ANALISA: NGARAWAT BUDAYA

Dina sawatara waktu, urang bakal kerung, naon sababna kamajuan jaman maké bisa ngagerus budaya paguyuban (gammeinschaft) anu ngawujud jadi budaya patembayan (gesselschaft)?

Kamajuan jaman mawa kana hal-hal anu sifatna global. Global dina harti kudu ngindung jeung ngabapa kana budaya anu geus ngalahirkeun éta kamajuan. Teu anéh lamun kamajuan siga ngagerus kana budaya lokal (local wisdom).

Hal séjénna, kamajuan jaman geus mawa kahirupan kana hiji kampung global, miboga tatanan masarakat anu kudu luyu jeung sakabéh pangeusi kampung global/dunya. Lamun henteu ngadaptasikeun diri tangtu bakal kagerus, katinggaleun léngkah jeung kamotékaran hirup. Teu saeutik, tungtungna loba jalma anu saukur lolondokan, ngan molés luar wungkul ari jeroan kurang dipaliré.

Lamun niténan kana kaayaan samodél kieu, aya kamandang awal, saolah kamajuan téh mangrupa péso atawa pakakas anu ngaruksak kana budaya asli hiji bangsa.

Dina taun 1980-an, di luhureun pamandian cai panas Cikundul aya hiji imah panggung. Dina golodogna disadiakeun cai entéh sakétél jeung dua gelas. Disadiakeun keur jalma-jalma anu lumampah jauh, saha baé bisa nginum di éta imah.

Ayeuna, hal éta geus leungit. Kamajuan geus ngarobah pola hirup, tina sagala bisa haratis jadi kudu dibayar. Hubungan emosional jeung interpersonal geus diganti ku hukum transaksional pasar.

Sababaraha bulan katukang, aya helaran 'Festival Budaya Sunda' di Kota Sukabumi. Hiji acara keur ngaronjatkeun deui budaya Sunda di Kota Sukabumi. Rupaning budaya Sunda dipidangkeun jeung dipintonkeun ka masarakat Sukabumi, tilu poé lilana.

Tarékah-tarékah saperti kitu anu kudu dilakonan ku sakabéh élémen masarakat. Malah pamaréntah boga pancén gedé keur ngaronjatkeun budaya Sunda dina kahirupan anu beuki maju ieu. Ku ayana acara-acara kitu, sahenteuna masarakat apal kana ngaran jeung rupa-rupa budaya Sunda anu salila ieu can dipikawawuh ku maranéhna.

Aya éta ogé kamandang sinis bari kurang ngawangun, urang teu kudu maksa-maksakeun diri bari ngaleuwih-leuwihkeun dina ngamumulé budaya Sunda, da réalitana mémang geus kieu, robahna jaman moal bisa dibendung.

Kamandang di luhur siga bener padahal ngacapruk. Naha? Kahiji, naha salila ieu budaya deungeun bisa sumebar ka sakuliah dunia kucara kitu baé? Teu dikonsép kalawan sistematis? Westernisasi lumangsung dina waktu anu lila, ±2.500 taun, conto anyar, génre musik K-Pop ti Korea, henteu sumebar kalawan alamiah tapi éstuning bener-bener dikonsép anu lilana sadékade (Taun 2.000-an).

Kadua, naha urang teu ngarasa, pakéan, imah, jrrd mangrupa asimilasi antara budaya asli jeung deungeun. Budaya Arab malah leuwih dipikareueus ku urang kusabab urang boga anggapan lamun budaya Arab geus pasti Islami. Apan dina unsur-unsur kabudayaan ba(ha)sa téh mangrupa budaya.

Arék dipikaresep atawa moal, urang tetep kudu miboga léngkah-léngkah strategis keur - sahenteuna- ngajaga budaya sorangan tina serangan budaya deungeun.

Saméméh dihelarna "Festival Budaya Sunda", hiji seméster ka tukang diadegkeun "Dewan Kesenian Kota." Hiji paguyuban anu dijerona incikibung jalma-jalma anu mikareueus jeung resep kana seni. Diadegkeun, minangka hiji program ti Pamaréntah Kota Sukabumi.

Salah sahiji tujuan diadegkeun éta "Dewan" keur nyusun stratégi budaya kucara ngumpulkeun kamandang-kamandang ti sakabéh seniman jeung budayawan asal Kota Sukabumi.

Dina taun kahiji mah karék diayakeun diskusi ngaguar tarékah-tarékah dina raraga ngarawat budaya Sunda jeung budaya-budaya séjén anu baris mawa kahadéan keur Kota Sukabumi.

Di sagigireun éta, sababaraha paguyuban jeung komunitas ogé geus ngaradeg di Kota Sukabumi. Sifatna aya anu khusus kana budaya ogé kana sagala rupa anu aya hubunganna dina raraga ngaronjatkeun kahirupan di Kota. Salila ieu, pamaréntah geus méré aprésiasi kana hadirna paguyuban-paguyuban sanajan can bisa méré fasilitas anu cukup ka éta paguyuban-paguyuban.

Dina taun 2005, pamaréntah Kota Sukabumi geus bisa ngayakeun acara anu kacida alus, Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi ngayakeun " Pelatihan dan Pendidikan Basa Sunda." Hiji hal anu sakuduna dilakukeun ku pamaréntah. Kacida leuwih alus, lamun acara-acara saperti kitu dilakonan unggal taun ku pamaréntah.

Tug nepi ka ayeuna, pamaréntah Kota Sukabumi can bisa ngaluarkeun Peraturan Daerah anu fokus ngatur tumuwuhna budaya Sunda di Kota Sukabumi. Ieu jadi pancén atawa PR pamaréntah ka hareup.[ ]

KANG WARSA | RIJAN
Dikirim Melalui Blackberry
















Posting Komentar untuk "ANALISA: NGARAWAT BUDAYA"