Carpon: Surat ti Neng Ijat

Geus aya kana lima poéna Si Kemed henteu mandi, lain kusabab usum ngijih ogé lain pédah burununggul. Sanajan usum ngijih ogé ari haté keur luginan mah tara telat kana mandi, aya kana tilu kali nepi lima kalina mandi sapoé téh. Kamari, meunang surat ti Néng Ijat, anu ngalantarankeun Si Kemed henteu bisa mandi jeung geus kana lima poé awakna teu manggih cai. Inget baé kana surat ti Néng Ijat anu dadak sakala mutuskeun tali kanyaah, euweuh sabab musabab, teuing kasalahan naon anu ngalantarankeun Néng Ijat mutuskeun kanyaah manéhna di tengah jalan. Lain kusabab aya Kang Wahyu urang Cicadas sakumaha lagu Doel Soembang. Ti wanci carangcang tihang nepi ka panon poé lingsir ngulon, gawéna ngan muka jeung macaan deui surat ti Néng Ijat. Hayang ngaduruk, tapi da keur naon diduruk karah beuki nambah gudawang haté manéhna.

Surat diteuteup, dibaca kana sababaraha kalina.

" Kahatur Kang Kemed, di rorompok." Kitu mimiti éta surat.

" Kang Kemed, sateuacanna , Ijat nyuhunkeun dihampunten, tos kumawantun ngintun serat, sanés alim nga-SMS atanapi ngintun pesen kana inbox facebook, nu mawi tos dua minggu ieu, Ijat teu muka-muka deui facebook, saur réréncangan mah aya anu ngahack. Duka, Ijat mah kirang uninga naon maksadna aya jalmi anu ngahack facebook Enéng. Da sélébritis sanés abdi mah. Ngan saukur padamel pabrik, éta gé kapaksa da dijurung ku pangabutuh. Ari kahoyong mah janten PNS Ijat téh, hoyong sapertos batur janten padamel kantoran anu turun unggah mobil. Émang , ieu ogé turun unggah, mung turun unggah tina ojég. Da kumaha atuh, bujeng-bujeng ngalamar janten PNS atanapi padamel kantoran, ngalamar damel ka pabrik ogé apan mung ngandelkeun ijazah palsu, ijazah tatanggi anu difoto copy ku Kang Kemed nyalira. Hatur nuhun kana bantosan Kang Kemed, dua taun kalangkung tos mang damelkeun ijazah palsu kanggo Enéng.

" Akang, seueur pisan saleresna anu badé didugikeun dina ieu serat. Mung kumaha cara nyerat sareng ngadugikeunna, Ijat mah teu terang, istri bolostrong anu henteu wawuh bangku sakola inprés-inprés acan. Benteun sareng istri sanés anu sarakola luhur jaranten sarjana tangtosna. Nyerat ieu serat ogé sababaraha kali ngonsép sareng dipupus ogé ditip-éx, curat-corét ampir dina tiap kalimah tangtosna.

" Akang, Ijat leres-leres nyaah ka Kang Kemed, sanés nyaah polésan ogé nyaah bobohongan, éstuning nyaah anu kaluar tina manah anu paling jero. Mung, kumaha atuh, sanaos cinta urang duaan siga anu baris manjang dugi ka jatukrami, ngawangun rumah tanggi, kadar teu tiasa disinglar, urang kedah pegat dugi ka dieu. Sok baé Akang bilih badé nangis atanapi gogoakan mah, Ijat ikhlash, ikhlash pisan.

" Punten, Ijat tos nyerat ieu serat. Ti danget ieu, anggap baé antara urang duaan saolah teu kantos aya hubungan nanaon. Hatur nuhun." Kitu eusi surat ti Néng Ijat.

Si Kemed kerung, panonna ngaca carinakdak. Bener, asa hayang ngagoak bari ngeupeulkeun leungeun jeung ngomong. " Naon salah, aingggg, Ijaaaaaaat?!!" Surat dikeremes-keremes. Ngarahuh, gék deui diuk. Mikir sajongjongan, néangan alesan ka diri sorangan, bisi kasalahan aya ti dirina. " Kurang naon ari aing? Naon anu dipikahayang ku manéhna sok dicumponan, hayang jajan basoh jeung mie goréng unggal malem Minggu apanan osok dicumponan. Ngajak lalajo layar tancep di nu hajat dihayohkeun. Masalah kanyaah? Pan aing geus bener-bener nyaah, lain saukur ucapan jeung omongan, diprakkeun dina tingkah polah. Jadi rieut aing!"

