PANGALAMAN JADI GURU

Ti taun 1999 mimiti jadi guru teh. Lain guru sabenerna mah, guguruan. Da asa can pantes disebut guru, umur oge karek 19 taun, rek disebut ABG gae rek disebut nonoman oge boleh, asal ulah disebut hanoman bae.

Ngajar teh di Sakola agama, sok disebut Madrosah di lembur mah, padahal hartina eta-eta keneh. Mimitina mah dipegat ku Pa Muallim saba'da sholat Lohor. " Panglebetankeun kelas opat." Kitu ceuk Pa Muallim ka kuring harita. Puguh reuwas, harita teh teu dicalana-calana acan, masih didadamping. Nyaeta, ari teu nurut ka Pa Muallim sieun kumaha onam, nya bari rungkag-rengkog oge kuring blus asup ka kelas opat. Atuh, barudak oge reuwaseun, nenjo aya juragan guru anyar.

Wegah disebut guru teh, da pangaweruh can nepi kana "puncakna" (Heuheu). Kapaksa pisan mah henteu, maksakeun bae nu jelas mah, kudu sabisa-bisa jadi bisa, kumaha cara nyampekeun materi ajar ka barudak, kumaha cara ngambek anu alus lamun aya budak bandel, jeung kumaha carana nyenangkeun barudak sangkan betah diajar. Aya alusna, naon pangna Pa Muallim nitah kuring? Meureun, kieu-kieu oge kuring teh henteu bolostrong teuing kana elmu agama. Atuh da bener, ieu mah lain agul ku payung butut, dina umur SMP ampir we kuring apal cangkem kitab Alfiyah, anu jumlahna 1.000 bait, kumaha ayeuna? Loba anu paroho deui ayeuna mah.

Kalaman ku sorangan, mimiti jadi guru mah asa lieur, nenjo jumlah murid kana 40 urangna. Dina 40 urang teh ngan 5 urang anu katenjo bageur, sesana? Wah, geus henteu kudu disebut. Teu nanaon sich, da barudak narongtot leho keneh ari kitu tea mah, keur mareujeuhna kumincir.

Asalna mah, tarekah keur ngajemplingkeun kelas teh ku cara ngambek jeung galak. Ngan waktu ngeunteung kana kaca di imah, bari pepeta , poporongos, jeung ngambek, sing horeng goreng kacida, beungeut kasep (heuheu) oge jadi cakueum. Nya, tungtungna ganti deui strategi, geuning tarekah supaya kelas jempling mah lain nanaon, tapi nitah barudak sina baralik (heuheu), lain ketah lain kitu. Tarekah supaya di kelas jempling mah, urangna bae anu cicing baru ngurilingkeun panenjo, teuteup barudak hiji-hiji.

Sataun jadi guru di Madrosah jadi nambah luang jeung pangalaman. Atuh dina taun 2.000, ku anu jadi Aki (Aki Abad) dititah ngajar di SD Balandongan. Cenah, nyaah pangarti, " Da maneh mah pinter, sagala nyaho, baheula oge lamun keur lalajo lomba tak tik boom sok bisa ngajawab bae." Nya, dijeujeuhkeun bae ku anu jadi aki ngaguruan di SD Balandongan. Ngajar Bahasa Inggris sakapeung mah sok ngajar agama jeung ngeusi ngajar lamun guru nitipkeun ka kuring.

Tara merhatikeun gajih honor, gedena 450 rebu. Nu jelas, dipake ngabubur kacang hejo unggal poe oge ludes. Tapi aya hiji kanikmatan anu teu bisa disumput salindungkeun. Kadang dina diri kuring mah nepi ka ayeuna oge, asa henteu pati perlu ngajar barudak kudu nanagih ka nagara sangkan dibayar, naon sabab? Nagarana we anu kudu ngarti sorangan, teu kudu didemo atawa dipepenta bae. Hahaha

Salian ngajar di SD jeung Madrosah, teu saeutik kolot anu menta sangkan kuring bisa nga-les budakna. Nya ceuk kuring teh, ngumpul we tiap sore di imah kuring. Eta mah tiap sore nepi ka maghrib, barudak napuk ngaradon les, ngadarapang dina lante.

" Atuh sakantenan bae sareng ngaosna, Pa!" Ceuk hiji kolot.

" DI masjid bae atuh, alihkeun ngaos sakantenan sareng lesna."

Kuring menta ijin ka DKM, nya diijinan da keur kaalusan meureun.

Kuring ngajar ngaji barudak, SD, SMP, oge SMA. Aya kana 35 urangna, masjid jame haneuteun. Nepi ka Isya, ba'da Isya diteruskeun kana ngajar Les: barudak, anu asalna teu mikaresep kana Matematika jeung Fisika oge jadi raresepeun, da ku kuring dibere rumus-rumus rahasiah (heuheu), cara jitu keur ngelehkeun soal-soal anu beurat. Bener, ku cara rineh jeung komunikatif mah, barudak dina nampa pangajaran teh gampang nyerep.

Tug nepi ka ayeuna, kuring jadi guru. Ngaranna oge jalma, kadang sumanget dina ngajar teh kadang bad-mood. Komo nalika aya anu disebut kurikulum 2013, geus kauji ku pikir oge, kurikulum anu bakal nyangsarakeun sakola jeung barudak. Aya anu ngaaluskeun asalna mah kana eta kurtilas, nya uusuman tea, ngan waktu dibere conto: gelas leutik moal enya arek dieusian ku batu sagede anak munding, peupeus anu aya. Can waktuna, barudak di urang mah kiih oge can lalempeng..

Kitu tah pangalaman kuring salaku ngajar jeung jadi guru (honorer) heuheu... Pasti sarua lah jeung pangalaman para bapa sareng ibu guru anu sanesna...

KANG WARSA

1 komentar untuk "PANGALAMAN JADI GURU"

Sila kirim tanggapan atau saran...