Ngawanohkeun Internét Ka Pamilon Atikan



Internét geus jadi pangabutuh jalma di jaman ayeuna. Nurutkeun hasil survey, kurang leuwih kana 70 juta jalma anu aya di Indonésia geus kahubungkeun ku internét. Kusabab geus jadi pangabutuh dina kahirupan, henteu béda jauh jeung pangabutuh séjénnna anu disebut ‘basic need’, jalma-jalma henteu bisa dipisahkeun jeung internét dina kahirupanna.

Iraha mimitina internét sumebar ka sakuliah dunya? Data statistik pang anyarna nyebutkeun, di Indonesia baé, internét mimiti dipikawanoh ku masarakat dina taun 1998. Hartina, geus kana 17 taun internét dipikawanoh ku urang Indonesia. Sok sanajan masih loba urang Indonesia anu can apal kana ieu internét.

Dina taun 2004, kawijakan pamaréntah dina dunya pangajaran jeung atikan mertélakeun, sakola-sakola anu aya di Indonesia geus sakuduna méré widang atikan dina pasoalan internét ka para pamilon atikan. Diayakeunna mata ajaran Téknologi, Informasi, jeung Komunikasi mangrupa salah sahiji tarékah pamaréntah dina ngawanohkeun internét ka para pamilon atikan.

Naon pentingna tiap sakola kudu ngawanohkeun internét ka para pamilon atikan? Dina budaya Sunda aya hiji paribasa; “ Urang Sunda kudu miindung ka waktu jeung mibapa ka jaman.” Pihartieunna, jaman anu beuki maju dina widang téknologi henteu bisa disinglar ku urang, henteu bisa dijauhan, tapi kudu diigelan. Kamajuan jaman lamun teu diimbangan ku pangaweruh, tangtu bakal matak jadi mamala. Dina élmu sosial mah aya anu disebut ‘cultural shock’, hiji kaayaan anyar nalika jalma-jalma ngarasa kagét ku ayana barang jeung produk téknologi atawa ku ayana hal-hal anyar.

Hal séjénna, kamajuan jaman kudu saimbang jeung beuki mundelna pangarti ti para pamilon atikan. Di sababaraha nagara maju, sakola-sakola geus ngaintegrasikeun pangajaran kana dunia maya. Para pamilon atikan anu katinggaleun dina sababaraha widang pangajaran teu kudu bingung deui mikiran cara keur ngudag para pamilon atikan séjén, da sakola geus nyiapkeun ‘perangkat pembelajaran’ dina situs-situs sakola.

Nagara urang mémang rada telat dina nyadiakeun sistem pendidikan online, nyiapkeun buku-buku digital dina internét anu bisa didownload ku para pamilon atikan. Ieu henteu leupas tina telatna pamaréntah ngawanohkeun internét ka masarakat utamana di sakola-sakola.

Éta sababaraha hal penting jeung mangfaat internét dina méré pangaruh kana kahirupan urang. Ti sagigireun éta, henteu saeutik hal goréng pangaruh internét dina ieu kahirupan, di antarana;

Beuki mahabuna hubungan virtual kalawan lobana media sosial geus mawa barudak kana sikep anti sosial. Jalma geus sibuk uprak-oprék HP bari poho kana kajadian-kajadian anu keur lumangsung di kampungna sorangan;
Beuki mahabu jeung gampangna masarakat ningali hal-hal anu sakuduna teu diténjo, umpamana pornografi jeung porno aksi bisa diaksés kalawan gampang. Tangtu hal ieu mawa kana beuki bejadna moral ‘generasi muda’ di ieu nagara.
Budaya deungeun beuki gampang asup jeung mangaruhan ka barudak. Antukna barudak geus loba anu mopohokeun kana budaya sorangan, jati ka silih ku junti lain saukur tina paribasa. Mémang, anu ngaranna budaya geus tangtu bakal ngalaman anu disebut akulturasi, tapi nalika budaya batur anu leuwih dominan ieu disebutna infiltrasi jeung hégémoni anu bakal ngarobah kana budaya urang sorangan.

Cindekna, internét mangrupa hal anu penting salila diwanohkeun kalawan bener jeung henteu mopohokeun kana purwadaksi urang salaku ‘Bangsa Timur’ anu boga étika jeung budaya linuhung.

Kang Warsa

Posting Komentar untuk "Ngawanohkeun Internét Ka Pamilon Atikan"