Ku: Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi
DINA téori islamicate jeung islamdom anu dibetuskeun ku Marshall Hodgson disebutkeun Islam disumebarkeun ku dua kakuatan, kahiji ku cara dakwah kalawan ngagunakeun budaya, sifatna adaptif jeung nga-akomodir budaya-budaya lokal. Kadua, salian disumebarkeun ku cara dakwah, ogé urang ulah nutup diri kana sajarah, yén Islam disumebarkeun kalawan ngagunakeun kakawasaan atawa kakuatan politis.
Islamicate di wewengkon urang leuwih diperedih digunakeun ku para wali jeung kyai dina nyebarkeun Islam, sabab niténan kana kultur jeung budaya masyarakat urang sorangan, salila 5-8 abad, Islam ngan saukur bisa sumebar di wewengkon basisir. Sangkan bisa katarima ku masyarakat di wewengkon beulah jero, para wali jeung kyai ngagunakeun cara nu leuwih wijaksana, disebutna islamicate, akomodatif kana budaya jeung kultur anu geus aya di ieu wewengkon.
Cara dakwah samodél ieu, digunakeun lain dina abad ka 17 nepi ka 19 wungkul. Kyai atawa ajengan-ajengan di sakuliah Nusantara, dina abad ka-20 ogé ngalakukeun cara dakwah sosial-kultural. Ngaranna ogé budaya, tangtu miboga sifat ngagulung ngahiji jeung budaya séjén. Umapama, lolobana masyarakat di urang mikaceuceub ka Syiah salaku salah sahiji golongan sasar dina Islam, padahal lamun niténan kana téori asupna Islam ka ieu wewengkon teu kungsi leupas dina jasa para ulama Persia.
Dina kahirupan masyarakat urang masih dilakonan kariaan saperti; muharoman, mahinum, ngabubur beureum jeung bodas dina poé asuro, percaya kana ayana Imah Mahdi, jrrd. Hal anu disebut tadi mangrupa akulturasi antara kultur anu biasa dilakonan ku umat Syiah jeung bangsa urang, utamana di wewengkon Jawa.
Di luar Jawa ogé, nepi ka danget ieu masih kénéh dilakonan upacara Tabuik di Sumatera Barat jeung Tabot di Sumatera Selatan, Riau, Jambi, jeung Lampung, éta kecap diserep tina kariaan anu biasa dilakonan ku masyarakat Syiah keur nandakeun béla sungkawa dipaténina Husen ku tantara Yazid di Karbala. Ka ditunakeunna mah kecap Tabuik atawa Tabot geus digunakeun ku masyarakat Yahudi keur nyebut kana tempat nunda Torah anu diserat ku Musa, disebutna ogé Tabut. Hartina, kultur atawa tradisi hiji wewengkon mah silih pangaruhan, lain milik hiji golongan wungkul.
Ku pinter-pinterna para wali jeung kyai di ieu wewengkon, anu apal kana psikologi jeung kaayaan masyarakat, cara dakwah sosial-kultural dilakonan, henteu ngagogoréng budaya batur, tapi dipaké cara keur ngaraketkeun masyarakat Hindu, Budha, jeung kayakinan buhun kana ajaran Islam. Di wewengkon Sunda teu saeutik vernakularisasi jeung indigenesi diterapkeun ku para kyai, nyaéta ngagunakeun kecap-kecap anu boga maksud sarua dina tiap ajaran saperti kecap Tuhan, Masigit, Gusti Allah, Sembahyang, Netepan atawa netepkeun diri, Puasa, jrrd.
Islamdom béda jeung Islamicate dina cara nyebarkeun ajaran. Cara kakawasaan politis mah dilakonan ku para gegedén anu geus milih Islam, tujuanna keur nyiptakeun kaayaan anu aman sanggeus karajaan-karajaan Islam di ieu wewengkon ngéléhkeun karajaan anu boga corak politis Hindu jeung Budha. Henteu saeutik, ku cara modél ieu, para gegedén anu asalna ngagem ajaran Hindu, Budha, jeung buhun parindah agama atawa ngonvérsikeun kayakinan heubeul kana ageman anyar Islam.
