Guru: Pa Abad Sasmita


Hanca Kahiji

Dina sababaraha tulisan ka hareup, kuring arék medar pangalaman nalika sakola. Anu arék diguar nyaéta guru-guru, boh anu kungsi ngajar atawa anu kungsi deukeut jeung kuring. Satadina mah rék diserat dina wangun Basa Indonésia, ngan sangkan leuwih deukeut jeung karasa, ceuk pikir mending diserat ku Basa Sunda baé. Iwal ti éta itung-itung diajar ongkoh, keur ngamumulé basa sorangan.

Paganteur dina ieu seratan cuang guar heula naon anu disebut guru? Kumaha guru-guru jaman kuring sakola lamun dibandingkeun jeung kaayaan guru kiwari? Moal ngagunakeun téori-téori pédagogik, rék dibéjérbéaskeun dumasar kana pangalaman nyata wé (empirik).

Guru mangrupa kecap kirata “digugu jeung ditiru”, sok sanajan harti sabenerna mah ieu kecap mangrupa serepan tina Basa Sansekerta, pihartieunna “miboga pancén kacida beurat”. Ngan anu sumebar di masyarakat urang mah tangtu baé kecap kirata tadi, digugu jeung ditiru. Harti saujratna, guru kudu bisa diwaro jeung dijadikeun conto ku masyarakat, sok komo ku para pamilon atikan. Ari kitu onaman, nya pantes baé atuh miboga pancén anu beurat.

Guru mangrupa pagawé fungsional, hartina miboga pancén dumasar kana fungsina, ngatik jeung ngajar para pamilon atikan di sakola. Ku kaayaan politik kawas ayeuna, kecap fungsional ngalaman améliorasi, kecapna saolah jadi kurang dipikaresep. Aya istilah “difungsionalkan”, nalika saurang pagawé anu nyekel kalungguhan jabatan struktural dipindahtugaskeun atawa dimutasikeun ku pimpinan ka kantor séjén. Jigana keur ngaganti kecap dipindahkeun atawa diturunkeun posisina. Apal meureun kumaha mahabuna sikep eufimisme di urang? Nya sebut baé sangkan teu nyinggung rasa jalma anu dipindahtugaskeun.

Taun 80-90an jalma leuwih milih jadi pagawé swasta kusabab gajih anu katarima bisa mangtikel-tikel tibatan pagawé nagara. Guru harita aya anu nampa gajih bulanan 15 nepi ka 25 réwu. Sedengkeun pagawé swasta bisa nepi ka 250 rébu. Ari kitu téa mah ampir teu jauh jeung kaayaan guru honorér kiwari. Sok aya geuning anu nulis status dina media sosialL pagawé pabrik leuwih gedé gajihna tibatan guru honorér. Aya anu nanya, naha atuh daék jadi guru honorér geus puguh ogé leutik gajihna? Jadi guru tangtu baé mangrupa panggero batin, teu bisa diukur ku leutik jeung gedéna gajih, idealisme modél kitu anu sakuduna nerap dina diri guru honorér.

Teu anéh, dina mangsa kiwari loba jalma utamana pagawé leuwih milih ditempatkeun dina jabatan atawa kalungguhan struktural. Tapi lamun diitung-itung, sihoréng jumlah pagawé fungsional jigana leuwih loba tibatan pagawé struktural. Sa-sakola baé bisa nepi ka aya 30-40 guru anu ngajar, can ditambah ku “tenaga kependidikan”.

Salaku pagawé fungsional tangtu baé guru ditungtut kudu apal cangkem kana fungsi salaku guru. Sebut baé kudu bisa ngatik jeung ngajar para pamilon atikan kalawan nyugemakeun. Guru taun 80-90an nalika kuring sakola geus apal pisan kana pancén jeung fungsina. Da lain ngatik jeung ngajar wungkul, di sagigireun éta boga pancén séjén anu leuwih penting nyaéta ngadidik jeung ngabudalkeun kamampuh, kahayang, jeung poténsi pamilon atikan. Nya guru kiwari ogé tangtu baé sarua, geus sakuduna kitu.