" Pokona aing kudu apal, naon alesanna Néng Ijat megatkeun kanyaah anu geus pohara rongkahna dina diri aing. Aing embung maot ngabugang kitu baé bari mawa kanyaah anu henteu cumpon, kawas carita Siti Nurbaya baé… Heuheu, aing Syamsul Bachri meureun, beuuu… !" Kerung deui. " Beuu, boa ku indung bapana arék dikawinkeun ka Datuk Maringgi, kusabab aya lalaki anu leuwih beunghar ti aing. Ah, moal… moal mungkin Néng Ijat kadoja ku harta dunya bari ngorbankeun kanyaah. Tapi, bisa jadi… bisa jadi da indung bapana mah katelah kolot matré! Sakali apél baé, aing kudu wé mawa martabak jeung sekoteng mah."
***

Si Ocim keur ngamandian hayam waktu Si Kemed gura-giru datang ka imahna. Hayam adu jago dipaléan, dipoyankeun di kurungan. Aya kana lima kurungna di buruan.

" Aya naon, rék meuli hayam, lain?" Tanya Si Ocim. " Tah, hayam alus mah ieu. Moal aya anu ngéléhkeun, kamari baé hayam Si Yana anu ngaranna Si Solasih diadu jeung hayam ieu, jipér, lumpat, nyuuh, kokosodan, ampun-ampunan sagala ka Si Jago..!"

" Ari Sia, kana ngabohong téh asa henteu cageur-cageur!" Gerentes Si Kemed, henteu ari dikedalkeun mah. " Lain arék meuli hayam déwék ka dieu téh!"

" Duh, jam kerja euy wayah kieu mah… Moal ngaladénan masalah-masalah séjén, kacaba ngobrolkeun bisnis jeung perhayaman, sorry lain kuring balaga, jaman ayeuna mah sagala rupa ogé kudu jadi peluang usaha…!" Ceuk Si Ocim bari ngalepus udud.

" Nya syukur ari silaing geus cageur jeung jejeg pikiran mah!" Ceuk Si Kemed. " Déwék ka dieu ogé, puguh arék ngomongkeun bisnis, Cim!"

" Tah, lamun ieu dilayanan… Bisnis naon, hayam? Manuk Kenari? Jual beuli taneuh? Atawa bisnis kembang?"

" Lain… ieu mah bisnis birahi!"

" Kumaha, piuntungeun?"

" Jajap déwék ka Imah lanceuk silaing!"

" Kélanan, naon hubunganna make kudu jor-joran ka imah Ceu Koyah?"

" Anteur wé, déwék aya perlu ka alo silaing, Néng Ijat!"

" Sabaraha duit komisina?"

" Sajuta!"

" Wah?"

" Bener!!!"

" Panjeran, ku roko baé sabungkus.!"

" Heug, engké di jalan urang nyimpang hela ka warung Si Ujang. Udud Jarcok wé nya?"

" Sokam! Tong ngalédék ka Bandar hayam adu silaing, Kemed!"

" Nya, Sokam lah..!"

" Hayu…!"
***

Si Kemed ditampa ku anu boga imah, Ceu Koyah jeung Kang Aif. Culang-cileung nénjoan ka jero imah sugan aya Néng Ijat.

" Aya naon Jang Kemed? Asa rareuwas kieu, Eceu téh?" Ceu Koyah nanya.

" Anu mawi, peryogi ka Néng Ijat abdi mah, Ceu!"

" Aya.. aya Si Ijat mah.." Kang Aif anu ngomong. " Nyai… nyaiii… yap ka dieu!"

Torojol Néng Ijat.

" Tah, sok ngomong, naon anu arék ditepikeun téh, meungpeung Si Ijat aya..!"

" Kieu, Ceu, Kang, Néng… abdi badé naros perkawis serat anu didugikeun ku Néng Ijat lima dinten kapengker. Leres éta eusi serat téh?" Si Kemed carinakdak, pikarunyaeun. Neuteup ka Néng Ijat anu katénjona beuki hérang baé.

" Kumaha atuh, Ijat. Sok jawab tah pananya Jang Kemed téh!" Ceuk indungna.

" Leres…!" Néng Ijat ngajawab, laun.

" Teu janten soal, badé megatkeun kanyaah sareng kadeudeuh ogé. Mung, akang mah peryogi katerangan, naon pangna urang kedah pegat? Naon lantaranna?"

" Teu aya nanaon, Kang. Mung Ijat mah nuju hoyong nyalira heula.!"

" Aya pameget sanés? Atanapi akang tos ngalakukeun kalepatan?"

" Henteu, Kang… Henteu aya nanaon, Ijat mah hoyong nyalira wé, anggap wé urang réncang biasa!"

