna.. Nepi ka anu ngaranna guru téh kudu bener-bener geus siap nerapkeun éta pangajaran di sakola. Siap tempur lamun ceuk basa perang mah!”

“ Émang sakola guru ayeuna euweuh anu eucreug deui kitu, Abah?”

“ Huss… gagabah sia ngomong téh. Balatak sakola mah, ti anu biasa, luar biasa , jeung kaporit.!” Ceuk Abah Uko.

“ Paporit meureun lain kaporit!” Si Ohi langsung némbal.

“ Oh, geus ganti nya, sugan téh kaporit kénéh? Heuheuheu…!” Abah Uko seuri leutik. “ Ngan sakola ayeuna, nya sebut baé lah paguron luhur, geus kurang bisa nyitak guru anu sajatining guru!”

“ Asa ajaran Syeh Siti Jenar ari ngadéngé kecap sajatining-sajatining kieu téh!”

“ Apal henteu manéh anu ngaranna sajatining guru?”

“ Karék ayeuna ngadéngéna ogé!”

“ Tah, déwék ogé teu apal!” Ceuk Abah Uko bari ngalérét Si Kemed. “ Sugan silaing apal, naon anu ngaranna sajatining guru, Kemed?”

“ Apose?” Ceuk Si Kemed.

“ Aposé, naon aposé téh?”

“ Apa Sich.. basa gaul. Makana hirup kudu gaul, Cép Ohi.!”

“ Apal manéh, naon anu ngaranna sajatining guru, Kemed?” Abah Uko nanya deui.

“ Guru Atang hiji guru SDN Cikembung anus ok ngajualan fotokopian LKS  ka barudak nya?” Ceuk Si Kemed.

“ Ngacaprak siah… !”

“ Yasud!”

“ Yasud?”

“ Ya Sudah!!!”

“ Duh, jadi lieur déwék ogé ieu téh, Ohi!” Ceuk Abah Uko mencétan sirah ku sorangan.

“ Jadi… kumaha atuh?” Tanya Si Ohi.

“ STMJ!” Ceuk Si Kemed.

“ STMJ, naon éta téh?”

“ Susu Telor Madu Jahé.. inuman karesep Kuwu Jumena. Aing jadi lieur mikiran sia, naha mani henteu apal kana STMJ-STMJ acan, Ohi!”

“ Hirup mah lain dipikiran wungkul, tapi kudu dilaksanakeun! Lain saukur téori tapi kudu prak!” Mang Ujang ayeuna anu ngomong.

“ Tah ieu conto jalma siga bener!” Si Kemed nunjuk Mang Ujang.

“ Kamsud lohhhh!” Mang Ujang ngomong semu jebi.

“ Salah manéh. Hirup mah lain téori tapi kudu prakna. Prakték ogé kudu didukung téori setéh ngarah hirup urang éféktif!”

“ Teuing ah, déwék ogé jadi pipilueun lieur kieu…!” Mang Ujang ngusap beunget.

Kabéh anu aya di warung kerung, mikiran basa slank, sajatining guru, antara téori jeung prakték. Hujan masih kénéh ngecrek ti subuh nepi ka wanci haneut moyan. Haneut moyan kumaha, da panon poé ogé can bijil-bijil.

***

Geus ramé di balédésa, poé éta aya acara sosialisi Peraturan Daerah Nomor 1 Tahun 2014. Kabéh tokoh masarakat jeung para inohong diundang ku Kuwu Jumena. Ketua RT RW, tokoh pamuda, DKM Masjid Jami, jeung ibu-ibu posyandu. Rohangan balédésa ngebeb ku haseup roko,dina témbok aya seratan: MEROKOK DAPAT MEMBUNUHMU! Ah, teu paduli, da éta mah saukur seratan, kajaba lamun dina cangkang roko atawa baliho aya seratan MEROKOK DAPAT MENYEBABKAN ANDA MASUK NERAKA! Karék jigana jalma bakal mikir dua kali nalika arék ngudud. Ngan tangtuna ngan jalma-jalma anu iman wungkul anu moal ngaroko mah. Intina mah aturan tinggal aturan. Kajaba ti éta asa euweuh deui dalil naqli nu eusina: YA AYYUHALLADZIINA AAMANU LA NGUDUUUDUN!