Sangkan kakawasaan tetep najeur jeung nanjung, Islam bisa ditarima mangrupa ageman karajaan, sababaraha wali jeung kyai dijenengkeun jadi dewan karajaan. Raja ngutus jeung méré pancén ka jalma-jalma anu geus diistrénan miboga pangabisa dina ngokolakeun rahayat ti wétan nepi ka kulon. Dina taun 1800-1900-an mah, sok sanajan Belanda beuki segut nanjeurkeun pamaréntahanna, tetep baé kakawasaan di tiap wewengkon dicekel pageuh ku bangsa urang, utamana ku kaum ménak.
Tangtu baé, dina mangsa harita teu sagawayah jalma bisa jeneng jadi pupuhu lembur. Salah sahiji sarat saurang jalma bisa nyekel kalungguhan nyaéta kudu miboga kasaktén, bisa meruhkeun masyarakat, saterusna bakal katurut ku balaréa. Hiji hukum alam anu geus lumangsung rébuan taun. Jalma anu boga kasaktén jeung pangabisa geus pasti langsung dijenengkeun ku masyarakat sorangan, lamun ayeuna mah diaklamasikeun jadi pupuhu lembur.
Salah saurang pupuhu lembur di Balandongan anu miboga kasaktén nyaéta Abah Jayawinata, ku urang lembur mah sok dilandih Ama Erpol. Kasaktian anu napel dina dirina lain lalawora. Anu jadi adi nini, Abah Subki – nurutkeun carita ti anu jadi aki – dina hiji mangsa diperedih sangkan nyukuran Abah Jayawinata. Sajeroning dicukuran ku Aki Subki, Abah Jayawinata nitah sangkan diteukteuk ceulina, anu nyukuran ngabati ngahuleng. " Hayoh, teuteuk ceuli aing!" Abah Jayawinata ngomong deui, nyayakinkeun. Bari asa-asa, ceuli diteukteuk ku Aki Subki, rampung, ngan henteu kaluar getih. " Tapelkeun deui!" Pok Abah Jayawinata. Ceuli ditapelkeun kana tempat asal, sabihara-sabihari deui, kawas sasari.
Kasaktén samodél kitu dipiboga ampir ku kabéh jalma anu jareneng jadi pupuhu lembur dina mangsa harita. Lain pangaweruh anu dihasilkeun ku cara lulucon. Ama Ujang umpamana, kanu jadi bapa pituin kungsi ngomong: hayang boga pangabisa samodél kitu téh, puasana ogé kudu opat puluh poé, mutih, buka puasa ngadahar sangu jeung nginum cai hérang wungkul. Kudu mapatkeun jangjawokan.
Eusi jangjangwokan sorangan, lamun dititénan mah mangrupa akulturasi antara prosa buhun jeung ajaran Islam, teu saeutik jangjawokan anu geus kasipuh ku ajaran Islam , eusina sok dimimitian ku sahadat, solawat, mindeng nyebutkeun kecap Alloh, Kangjeng Nabi, malah aya anu nyebutkeun ngaran sohabat sagala.
Masyarakat umum anu lolobana teu miboga kasaktén diperedih sangkan hirup saluyu jeung aturan, étika, ogé tatakrama anu geus lumangsung dina kahirupan masyarakat. Teu saeutik masyarakat umum ogé anu nyoba-nyoba ngamalkeun jangjawokan jeung nyuprih kasaktén, ngan sok tara kahontal antukna keuna ku paribasa " ka luhur henteu sirungan ka handap henteu akaran". Pihartieunna mah, kulanas, bangtut, atawa cangor.
Ganti jaman jeung wanci tangtu ganti deui pasualan kahirupan. Budaya keuna ku robah. Dina mangsa kiwari mah jalma kawas anu teu merelukeun deui kasaktén atawa kaahéngan samodél Abah Jayawinata. Dina pikiran jalma kiwari , barang pusaka anu kacida rongkah jeung bisa mangaruhan naon baé ogé lain keris, bedog kabuyutan, atawa gobang deui, kiwari mah boga ngaran : duit. Duit anu bisa ngajadikeun jalma jadi sakti dina jaman kiwari mah, lain jangjawokan atawa puasa mutih deui. Kitu pikiran lolobana jalma jaman kiwari.

Posting Komentar untuk "Abah Jayawinata"
Sila kirim tanggapan atau saran...