KOLOM BASA SUNDA: MUALLIM

Apal jeung mimiti wanoh kana kecap Amang téh nalika keur masantrén di Kobong jadi santri kalong. Heunteu ku santri saluhureun atawa sahandapeun kuring teu weléh disebut Amang. Henteu jauh béda nalika mimiti asup sakola SMA, ka kaka kelas nyebut akang jeung tétéh, ku adi kelas, nalika Kuring naék ka kelas dua sok disebut akang jeung tétéh. Malahan aya bédana, mimiti asup sakola ku kaka kelas mah sok dijieun ladén, panitahan. Komo waktu keur Masa Orientasi Siswa jeung Penataran P4 sakapeung sok meunang panyiksa ti anu jadi kaka kelas.

Henteu lila jadi santri kalong, ngaji réngsé sholat maghrib jeung sholat subuh di masigit diwurukan ku Bapa Muallim ti taun 1988 nepi ka tungtung taun 1990. Ngaranna ogé santri kalong, gegeleberan ka ditu ka dieu, ngaji élmu nahwu ogé teu tamat nepi ka 1000 bait Alfiyah, ngan ceuk anu jadi Muallim, kana lima kaca deui Alfiyah mah Kuring bakal apal kana éta bait-bait Alfiyah anu biasa dinazhomkeun ku barudak waktu pangajian. Jujur, danget ieu geus paroho deui bait-baitna ogé ari lain kana masalah ‘Irob Rafa nepi ka Jazm mah. Jarang dimuroja’ah ceuk orang-orang pergerakan mah.

Teu jauh béda jeung santri anu ngahaja mondok di kobong, dina ngalap élmu pangaweuruh masalah bagbagan agama mah sarua baé. Diatik Safinah,Yaquulu, Jurumiyyah, jeung élmu-élmu séjénna. Anu jadi Kyai dina prak-prakan ngajarna téh dines jeung tandes nakeran. Dina sapeuting, barudak santri kudu bisa jeung apal cangkem kana naon anu diserat dina papan tulis. Lamun peuting éta nyerat hadits, ba’da subuh nalika dipetél hiji-hiji téh kudu apal kana hadits anu peuting tadi diserat ku Kyai. Tandesna lain bohong, santri anu teu apal kana éta hadits geus tangtu dibalédog ku pamupus atawa diceprét ku tutunjuk.

Kyai anu biasa disebut Muallim ku urang lembur téh boga sima, dipikasérab ku warga masyarakat, geus puguh ku para santri mah, tara aya anu wani culangung, tong boro culangung, panggih di jalan pasampangan ogé éra lain bohong, lain sieun tapi éra. Teu saeutik, barudak saentragan ngomong, lamun keur di jalan, terus dikajauhan ninggali kana ringkang Muallim, barudak geus nyumput. Sima anu kaluar tina dirina lain kusabab galak kakapengan atawa boga sifat meupeus keuyang, éstuning kaluar kusabab anu jadi Muallim bener-bener nyurupkeun naon anu diucapkeun nalika da’wah kana kahirupan sapopoéna.

Ditalungtik sababaraha taun ka tukang, kalawan tatanya ka sababaraha jalma anu kawilang apal kana élmu-élmu hikmah, kaluarna sima tina diri hiji jalma téh kusabab naon? Da ari diilmiahkeun jeung dilogiskeun mah asa kurang loyog. Sima jeung komara anu ngancik dina diri jalma téh, kaluar kusabab eusi anu aya dina diri hiji jalma, lamun maung mah kusabab kagalakanna, kakoncara ka sakuliah leuweung, nepi ka dipikasieun ku kabéh sato. Dina diri jalma bakal ngancik komara lamun eusi anu aya dina diri jalma saluyu jeung naon anu dilakukeun ku éta jalma. Keur dipikasérab ku batur teu kudu masang foto diri urang dina baliho tuluy diimplik-implikan ku seratan: SAYA SIAP MENSEJAHTERAKAN RAKYAT. Kahadéan kudu dibréhkeun dina kahirupan, geus puguh dina jaman ayeuna mah anu ngaranna kahadéan ogé geus jarang dipanggihan dina kahirupan sabenerna.