“ Urang kawitan baé ieu acara.” Kuwu Jumena muka acara sosialisasi. “ Dinten ieu téh pamaréntah daérah kalawan diluluguan ku Disbudpar seja nyosialisasikeun Perda Nomor 1 Tahun 2014 ngeunaan Penggunaan Basa Sunda dina Poé Jumaah.” Ceuk Kuwu Jumena nuluykeun.

“ Heuheu, henteu sadar éta Si Kuwu. Apan ayeuna poé Salasa, naha manéhna ngomong kénéh ku basa Sunda, pan dina Perda nomor 1 , cenah Penggunaan Basa Sunda dina poé Jumaah lain, tadi diomongkeun ku Si Kuwu sorangan, heuheu… aturan oh aturan!” Si Ohi ngaharéwos ka Si Kemed.

“ Gandéng ah, masbuloh!”

“ Tah ieu kepala Disbudpar anu badé nyandakeun matéri Sosialisasi, wastana Drs Hotman. Mangga bapa, waktos sareng tempat disayogikeun kanggo bapa Kadis!” Kuwu Jumena nunjuk ku jempol.

“ Tuh geura, di mana aya nunjuk ku jempol, matak disebut nunjuk ogé hartina ngagunakeun telunjuk. Atuh ari ku jempol mah lain nunjuk tapi numpol ngaranna!”

“ Berisik ah, pindah geura déwék diukna!” Ceuk Si Kemed.

“ Para bapa dan ibu. Saya berdiri saja ya!?” Bapa Kadisbudpar ngomong.

“ Iyaahhh!” Témbal hadirin.

“ Perkenalkan, Saya Hotman, selaku kepala disbudpar. Mohon maaf, Saya bukan orang Sunda asli atau suka disingkat menjadi USA, saya berasal dari Medan. Tapi, walaupun begitu, Saya sangat mencintai Sunda. Istri saya orang Bandung dan baru satu… heuheu…!” Ceuk Bapa Kadis ku Basa Indonesia.

“ Mau nambah lagi?” Aya anu nyeletuk.

“ Heuheu… tidak, saya tidak akan nambah lagi.” Témbal bapa kadis.

“ Ya udah kalau tidak mau nambah lagi mah tutup saja acaranya..!” Aya anu ngomong deui.

“ Euhh, teu kéngéng kitu atuh, baraya. Ieu téh bapa kadis, teu kéngéng hareureuy!!!” Kuwu Jumena molotot, panon ngaburileng ngan teuing ka saha.

“ Ya, tidak apa-apa bapa kuwu! Saya seneng humor ini. “ Pa Kadis nuluykeun deui. “ Maksud saya tadi, tidak akan lagi nambah istri… cukup satu saja.!”

“ Iyahhhh!” Ceuk hadirin.

“ Nah, maksud kedatangan saya ke kampung Cihérang ini untuk mensosialisasikan Perda Nomor 1 seperti yang udah dibicarakan oleh bapa kuwu tadi. Jadi setiap hari Jum’at baik lembaga pemerintahan atau pun masarakat diharuskan menggunakan Basa Sunda baik dalam percakapan, rapat, sidang, atau apa pun! Ya, intinya itu sajah, demikian dari saya!”

“ Iyahhhh!” Ceuk hadirin.

 “ Mangga, bilih aya anu badé ditaroskeun ka bapa kadis ku para sadérék!”

“ Sayahhh!” RW Apud ngacung.

“ Sok mangga, Pa RW!”

“ Sayah mau menanyakan, kan harus menggunakan bahasa Sunda setiap Jumat. Bapak kadis orang Sumatera, apakah akan menggunakan bahasa Sunda juga?”

“ Iya, saya akan berusaha belajar saalit-saalit!” Ceuk Bapa Kadis.

“ Kumaha, cekap, Pa RW?” Tanya Kuwu Jumena.

“ Baiklah kalau begitu!” Ceuk RW Apud, gék diuk deui.

“ Geus baé sakitu nanya téh?” Ceuk Si Ohi ka Si Kemed.

“ Nya heueuh sakitu baé, pan ceuk RW Apud ogé, baiklah kalau begitu, hartina geus cukup.!”

“ Pan sok panjang biasana mah dina tunyu-tanyana RW Apud téh!”