Salah saurang guru di SMPN 3 Kota Sukabumi anu ku kuring dianggap bisa narjamahkeun fungsi jeung pancén guru salila di sakola nyaéta Pa Abad Sasmita. Ngajar Basa Indonésia jeung Sejarah. Iwal ti éta nyekel kalungguhan salaku wakil kapala sakola.

Ku barudak lengger, semi-bandel, jeung buraong permanén mah guru samodél Pa Abad biasa disebut guru killer. Galak teu katulungan, aya barudak anu ngaradon moyég di kelas atawa keur upacara, tara kapalang sok langsung ditampiling. Kusabab hal éta, tangtu baé moal aya barudak anu kumawani élég jeung moyég nalika nénjo Pa Abad ngaliwat. Pamilon atikan lalaki nu gondrong meueusan lansung dicukur, diceplok ku réngkok, digunting ngurilingan sisi réngkok. Ulah aya anu seuri, kanyahoan nyeungseurikeun langsung dicarékan.

Kuring ogé rada kurang panuju harita mah, naha aya guru model kitu. Émosional, teu payaan, hampang leungueun. Dina hiji waktu, réngsé sakola, kuring kungsi diajak ngawangkong ku Pa Abad. Kecap anu dikedalkeun nyaéta, bapa téh nyaah ka barudak matak nerapkeun atikan samodél kitu.

Aya benerna, anu jadi guru lain sétan atawa ririwa anu ujug-ujug nyabokan pamilon atikan kitu baé. Ka pamilon atikan anu bageur, semi bageur atawa kuuleun kawas kuring  can kungsi hahaok poporongos sok komo nepi ka nampiling.

Silih asah, asih, jeung asuh mangrupa tatapakan kahirupan di masyarakat urang kudu dilarapkeun kana sikep kalawan proporsional. Ulah kusabab aya kecap asih tuluy nalika aya budak maok hayam atawa éntog jeung bandel diantep bari ngomong: urang mah kudu asih ka papada. Ka barudak atawa pamilon atikan modél kitu anu kudu diterapkeun nyaéta sikep asah. Péso jeung bedog bisa seukeut kusabab diasah lain dipikanyaah jeung diantep nepi ka tai hyangan.

Aya déviasi keur ngawujudkeun sikep asah, asih, jeung asuh dina mangsa kiwari kusabab boga anggapan tilu kecap miboga harti anu sarua. Tangtu baé tilu kecap asah, asih, jeung asuh miboga harti jeung makna anu béda. Ngagulungna jadi saharti tilu kecap tadi teu leupas dina cara jalma kiwari méré harti kana HAM (Hak Asasi Manusa) anu ngawujud jadi sagala rupa anu teu loyog jeung sikep nyaah umpamana nyabok, nampiling, jeung neunggeul ka jalma atawa budak anu ngalakukeun salah langsung disebut teu cocog jeung HAM.

Hak Azasi Manusa teu nyual masalah éta sabenerna mah, ngan sok dijadikeun alesan jeung bénténg jalma ngalakonan kagoréngan. Kawas kieu, aya pamilon atikan tuluy ngomong garihal nepi ka nantang gelut kanu jadi guru, manéhna ngomong: hak asasi, Pa, saha baé bisa ngedalkeun kekecapan, pikiran, jeung kamandang. Turunan hak asasi manusa lamun arék dilakonan salah sahijina étika. Jadi ulah disebut salah jeung ngarempak hak asasi manusa nalika aya guru nyabok, neunggeul, nyiwit, jeung nampiling budak bandelna nataku.

Jadi sikep Pa Abad Sasmita anu kawilang galak keur diri kuring jeung barudak anu kungsi dicarékan nepi ka ditampiling lain kaluar tina tabéat aslina, hal éta dilantarankeun bakating ku nyaah, sangkan barudak milampah hal anu sakuduna dilakonan ku pamilon atikan. Sok komo dina mangsa harita, guru ditungtut nerapkeun étika jeung moral anu dijadikeun papanjer kawijakan Orde Baru. (WS)
Kang Warsa
Kang Warsa Sering menulis hal yang berhubungan dengan budaya, Bahasa, dan kasukabumian.

Posting Komentar untuk "Guru: Pa Abad Sasmita"