Resi jeung Maung

Aya carita anu alus ngeunaan "Manunggaling Kawula Gusti" mun di-Arab-keun mah Wihdatul Wujud téa, pasti référénsina ka Al-Hallaj jeung Siti Jenar.

MKG aya dua maksud, maksud salaku manusa, hubungan jeung papada MKG miboga harti ngahijina Kawula (Rahayat) jeung Gusti (Pupuhu, Raja, Ratu, Rt). Bener da kudu paantay-antay tangan. Diuk sarua handap, nangtung sarua luhur. Béda manusa saukur dina hal partikularisasi.

Kadua, MKG hubungan antara Manusa jeung Gusti. Kabéh mahluk ceuk téori emanasi mah asal ti Alloh. Kusabab asal ti Alloh mangka kabéh ogé mangrupa cahaya-Na. Malah dina ajaran Islam sorangan disebut, Alloh leuwih deukeut ka manusa tibatan urat beuheung. 

Dina term ajaran Timur mah mahluk mangrupa tuhan-tuhan leutik, lain hartina pangeran anu kudu disesembah tapi tiap manusa kudu mosisikeun batur salaku diri sorangan. Tong silih ganggu. Lamun tuhan-tuhan leutik silih ganggu nya balukarna mah papaséaan anu rongkah silih tandasa ogé jadi halal.

Dina hiji mangsa aya salah saurang resi, geus rumasa dirina ngahiji jeung nu kawasa, nepi ka manéhna boga anggapan, kuring teh Gusti. Tuluy aya hiji Maung ngaliwat, ceuk Si Resi, kusabab aing Gusti, aing bisa ngalakukeun naon baé kaasup ngarogahala jeung maténi éta Maung. 

Si Resi megatan jalan Si Maung.

" Sia rék dipaéhan ku aing!" Ceuk Resi.

" Naha?" Maung sakti, bisa ngomong.

" Sabab aing Gusti anu bisa ngalakukeun naon baé ka manéh! "

" Hahaha, pan aing ogé Gusti, jadi aing ogé bisa ngalakukeun naon baé atuh ka manéh, Resi!" Témbal si Maung.

Si Resi mikir, bener ogé éta kekecapan Maung téh. Antukna éta resi méré jalan ka éta Maung sabari ngahurmat tanda takzim jeung ngamulyakeun éta Maung.

" Sesama tuhan tidak boleh saling ganggu!" Harewos éta Maung ka Si Resi.


Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Posting Komentar untuk "Resi jeung Maung"