“ Teuing atuh ah, céréwét sia mah, tanyakeun wé ka RW Apud tong ka aing!”

“ Bilih aya deui anu badé naros, mangga!”

“ Sayahhh!” RT Icang ngacung.

“ Oh, mangga, Pa Icang!”

“ Baiklah kalau begitu. Perkenalkan, Saya yang bernama Icang ketua RT 002 RW 002 akan menanyakan yang barangkali bapa kadis berkenan memberikan jawabannya. Ada pertanyaan yang mana dalam persoalan sosialisasi basa Sunda yang harus digunakan pada hari Jumat ini. Apakah alasannya harus hari jumat saja tidak di hari-hari biasa?”

“ Hari-hari biasa niyeeeee!” Ceuk anu aya di dinya.

“ Ya begitu juga cukup!” Ceuk RT Icang bari diuk deui.

“ Kenapa di hari Jum’at? Karena aturannya mémang begitu, Pa RT.” Ceuk Pa Kadis.

RT Icang masih panasaran. “ Jadi kalau begitu di hari biasa kita harus menggunakan bahasa apa dong,? benar tidak para hadirin!” Bari ngangkat taktak.

“ Ya,  di hari biasa gunakan bahasa Sunda juga, Pa RT!”

“ Terus kenapa Peraturan itu harus hari Jum’at, tidak setiap hari?” RT Icang keukeuh.

“ Siga asa pang intélékna wé éta Si Icang!” Si Ohi ngaharéwos ka Si Kemed.

“ Karena Peraturannya demikian…”

“ Iya lah, gimana yang dibarendo saja!” RT Icang diuk deui.

“ Heuheu… ngéléhan ogé geuning Si Icang téh..!” Ceuk Si Ohi.

Acara sosialisasi réngsé dina wanci lingsir ngulon. Kabéh kabagéan amplop.

***
Isukna, dina pager balédésa dipasangkeun spanduk, ajakan sangkan masarakat ngagunakeun Basa Sunda dina poé Jumaah. Atuh pabéja-béja. Lolobana nampa éta aturan kalawan salah. Disangka ku lolobana masarakat kudu ngomong basa Sunda poé Jumaah wungkul.

“ Aku mah jadi pusing ini téh. Kenapa ada peraturan kayak begitu!” Ceuk Si Ohi.

“ Ya gapapa, yang sabar aja ya, akan indah pada waktunya!” Ceuk Si Kemed.

“ Sekarang mah, orang-orang bicaranya pake basa campuran ginih. Bahasa jadi amburadul minta ampunn!” Si Ohi nepak tarang.

“ Ujang, déwék meuli roko!” Abah Uko datang.

“ Hey, abah.. kamu harus ngomong bahasa Sunda hari Jum’at!”

“ Naon? Naha?”

“ Sesuai Peraturan Daerah Nomor 1 !”

“ Terus, lamun déwék poé ayeuna ngomong ku basa Sunda, dunia kiamat? Henteu pan?”

“ Ya, tapi aturannya itu yang harus dipatuhi, Abah!”

“ Sarilaing mah bodo katotoloyo. Déngékeun, keur naon aing maké kudu ngomong basa Sunda poé Jumaah wungkul lamun poé ieu aing bisa. Tong ngacalapruk maranéh!”

“ Ya sudahlah.. terserah!”

“ Nya geus baé, teu kudu riweuh!” Ceuk Abah Uko bari melenyun ngudud.

“ Iyahh..iyahhh!” Ceuk Si Kemed.

“ Jojodog unggah ka salu, urang lembur ngomong ku basa Indonesia. Geus wé ngomong mah ku basa indung silaing, Kemed!” Ceuk Abah Uko jebi. “ Dahar jeung kangkung kénéh mah geus baé nyurupkeun manéh setéh!”

“ Gapapa, ada aturannya ini!”

Basa Sunda ngan dipaké poé Jumaah wungkul. Poé biasa mah urang Cihérang ngabiasakeun ngomong ku basa Indonesia minangka bahasa persatuan. Budak leutik diaitik ku anu jadi indungna ku basa Indonesia.

“ Ujanggg, kamu jangan maen di sisi kolam nanti kecebur!” Gorowok hiji awéwé di pangumbahan. (*)


Sukabumi, 18 Januari 2014
KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Posting Komentar untuk "CARPON: MASBULOH"