Si Kemed ngarahuh panjang.
***

Sabulan ti harita, di lembur Cihérang aya kariaan. Hajat gedé, Ceu Koyah jeung Kang Aif ngawinkeun budakna ka urang kota, cenah Bandar Buah ti dayeuh. Peutingna arék ngayakeun hiburan pongdut jeung gendang penca. Si Kemed keur ngalelempréh di imahna. Biwir garing, gearing aya kana samingguna. Panon mélétét nénjoan surat ondangan, aya seratan MENIKAH: IJAT DAN UUS. Asa ngimpi asa henteu, samar polah.

" Harianeun, ngabohong ka Aing manéhn téh, Ijat. Balaka baé arék dikawinkeun jeung jalma beunghar, Bandar buah, da moal ngulahkeun aing ogé.!"

Borobot sora pepetasan disada, nandakeun pangantén lalaki geus datang. Si Kemed maksakeun hudang, hayang nyaksian Néng Ijat dirahpalan cenah. Keun baé, sok sanajan awak keur teu garenah jeung haté gudawang ogé. Sérélék mukakeun hordéng. Langit ceudeum, hawa ogé siga anu nyeungseurikeun manéhna anu keur sedih.

Si Kemed diuk di masjid, tempat arék dilumangsungkeunna akad nikah. Geus ramé, kolot jeung budak. Si Kemed diharudum samping, henteu mandi, pada nénjokeun ku anu séjén. Beuki gudawang raheut haténa nalika Pangantén dirahpalan. Curucud cipanon ragrag, ngalémbéréh maseuhan pipi. Inghak-inghakan.

" Duh, nasib aing… kieu-kieu teuing…. Tobattttt henteu kuattttt!" Jung nangtung, berebet lumpat henteu nénjo tincakeun, kaluar ti masigit. Anu séjén ngabati colohok.

" Aya naon?"

" Kunaon Si Kemed?"

" Putus cinta lain?"

" Raheut haté meureun…!"

" Jempling, tong garandeng, pangantén anyar arék macakeun sighot taklik!" Ceuk Hansip Ika bari ngacungkeun paneunggeul.
***

Keur anteng lalajo pongdut, ti Beulah kaléreun lembur anu aya kokocéakan. Sora awéwé.

" Tuluuuuung…. Tulungannnnn!"

Anu lalajo riab, pongdut henteu dipaliré sanajan biduan keur meujeuhna motah gutak-giteuk.

" Aya naon? Aya naon?"

" Tulungannn… itu tulungan, bantuan… bantuan…!"

" Bantuan naonnn?"

" Si Kemed di sumur Ma Acam!"

Kabéh muru sumur Ma Acam. Si Kemed keur roroésan di jero sumur, nalika disorot ku lampu senter hansip Ika.

" Euh, bener wé gening. Cokot tarajé…!"
***

" Arék bunuh diri lain silaing téh?" Tanya Hansip Ika. " Keun baé sia téh, awéwé mah satambru lain Si Ijat wungkul!"

" Kang Kemed, éta aduh, wawanianan ngecemplunkeun manéh ka sumur anu sakieu jerona!" Ceuk anu séjénna.

" Lain, kuring mah lain arék bunuh diri…!"

" Naon atuh, batur mah keur meujeuhna ramé lalajo pongdut, derrr manéh mah karah ngadon ngojay di sumur.!"

" Kuring téh arék nulungan budak anu ti Kecemplung!"

" Saha??? Mana???"

Lamput disorotkeun ka jero sumur.

" Aeh, bener geuning itu aya awak budak ngambang…!" Gejebur Hansip Ika ngajol ka sumur. " Tarajééééééé, gancang!"

Budak anu tikecemplung geus meueusan, Utah cai kana sapanyiukna. Orokaya anu jadi Indungna gogoakan.
Peuting éta mah lembur Cihérang ramé lain bohong, pongdut jeung gendang penca, riweuhna masarakat anu ngagulang-gapér budak jeung ngabébénjokeun indungna, aya ogé anu ngagotong Si Kemed anu ngalelempréh kacapéan kusabab oséh-oséhan nulungan budak di jero sumur.

Nepi ka wanci janari leutik, hawa beuki tiris, kaayaan jadi mimiti jempling. Surat ti Néng Ijat diasupkeun kana hawu ku Si Kemed.

" Didoakeun ku akang, manéh sing meunang kabagjaan dina nyanghareupan rumah tangga jeung Bandar Buah ti dayeuh, Ijat!" Ngomongna laun pisan.

Golédag  ngagolér dina talupuh. Hawar-hawar aya anu adzan awal, kadéngé ti kajauhan. [ ]

Sukabumi, Januari 2014
KANG WARSA | GURU BASA SUNDA

Dikirim melalui BlackBerry®

Posting Komentar untuk "Carpon: Surat ti Neng Ijat"