Hal penting séjénna, Muallim tara pinter kodék jeung pucak-pacok kawas hayam kana naon anu lain hakna. Dina ngajar ka barudak ogé tara baramaén jeung nangtukeun harga. Geus jadi kabiasaan, barudak santri sok udunan pangajian téh saminggu sakali, paling gedé sarébu pérak, dikumpulkeun di hiji santri tuluy dibikeun ka Muallim. Duit udunan keur mayar listrik téh dikumpulkeun nepi ka sataun lilana, dina waktu Sholat Iedul Fitri méméh imam ngadegkeun Sholat Ied, duit meunang ngumpulkeun sataun téh dibagikeun ka santri anu katénjo nyongcolang dina pangajianna.

Ngaji di lembur siga pajauh jeung cara pangajaran-pangajaran modérn, kacawadna ku ahli-ahli pendidikan mah disebutna ogé pangajaran tradisional, téknik sorogan, anu teu loyog jeung sistem Lozanov atawa Montesori. Pangajaran tradisional anu maténi aktifna pamilon atikan, para santri kudu diuk sila, ngaregepkeun kana piwuruk ti anu ngajar. Cawadan samodél kitu sabenerna sikep apriori ti dunia modérn anu ngaku lamun téknik, sistem, jeung métodologi pangajaran maranéhna anu leuwih alus. Padahal lamun sikep apostériori - dina méré kamandang kana métodologi pangajaran di sababaraha pondok pasantrén jeung masigit - dipintonkeun, anu jadi Kyai jeung Muallim ngatik barudak kalawan métodologi anu teu éléh ku sistem modérn. Conto leutik, pangajaran modérn méré pangrojong sangkan pamilon atikan bener-bener aktif nalika keur diajar, Kyai di lembur ogé geus nerapkeun hal éta, para santri diatik sangkan bisa ngalaksanakeun naon anu dijelaskeun dina sakola anu teu diwatesan ku témbok atawa bilik masigit, nyaéta sakola kahirupan, hiji Univérsitas anu ceuk Shariati mah, teu diwatesan ku hiji lembaga jeung anu dipingpin réktor ngan ukur diuk ongkang-ongkangan dina korsi gading gilang kancana.

Kusabab kacawad lamun pangajaran modern, arék dina sistim jeung métodologi pangajaran tradisional, teu saeutik pangajian-pangajian ayeuna ngan saukur jadi manuk béo, ngadopsi sistim dina ngatik santri ku cara modern bari teu apal lamun ayana hal modern (Khalaf) teu bisa leupas tina pangaruh mangsa anu ka tukang. Kamari mah ngahaja ngaregepkeun pangajian di sababaraha masigit, anu jadi kyai jeung muallim asa jarang ngajarkeun élmu-élmu dasar saperti Nahwu jeung Sharaf ka para santrina. Iklimna geus praktis, barudak diajar Iqro hiji nepi ka genep, geus bisa jeung lancar maca diteruskeun kana ngaji Quran, poho lamun dadasar utama ngaji Quran téh teu bisa jauh jeung élmu Tajwid, Nawu , ogé Sharaf. Malahan, loba pisan barudak ngan saukur diajarkeun Iqro, geus kitu pangajian bubar. Masih leuheung, lamun nénjo ka wewengkon-wewengkon anu geus kagerus ku budaya urban, dina wanci sareupna téh barudak lain réang ngaji di masigit, tapi ramé ngawangkong di sisi jalan, di léséhan-léséhan, jeung jalan-jalan di mall. Kabéh sapuk, jaman mémang geus modern! [ ]

 

KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Posting Komentar untuk "KOLOM BASA SUNDA: MUALLIM"