Ilustrasi: Seorang anak tegang karena terbebani materi pengajaran di Sekolah
Asup sakola, anu bener mah ngasupkeun budak sakola, antara taun 80-an jeung ayeuna asa katénjo pisan bédana. Lain saukur ngasupkeun barudak sakola, malahan anu ngaranna sakola ayeuna jeung baheula – jigana geus pajauh. Keur wangunan jeung fasilitas mah, sakola ayeuna tangtu leuwih agréng dibandingkeun jeung baheula.
Anu jadi bapa pituin pernah nyarita, wangunan SD Balandongan, dina taun 70-an mah masih ngandelkeun bilik, lanténa oge masih taneuh, barudak téh diajar bari dariuk dina samak jeung ngandelkeun sabak minangka pakakas atawa alat keur nulisna. Nyurup jeung kaayaan barudakna, baju jeung calana kucel, tara disapatu sakola téh, make sandal jepit ogé geus kawilang alus. Lolobana mah teu maraké sandal, nyékér.
Tapi, kucara kitu, barudak sakola jadi miboga sikep merih. Dina diajar ogé sabenerna diajar, katambah anu jadi guru saperti Abah Safri, tegesna téh lain bohong, galakna galak enya, lamun aya anu can bisa raraban kakalian 1 nepi ka 10, tarang bisa bencenur dibalédog ku panghupus kai. Henteu héran, manjing ka kelas tilu, barudak geus loba anu bisa maca jeung nulis.
Lamun dibandingkeun jeung kaayaan sakola ayeuna, dina wangunanna geus aragréng, weweg, hurung-hérang. Tapir uh atikan ka barudak sakola karasa sumangetna geus diganti ku sumanget pragmatis, mémang penting pisan, nagara merhatikeun kasajahteraan anu jadi guru. Ngan asa kurang penting lamun masih kénéh loba guru anu ngobrolkeun: gajih ka-tilu belas, tunjangan fungsional, jeung sertifikasi. Da kadéngéna, anu diobrolkeun téh sok tara jauh ti éta. Kaciri, ruh sumanget ngatik barudak ku sikep ikhlash geus mimiti udar dina diri para guru.
Sumanget pragmatis dina dunya pendidikan ieu ngabalukarkeun kana sababaraha hal; Ka-hiji, anu jadi kolot mindeng dilieurkeun ku taun ajaran anyar, ti mimiti kudu ngasupkeun budak ka sakola kalawan online, kudu babayar keur daftar ulang, anu teu katarima daftar onlinemaksakeun manéh sangkan budakna asup ka sakola anu dipikahayang, nya ku cara naon baé, jadi katénjona anu arék sakola téh lain budakna tapi anu jadi kolotna. Waragad sakola, pamahal-mahal dina nangtukeun kualitasna, aya pamikiran, sakola anu alus téh disangkana, sakola anu mahal waragadna. Rék diaku atawa henteu da kieu buktina.
Béda jeung baheula, dina asup taun ajaran anyar, anu jadi kolot teu dibingungkeun ku kumaha cara jeung tarékah ngasupkeun budak ka sakola, paling ogé dibingungkeun lamun budak haying dipangmeulikeun sapatu jeung tas anyar, éta ogé lamun geus euweuh duit. Da keur budak anu kawilang bageur mah, tas jeung sapatu anu masih kénéh bisa dipaké sok terus dipaké nalika naék ka kelas anu leuwih luhur. Anu jadi kolot henteu dilieurkeun ku kudu mikiran waragad sakola anu mangyuta-yuta gedéna, mikiran budak asup atawa moal ka sakola anu dipikahayang, malah henteu sieun budak niléyna goréng, da anu jadi kolot sadar éta mangrupa konsékwénsi logis.
KANG WARSA | GURU BASA SUNDA
Posting Komentar untuk "NGASUPKEUN BUDAK KA SAKOLA"
Sila kirim tanggapan atau saran...