NGAJI JEUNG NYAKOLA

Ceuk anu jadi aki pituin, urang kudu miindung ka waktu jeung mibapa ka jaman. Cindekna mah, naon anu katenjo ayeuna; arek kamajuan widang pangaweruh oge widang teknologi kudu diimbangan ku pangabisa jeung "kapasitas" urang salaku manusa. Mangsa pabubudak, nalika keur ngaji di Muallim Zakaria (alm), suwargi sering pisan peupeujeuh: urang kudu ngahormat tradisi bari tong ngamusuhan hal-hal kamoderenan.


Tradisi, mangrupa niley-niley anu diwariskeun ku karuhun urang - nepi ka taun 90-an - masih dicekel pageuh ku ampir masarakat. Lain nanaon, sabab daya dukung kamoderenan keur ngaganti niley heubeul ku anu anyar can manggihan bentuk anu pasti. Katenjo kumaha sumanget tradisi masih dicekel pageuh nepi ka taun 90-an teh aya dina konsep "pamali", adab-adaban, jeung pola hirup.

Ku Karl Marx geus dijentrekeun, tradisi jeung niley-nileyna lahir dina hiji masarakat anu masih percaya lamun kahirupan dikandali ku kakuatan gaib. Nalika kahirupan geus dikandali ku muterna duit, transaksi jeung hubungan antara kaum kapital jeung pagawe, anu bakal nanjeur nyaeta niley-niley pragmatis, kadieunakeun mah hedonisme. Tumuwuhna tradisi, saimbang jeung nanclebna niley-niley kayakinan masarakat kana agama, nalika relijusitas nanjeur, di dinya keneh tradisi bakal tumuwuh kalawan kuat. Oge bisa sabalikna, agama anu dipangaruhan ku tradisi, kusabab niley anu aya dina tradisi jeung agama henteu patukang-tonggong, substansi ajaran adab jeung moralna saluyu.

Conto leutik, asa aneh kasebutna keur barudak di pilemburan lamun wanci sareupna masih ngulampreng di jalan. Wanci sareupna barudak harita geus araya di masigit, reang sholawatan, maca barjanzi, terus ngaji elmu-elmu agama nepi ka isya. Lamun aya budak anu teu ngaji, lain budakna wungkul anu era, oge anu jadi kolot sok pipilueun era. Anu jadi kolot barudak oge surti, nalika nenjo barudak masih ngulampreng, arulin dina wanci sareupna, cukup ku ngomong, bisi aya sandekala! Barudak langsung riab arindit ka masigit atawa ngaji diwurukan ku indung bapana di imah sewang-sewangan.

Jadi sabiwir hiji lamun aya budak anu teu ngaji, pada ngomongkeun, malah teu saeutik kaluar ucapan-ucapan rasis, kawas encek tara ngaji. Jadi rusiah umum dina mangsa harita di pilemburan nibankeun hal-hal anu patukang tonggong jeung susila atawa adab ka urang Cina, kawas Encek! Nya, keur hukuman sosial meureun, kari-kari stigma Etnis Cina di jaman Orde Baru mah sok rada goreng, balukar tina politisasi kahirupan. Pokona kumaha cara jeung tarekah kolot sangkan budakna daek ngaji.

Geus puguh lamun aya budak anu teu apal kana alif bingkeng-bingkeng acan mah, disebut Bedewi oge bisa. Katenjo kumaha efektifna kolot harita mere tindekan preventif ka barudak. Local Wisdom anu ayeuna meujeuhna diadurenyomkeun ku kaum elit teh geuningan ti baheula geus puguh bisa dipraktekkeun dina kahirupan, nalika tradisi teu dijadikeun musuh.

Sababaraha bulan ka tukang, kuring maca hiji jurnal IPTEK anu diserat ku Adrian Wooldridge, kumpulan jurnalna dibukukeun dina buku The Future Perfect, mertelakeun kamajuan jaman sabenerna lain saukur mindahkeun manusa ti hiji tempat ka tempat sejen, oge geus mindahkeun paradigma masarakat dina pola pikir konvensional kana pola pikir sing sarua gancang. Hal ieu ngabalukarkeun kondisi dilema, laun teuing bakal kalindes ku anu sejen, gancang teuing bakal kaleungitan tanaga, nya antukna mah kalindes-lindes keneh ku anu muru urang di tukang. Geus henteu madulikeun deui niley tradisi ngeunaan pahala, anu diudag nyaeta nominal-nominal jeung angka-angka, inflasi, deflasi, kamajuan jeung tumuwuhna ekonomi, angka harepan hirup, jeung indeks pangwangunan manusa dina sisi jasmani.

Keur ngudag hal eta, sangkan jadi jalma sukses urang teu kudu deukeut jeung bisa maca Kitab Suci. Hiji kanyataan hirup anu paradoks sabenerna, dina sisi beulah katuhu urang boga pamadegan ngeunaan aturan hirup anu sajati, da urang bakal mulang ka asal. Dina sisi beulah kiwa, urang boga pamadegan angka harepan hirup ngan bisa dihasilkeun lamun kasejahteraan hirup geus ningkat. Tapi dina akhirna mah da euweuh manusa anu umurna nepi ka 100 taun pan? Tungtungna mah maot-maot keneh. Sakumaha beunghar jeung sejahterana hirup manusa di hiji nagara, angka harepan hirup anu disebut alus teh rata-rata antara 80-86 taun.

Ngaji jeung diajar pangaweruh agama sifatna edukatif lain vokasional. Kusabab edukatif anu dipiharep bisa jadi grand desain jeung ngabentuk karakter hiji jalma dina mangsa anu lila, lain sataun dua taun. Sarua jeung pendidikan di urang, paradigma kolot di urang karek nepi ka ngaragap kana sisi vokasional, barudak disakolakeun kusabab aya tujuan, lamun rengse sakola kudu gawe ka kantor, kudu jadi pejabat, kudu jadi pagawe. Antukna dina jadi pagawena oge, kusabab dina dirina teu diwangun hiji grand design kaelmuan, dina digawena oge loba patumpang tindih, malah teu apal naon anu kudu dipigawe.

Sarua jeung ngaji. Henteu jadi jaminan kusabab budak apal kitab Alfiyah, Tijan, Tafsir, jrrd bisa jadi ustadz. Jeung tujuan mondok di pasantren oge lain sangkan budak jadi kyai. Tapi aya udagan jangka panjang, sangkan budak boga bekel keur hirup 20 atawa 30 taun ka hareup.

Ngaji jeung sakola mangrupa dua hal antara tradisi jeung kamoderenan anu kudu ngahiji. Dina tataran konsep mah kabeh oge geus apal A teh A, B teh B, ngan dina tataran praktis tingkat akurasi A jeung A sok rada beda. Memang moal aya anu ideal dina hirup mah, sakumaha idealisna Plato, nalika tunduh mah teuteup bae manehna sare. (*)

KANG WARSA

Posting Komentar untuk "NGAJI JEUNG NYAKOLA"